Nu Marakayangan

0 0 0
                                    

Upama disebut campaka reuma teh henteu mencog tina kanyataan. Memang pikeun mojang nu aya di sadesana nu pernahna di lamping gunung mah, Lilis pangmencrangna. Moal aya nu nyangka pikeun nu tacan wanoh mah yen Lilis teh mojang ti pasisian, tuda ti dangdanan tepi ka paripolah geus bleg mojang kota. Teu arek kitu kumaha, kapan Lilis mah kuliah, ayeuna geus semester opat di fakultas pertanian.

"Lis, geus aya di mana?" tanya Selfina sobatna tina hape.

"Keur dangdan keneh puguhan," walon Lilis bari tetep diwedak.

"Beu, geus aya di mana?" sora ti beh ditu beuki tarik.

"Beres Fina. Ayeuna langsung indit."

Geus pamitan ka indungna mah, tuluy muru pangkalan ojeg. Ngahaja teu make motor, ambeh isukan balikna dianteurkeun ku Panji, lanceukna Selfina. Turun tina ojeg, jalan gede teh karasa jempling, Lilis tacan nyaho mun jambatan Cihaur tadi peuting ambruk alatan kaleled banjir, jadi teu bisa diliwatan ku kandaraan.

Da jeung enyana, meh ampir sajam Lilis ngajanteng sisi jalan megat Elf, taya kandaraan angkutan umum nu liwat. Ahirna ngarasa kesel, bari panon mah manco tepi ka jauhna, ngarepkeun sugan jeung sugan aya angkutan umum ngaliwat. Lilis jadi rada tagiwur hatena, barang neuteup langit jadi ngadadak ceudeum. Bisa-bisa kapegat hujan ieu mah, ceuk pikirna.

Keur kitu, beh ditu bet kurunyung nyuruwuk mobil, ngadeukeutan Lilis. Jajaka ganteng someah naker. Langsung paadu teuteup.

"Bade ka mana? Kersa sareng?" jajaka teh nawarkeun jasa, imutna ngagantel.

"Bade ka rerencangan, nuju megat angkutan," Lilis ngawalon rada gugup.

"Har ari Eneng, naha teu uninga, sadaya mobil umum jalanna dipengkolkeun, moal aya nu ngalangkung ka dieu. Kapan jambatan ambruk. Mangga mending ngiring sareng abdi. Hayu urang jajapkeun dugi ka nu dituju!"

"Hatur nuhun...eu...eu...mangga bae teraskeun...!"

"Hayu Eneng, katimbang ngosong, abdi nyorangan. Kersa?" angger jeung imutna.

Lilis teu ngawalon, kalah neuteup beungeut, jajaka males imut.

"Ah...bilih janten ngarepotkeun..."

"Henteu atuh Neng. Abdi ikhlas. Abdi sanes jalmi jahat. Sae, hartosna Eneng teh waspada. Hayu Neng...!" ajak jajaka, kituna teh bari mukakeun panto mobil.

"Hatur nuhun..." Lilis ngawalon jiga tandes, padahal hate mah merean pisan.

"Upami Eneng cangcaya, mangga ieu konci mobil, sok Eneng nu nyetir. Tiasa nyetir kan? Mangga ieu konci tampi."

Lilis unggeuk, ngadadak leah, bet daek narima konci. Geuning pitulung mah teu disangka timana datangna. Bet aya jajaka mani bageur-bageur teuing, jaba kasep deuih. Ehem...! Rasa bungah ujug-ujug karasa ngarungkup manah, eukeur mah eukeur, Lilis teh keur meumeujeuhna resep nyetir, Panji nu ngajar nyetirna tepi ka lancarna, malah geus wani ka nu jauh sagala. Turug-turug ayeuna aya jajaka nu bageur kacida, jaba sagala rupana leuwih ti Panji. Beuki mekar hate Lilis.

Cetrek mobil distater, meh teu kadenge sora mesinna. Oper gigi lalaunan, nincak gas. Geuleuyeung maju. Beu, mani ngeunaheun kacida. Saliwatan Lilis bisa nebak, yen mobil nu disetir teh lain mobil murahan.

Jajaka neuteup seukeut nu nyetir bari teu weleh ngagaris imutna.

"Hebat lah...!" ceuk jajaka bari gogodeg.

"Naonna nu hebat?" tanya Lilis bari ngareret ka nu nanya.

"Nyetirna tos tapis pisan..."

Lilis semu nyikikik, hatena beuki bungah kacida. Ret deui ka jajaka, paadu teuteup, aya nu nyulusup kana sawangan, endah kokolebatan, nyieuhkeun sangkaan goreng. Lilis jadi yakin, yen jajaka nu boga mobil teh lain jalma jahat. Nu mimiti sanggup ngagoda hatena, Panji, mimiti dibanding-banding. Jauh! Tangtu meunang keneh nu boga ieu mobil.

Carpon SundaМесто, где живут истории. Откройте их для себя