Aya Jurig Sisi Balong

1 0 0
                                    

Jero dua taun kuring masantren, ngan harita kungsi kajadian ribut nu pohara mah. Demi nu jadi riributan, taya lian lantaran heureuy Si Usup jeung Si Umar. Disebut heureuy da ieu mah, deukeut-deukeut kana "nguji" Si Usup jeung Si Umar téh ka Mang Udin, "asistén" Ajengan anu pohara galakna.

Moal poho, kakara tanggal lima bulan Puasa harita téh. Nu matak moal poho téh da kuring ogé kakara datang (deui) ti lembur. Ngadon puasa opat poé di lembur, kalima poéna balik deui ka pasantrén

Kungsi ku kuring dicaritakeun, yén ari bulan puasa mah Ajengan sok ngawurukna téh bada lohor. Poé éta Ajengan henteu ngawuruk ngaji saperti biasa. Tapi ngadongéng perkara agungna bulan Puasa. "Ari bulan Puasa éta rajana bulan; Assiyamu sayyidul asyhar," saurna. Ku agung-agungna, nepi ka Allah Ta'ala nyangkalak sakabéh sétan sangkan henteu liar di alam dunya. Mangka di mana takbir Lebaran keur ramé diucapkeun ku kaom muslimin, kakara éta sétan-sétan téh dileupaskeun deui ku Allah Ta'ala. Dina bulan Puasa téh malaikat-malaikat ngahormat ku jalan nyambuangkeun wawangén di alam kubur. Kabeh siksa kubur dibebaskeun...

Ari Ajengan keur sasauran kitu Si Usup keur heureuy jeung Si Umar. Duka heureuy naon, da kuring mah di juru diuk téh. Nyarandé ngarah bari nundutan.

Na atuh ari gantawang téh Si Usup jeung Si Umar dicarékan laklak dasar. Lain ..., lain ku Ajengan. Ku Mang Udin nu kabeneran nangénan. Nepi ka Ajengan ku anjeun reuwas ngadangu Mang Udin nyentak kitu téh. Tah, barang geus kitu mah, Ajengan ogé jadi méngkol sasauranana téh kana perkara nyarékan éta dua budak téa.

Ku kuring ogé di kobong dinaha-naha Si Umar téh. Ari pokna, "Da demi Allah, ana mah henteu heureuy. Si Usup noél, mimitina mah nuduhkeun Mang Udin nu keur nundutan. Kabeneran, barang Si Usup seuri, barang Mang Udin beunta. Éta mah Mang Udinna nu pupujieun. Padahal manéhna anu nundutan."

Duka, kuring gé teu terang kumaha babadamian Si Usup jeung Si Umar dina rék "males nyerina" mah. Katémbong ari keur pating kucewesna mah.

Soréna basa kuring keur ngabuburit ka deukeut sawah, katémbong Si Umar hareupeun imah Nyi Juariah. Nyi Juariah nolol tina jandéla. Si Umar teuing keur nyaritakeun naon, da leungeunna pepeta. Nyi Juariah katémbong gigideug. Kuring panasaran api-api rék balik ngadeukeutan nu keur ngobrol. Handeueul, da kakara gé kuring tepi ka pipirna, Si Umar geus anggeus mantén ngobrolna. Ngan kungsi kadéngé omongan Nyi Juariah nu panungtungan," ...tapi awas lamun kotor, jeung bada tadarus kudu dipulangkeun deui," cenah.

Basa keur buka, taya kajadian nanaon. Tapi Mang Udin tetep goréng budi ka nu duaan. Atuh Si Usup jeung Si Umar gé henteu seuseurian kawas biasana ari keur buka téh deuih.

Bada tarawéh kuring buru-buru balik ka kobong. Henteu milu tadarus, inget kana kolek sampeu beunang Si Atok. Batur tarawéh, Si Atok mah ngolek sampeu di kobong.

Basa kolek geus rék béak, kadéngé barudak tinggerendeng baralik tadarus. Atuh raribut ménta kolek.

Tah keur kitu -keur ribut dahar kolek- na atuh ari gorowok téh aya nu ngagorowok. Tétéla aya nu gogorowokan. Kadénge aya nu lumpat di buruan, geus kitu gebrug aya nu ngagebrug neumbrag panto. Bru... Mang Udin nangkuban, ngahégak. Allahi robbi. Kapan biasana santri-santri mah, ari salat tara maké calana da bisi kotor. Kitu deui mun ka tajug maké sarung téh tara maké calana deui dijerona. Kitu deui Mang Udin harita ogé. Teu make calana. Bakat ku reuwas lumpat, sarungna morosot ..... teuing ragrag di mana. Atuh basa nangkuban téh ngan maké baju kamprét wungkul. Hadena labuhna nangkuban, jadi henteu orat pisan.

Sanggeus pada nginuman, Mang Udin éling deui. Pokna, "Ana keur leumpang sorangan, lebah handapeun tangkal kelewih sisi balong aya nu ngabelegbeg bodas. Tétéla jurig...jurig.... tétéla pisan...," pokna.

Umumna ari santri mah sok borangan. Da harita ogé barang tamat Mang Udin nyarita, santri-santri téh tingraréngkol disarimbut. Malah loba nu teu wani saré sorangan dina tempatna. Milu jeung baturna kajeun pasedek-sedek. Kuring gé, mun teu inget ka Si Atok keur budug mah, kana nangkod ka Si Atok saré téh.

Geus sarimpé kadéngé Si Usup jeung Si Umar daratang. Si Umar pindah saréna ogé ka tempat Si Usup (teu jauh ti tempat kuring). Kuring gé curiga, barang ngadéngé éta dua umat tingcikikik saleuseurian téh.

Aya kabeneran. Isukna, kuring keur aya di dapur bumi Ajengan, katénjo aya Si Umar jeung Si Usup ngadeuheus ka Ajengan. Kadéngé Si Umar nyarita, yén peuting tadi manéhna tas nyingsieunan Mang Udin maké mukena Nyi Juariah. Panjang nyaritana da maké nyutat kasauran Ajengan sagala rupa, perkara sakabéh sétan jeung jurig dicangkalak téa dina bulan Puasa mah. Kadéngé Ajengan nyakakak gumujeng.

Barang keur ngaji, Mang Udin bébéja, yén aya jurig...

Na atuh ari gantawang téh Mang Udin dicarékan, "Udin ...! anta téh murid ana nu pangkolotna. Naha anta teu percaya, yén dina bulan Puasa mah moal aya jurig..."

Panjang nyeuseulanana Ajengan téh, malah maké mawa kana ajian sagala rupa.

Lamun Mang Udin keur euweuh, soal lulucon éta téh sok jadi bahan éak-éakan. Ku Si Atok saterusna Mang Udin téh dilandi "Jurig Teu Dicalana". Teu galak teuing harita mah éta murid kadeuheus Ajengan téh.(*)

#Rahmatullah Ading Afandi (RAF)

Carpon SundaWhere stories live. Discover now