Imah Kosong

0 0 0
                                    

Ceuli rancung-rancung ngadedengekeun. Teu nyalahan, datangna ti dapur Bu Haji Yayah. Sora cungkring beusi dikuntrang-kontreng kana katel, bangun keur aya nu gogorerengan atawa nu malik-malikkeun kaolahan dina jero katel. Teu nyalahan, sakali deui dicoba ceuli direbing-rebingkeun. Bener, bangun keur aya kagiatan masak di dapur.

Naha saha nu keur aya di dapur imah nu wangunanna ngarendeng pisan jeung dapur kuring? Sakanyaho, tadi beurang kuring tepung jeung Bu Yayah di tepas hareup imahna. Keur ngonci imah. Pakeanna geus rapih. Make gamis hejo pucuk cau, ditiung pulas sarua tapi kekembangan bodas laleutik. Rek meuting di Cililin cenah. Di anak lalakina nu ngan hiji-hijina.

Kaharti ku kituna mah, saprak ditinggalkeun maot ku Pa Haji Misbah, tangtu ngarasa keueung sosoranganan di imah nu sakitu ublug-ablagna. Mangka leuwih ti sataun kituna teh. Sakali-kali aya nu maturan, incu lalakina. Tapi tara lila, ukur sapeuting dua peuting, malum masih jajaka, rada sanggeukeun meuting di imah nu aya pasisian.

"Keur naon ngotok ngowo di dapur jam sakieu, Nyaiiii...!"

Kuring ngaranjug. Reuwas kacida. Kang Ano ngajengjen dina lawang.

"Eu...dieu geura, Kang!" kuring mere kodeu bari ngangkatkeun curuk jeung jempol, nitah salaki ngadeukeutan. "Tah dangukeun coba ku Akang, bisi we abi nu salah dedengean!"

Teu loba komentar, salaki nurutan. Milu neueulkeun ceuli kana bata. Nu kusrang-kosreng atra kadenge. Sorana teu jauh siga nu tadi.

"Piraku Bu Haji Yayah pirajeuneun masak wayah kieu?" tarang salaki kerung bari neuteup kuring. "Atawa meureun keur aya anak-anak terena ti Jakarta sugan, matak jadi paciweuh peuting-peuting kieu!"

"Mun anak-anak terena aya kadieu, meureun ti tatadi ge kadenge sora mobilna, atawa gujrud ngawarangkong!"

"Meureun ngawangkongna dina jero hate," ceuk salaki ditungtungan ku ngaheheh. "Geus lah, mikiran teuing nu masak tengah peuting, mending urang ka enggon deui!"

"Tapi, Kang..."

"Meunggeus!" Salaki ngabetot leungeun kuring sangkan nuturkeun.

Isukna tabuh salapan tepung jeung Bu Haji Yayah.

"Janten Bu Haji teh ngawengi di Cililin?" kuring nyelok.

"Enya!"

"Ari wengi di bumi Bu Haji aya jalmi?" kuring nyelok deui.

Bu Haji geuwat gideug. "Jalma saha atuh, Nyi...pan nyorangan." Kuring molohok.

"Ari kitu kumaha?" Bu Haji malik mencrong ka kuring.

"Eu...henteu!" Kuring nyalenggorkeun wangkongan. "Ari putra-putra almarhum Pa Haji Misbah asa tos lami teu kadieu nya?"

"Nyeta..." Bu Haji kalah carinakdak, geuwat we kuring ngasongkeun citeh manis nu ngahaja disuguhkeun. Jadi asa dosa geus ngabalukarkeun Bu Haji sedih. Ku kituna mah karunya. Tiheula waktu salakina jumeneng keneh, anak-anak terena nu ngaranjrek di Jakarta, sok remen ngalongokan. Rebo ku babawaan, boh pake boh kadaharan, malah duitna ngeupeulan.

Tapi ti saprak Pa Haji teu aya mah, langka daratang. Ti harita Bu Haji sok huleng jentul sorangan di tepas. Pikeun ngusir kasimpe, sok ngajak tatanggana maturan ari peuting. Tapi tatanggana langka nu daraekeun. Pedah mindeng ngadenge beja remen nempo nu pikakeueungeun di imah Bu Haji, babakuna mah mun nu boga imah miang ka Cililin, ka imah anak lalaki hiji-hijina.

Sanggeus Bu Haji ngaleos, kuring jadi mikiran caritaan batur. Ngeunaan imah eta nu geus ditatawarkeun ka balarea, samalah dimumurah. Bu Haji ngararancang pindah ka Cililin, dumuk di imah anakna. Pangpangna mah hayang diriung ku anak-minantu, incu, jeung dulur-dulurna. Di dieu mah lieuk deungeun lieuk lain.

Carpon SundaWo Geschichten leben. Entdecke jetzt