Nyusud Kalangkang Katumbiri

0 0 0
                                    

Rék nanya, nanya ka saha? Biheung aya nu nyahoeun kawantu Komplék Margahayu téh sakitu legana, kaduhung teu ménta nomer telepon Léni.
Geus leuwih ti sabulan migawé imah Bu Lilis téh. Moal lila deui gé anggeus. Pira ogé nyieun wangunan tipe 36. Daék sotéh duméh waé di komplék éta, susuganan bisa panggih jeung Yanti, cinta munggaran kuring nu dikawin ku babaturan kuliahna. Cenah ceuk Léni mah nganjrekna téh di Margahayu. Ngan cenah kaayaan rumah tanggana téh keur kacrut alatan salakina kaperego salingkuh.

Saban isuk sepor ngurilingan komplék, bari miharep susuganan bisa tepung. Teu burung kabiruyungan, basa keur ngopi di warung deukeut péngkolan, saliwat nempo manéhna numpak motor métik beureum. Nanyakeun ka bibi warung ngadon gideug.

"Teu terang urang blok mana-manana mah. Mung da unggal énjing ogé sok ngalangkung ka dieu!" ceuk Si Bibi bari mikeun duit pamulangan.

Isuk kénéh geus cicing di warung, bari tuluy nempoan ka jalan bisi kapoosan. Teu lila katempo manéhna lebah péngkolan, sanggeus ngaliwat geuwat dituturkeun nepi ka pasar Kiaracondong. Sanggeus markirkeun motorna manéhna muru ka elos sayuran. Kuring markirkeun motor gigireun motorna, geuwat ngajugjug ka toko beusi nu témbong geus muka. Meuli paku pikeun alesan sasayagian bisi manéhna curigaeun. Teu lila katempo manéhna bijil ti jero pasar. Basa rék nyetarter motorna kuring api-api ngabadug setangna.

"Duh, hapunten, Étéh...!" geuwat ménta dihampura.

Biwirna katémbong éngab tayohna mah rék nyarékan, ngan barang sidik kana beungeut, "A Yudha? Ieu téh A Yudha?" pokna bari colohok.

"Yanti..., geuning aya di dieu? Duh, punten rumaos malaweung," cekéng, sakali deui ménta dihampura. Manéhna tibang imut bari tuluy neuteup. Sanggeus sasalaman manéhna tuluy tetelepék.

"Dupi A Yudha linggih téh di mana?"

"Yaaah, namina tukang kuli mah di mana wé nyangsangna, Yan. Ayeuna mah kaleresan nuju damel di Margahayu."

"Baruk, di Margahayu? Pan abdi ogé di dinya. Ameng atuh ka rorompok!" pokna, luyu jeung nu dipiharep.

Lumayan lila ngobrol téh mun teu kaburu ditelepon ku Kang Amin mah tangtu bakal kateterusan. Kuring amitan sanggeus silitukeuran nomer WA.
***

Saminggu ti basa tepung, teuing geus sababaraha kali manéhna nga-WA, nananyakeun iraha rék nganjang ka imahna. Alesan mah can aya waktu nu rinéh alatan pagawéan keur dirurusuh.
Hiji poé palolohor, Kang Amin nu keur masang keramik di rohang tamu kadéngé keketrok kana panto, ngabéjaan yén di luar aya sémah.

"Sina asup waé, Mang!"

Teu lila Kang Amin geus ngurunyung deui, dituturkeun hiji wanoja. Yanti.

"Sakedap nya, pameng hanca!" cekéng api-api tonggoy nyanghareupan layar leptop.

"Paingan mani teu aya waktos, rupina sibuk pisan ari tos janten bos mah, nya!" cenah, muka wangkongan.

"Laaah nyibuk-nyibuk nyalira wé, Yan. Lumayan manan nganggur. Geuning ka dieu, kumaha upami Dika uningaeun?"

"Teu nanaon uningaeun mah, A! Atoh nu aya," témbalna bari tungkul, nyumputkeun pamuluna nu bangun nyidem bangbaluh.

"Ku naon kitu, Yan?" api-api teu nyaho.

"Ah, sanés carioskeuneun di dieu, A! Dupi engké wengi teu kagungan acara? Kumaha upami urang jalan-jalan? Asa sararumpeg di rorompok téh."

Carpon SundaWhere stories live. Discover now