Misteri Lembur Cipeuting

0 0 0
                                    

Geus reyem-reyem basa amitan ka nu boga imah téh. Si Among mah katémbong betaheun kénéh, da basa diajak balik mani kalékéd naker. Kitu deui nu dianjangan, Nyi Isah, bangun nu sungkan ditinggalkeun. Basana téh mending mondok waé, melang balik peuting mah, mangkaning ka Bandung téh jauh. Ari kuring, da dina kayidna gé daék nganteur sotéh mun henteu nepi ka meuting.

“Kagok sareupna mah, mending engké ngadagoan isa,” cék Si Among, sabot Nyi Isah asup ka patengahan. Ngomongna satengah ngaharéwos.

“Silaing betah sotéh, da ngadekeman nu donto. Aing mah ngahodhod deuleu, na teu karasa hawa sakieu tiisna?”

“Kalem wé da maké mobil, nu nyupiranana déwék, silaing mah moal capé.”

“Henteu capé mah, ngan cangkeulna kabina-bina. Ti tengah poé mendeko sila…”

“Lah, da teu unggal poé ieuh…”

Jempling sakedapan.

“Kang, Kang Among…” kadéngé nu gegeroan ti patengahan, kahalangan ku bilik. Si Among ngarérét, terus nyéréngéh teu uyahan. Kuniang cengkat.

“Dikantun heula…” pokna.

Disangka rék sakeudeung, na ari pleng téh teu embol-embol. Dipapantes téh tuluy ngaharékok di enggon. Rék digeroan sieun matak gareuwah. Tungtungna mah ngahuleng sorangan. Kop kana udud. Ngadon ngalamun wéh.

Mangkeluk Among, ku teu euih-euih, kitu cék haté. Basa kamari manéhna ngajak, dadakuna mah cenah urusan dines, urusan kulawarga. Na ari nepi ka nu dituju, horéng nepungan awéwé. Barang jol gé saenyana mah geus mentegeg, hadéna bisa meper kakeuheul. Éta nu pikasebeleun mah, basa amitan ka pamajikanana, bébéjana téh “aya tugas ka luar kota”.

Kakara nyaho bieu, cenah nu ditepungan téh popotonganana baheula. Ayeuna geus jadi randa.

***

Bari balik, mapay jalan nu geus mimiti poék, Si Among teu eureun digelendeng.

“Cik atuh ari tempat hara-haraeun mah montong diasruk teuing, enya gé di dieu aya randa. Asa katipu aing mah!”

Nu diajak ngomong mah kalah sarangah-séréngéh.

“Nya éta, mun jujur ti kamari mah meureun silaing moal tulus milu. Ngan omat wé sing bisa nyekel rusiah.”

“Wah, rék dibéjakeun! Urusan liwar mah ulah dibuni-buni!”

“Geulis kénéh, pan?”

“Nyao, déwék mah teu nelek-nelek. Cangkeul wé nu puguh mah, bujur asa dipaku da silaing ngadon ngaharékok di enggon!”

“Cék saha di enggon?” manéhna muncereng.

“Geuning mani pleng-les, déwék gé nepi ka béak udud lima batang. Caritana wé sakedap.”

“Ngupahan heula tadi téh. Nyi Isah embung ditinggalkeun…”

“Embung ditinggalkeun atawa silaing nu embung balik?”

“Geus, geus, teu hadé paséa peuting-peuting. Lain euy, jalan téh mani suni kieu, poék meredong. Asa teu katémbong réa mobil, ukur hiji-hijieun nu ngaliwat téh…”

“Lembur nanahaon nu tadi téh ngaranna?”

“Lembur Citamiang… kituna mah lembur nyungseb, jauh ti kota…”

Enya wé, basa disidik-sidik, sapanjang nu kaliwatan téh tatangkalan nu jarangkung. Mobil teu bisa gancang da jalanna goréng. Si Among nyupiranana bari ngelepus udud.

“Silaing teu karunya ka pamajikan?”

“Hih, puguh wé karunya mah!”

“Déwék mah ukur ngélingan, euy, pédah wé ka babaturan. Geus lah, tong ditepungan deui, kajaba mun silaing boga niat nyandung. Tapi déwék yakin Si Néni moal ngidinan. Bakal milih ditalak batan dicandung mah!”

Carpon SundaWhere stories live. Discover now