Jajaten Ninggang Papasten

0 0 0
                                    

Jalan satapak nu biasa disorang geus bèak. Ka dituna mah teu ilahar kasaba ku manusa. Wungkul leuweung anu remet. Kawas jadi sasmita tina lalampahan anjeunna. Anjeunna geus ngantunkeun alam karamèan, tempat pabuaran nu lumrah. Indit nyorang kapanasaran. Anu matak kaayaan anu sakitu gurawèsna tèh teu matak gedag kana manahna. Jongjon baè anjeunna angkat, paribasa nètè akar ngeumbing jangkar, sèsèlèkè dina cadas nu laleueur.
Sora lutung mani harus patèmbalan matak kelar. Keur jongjon, mindeng asa kagebah, aya anu ngagarapak, horèng cangèhgar nu kagamahan. Hiber ngayapak teu jauh. Leungit deui dina rerembetan.

Tungtungna mah cunduk ka nu dituju, kana pucuk batu agung. Tempat anu pangluhurna, awas ka mana mendi. Lebah dinya ngan bangsa tangkal lampeni jeung harèndong. Dina cadas narangkod lulukutan. Lebah anu nangtawing aya anu nyègog. Éta tèh lawang guha, meujeuhna keur nyamuni saurangeun.

Hareupeun lawang guha, dina batu anu dèmprak, anjeunna ngadeg. Mayun nyela bumi, neuteup titingalian nu gumblung-gamblang. Kapan itu sagarahèrang pakuwon ibu ramana. Ti dinya mah ngan leuweung jeung tegalan baè. Selang-selang tinggurilap, talaga katinggang cahaya srangèngè ti kulon.
Kitu anu katingali ku socana. Tapi anu kaimpleng ku manahna mah jajatèn ramana. Radèn Aria Wangsagoparana anu ditundung ku èyangna, nyaèta Sunan Ciburang, dumèh anjeunna salin agama, ingkah tina ageman karuhunna. Dicipta-cipta ku manahna kumaha lalampahan ramana, nyorang patempatan anu sakitu banggana. Mun kurang pangger iman mah kumaha bisana. Dipapantes meureun ramana tèh nempuh gunung anu itu, ngagulampèng mipir gawir nu lungkawing, mapay sempalan nu ngupluk-ngaplak, nya anjog ka Nangkabeurit, tempat patapaanana. Moal henteu ngan lantaran geus rèngsè bebetah dina manahna baè ramana iasa ngababakan tèh, tepi ka sagarahèrang jadi tempat resik pikabetaheun.

Lami anjeunna ngajengjen ngumbar kakelar, ngeueung nganteur panineungan. Angin baè ngahiur, lebah lawang guha sorana jadi ngaguruh. Pucuk lampeni anu laleumpeuh jadi semu beureum kasorotan cahaya srangèngè.

Lugay tina pangabetah, anjeunna angkat rintih nuju kana cinyusu nu ngaburial, lajeng abdas. Cai anu sakitu caweningna karaos ku anjeunna lir nyerep kana sungsum balung mawa hègar calangra. Lajeng netepan dina batu dèmprak tèa, nyusul galur karahayuan, sumerah raga jeung nyawa.

Ti harita anjeunna sasat bebetah di dinya, beuki lila beuki pogot napakuran salira. Jangji moal deuk turun ka lembur mun tacan kasusul semu, can pinanggih raratan katawekalan. Naon anu disungsi ku anjeuna, taya lian iwal ti martabat kamanusaan. Anjeunna hayang tepi ka dinya, salirana hayang kasurupan bayu pinanggih meunang jajatèn. Anjeunna geus uninga tina pangwuruk sepuhna, yèn anjeunna tèh lain turunan si itu si èta, èstu kokocoran jalma anu galentur. Kapan cenah ceuk paririmbon anu aya di ramana, èyangna tèh Sunan Ciburang. Disusul ka puhu ngembat raratanana ka Sunan Wanapiri, lajeng ka Sunan Parunggangsa, ieu tèh putra prabu Pucuk Umun, putra Prabu Mundingsari Leutik putra Prabu Mundingsari, teu saha deui kapan èta putra Prabu Siliwangi. Mun rèk dikebatkeun, nya ka Prabu Anggalarang, tuluy ka Batara Wijaya, ka Prabu Sanggawijaya, ka Prabu Sanggawidana, engkèna mah tepi ka Prabu Ciung Wanara.

Ku kituna kamanah ku anjeunna, mun aya milik diri, anjeunna tangtu mangku kadaleman, neraskeun kalungguhan ramana. Tah nya ieu nu jadi kaabot anjeuna tèh. Anjeunna tèh hayang nyangking kalungguhan ngan lantaran kaagungan karuhunna wungkul, kacatur dina galur ngan dumèh rundayan ratu, lain lading ludeung beunang nempuh salirana ku anjeun.

Ceuk gerentes manahna, aing teu hayang nyangking kalungguhan anu can kamartabatan ku aing. Jeung kudu kitu mah kajeun aing tuluy mileuweungan migunungan. Sabab mun aing kudu nyekel kalungguhan anu luhur bari aing sorangan can tepi ka martabat dinya, aing pasti ngarasa hina. Bisa jadi katèmbongna mah aing agung, tapi agung guluburna wungkul. Nu lian bisa kalao, tapi kumaha hatè aing sorangan, piraku beunang dibobodo. Tah dina lebah dinyana, aing teu deuk nyangking nanaon anu ku aing can kasubadanan.
Éta tèh nya keur katengtreman batin aing. Tapi lain saukur kitu. Lain ngan keur aing wungkul, sabab aing mun kudu neruskeun cangkingan kangjeng rama, hartina aing kudu ngauban abdi-abdi. Euleuh mana teuing gedèna tanggung jawab aing sabab cèk paribasana uteuk tongo walangtaga aing anu jadi tanggelanana. Naha jalma anu can tepi kana martabatna bisa dijieun tanggelan tanggung jawab? Moal bisa, pimanaeun teuing. Aing baris ngarasa teu manjing, makuta kaagunan tèh baris karasa logor. Ku lantaran kitu aing moal panceg dina ngajalankeun kawajiban. Aing lain tuturkeuneun anu matak jadi kapanggeran keur hatè nu lian, keur balarèa nu aya dina aub payung aing. Ana hatè henteu panceg, biasana jalma sok unggah pileumpangan, nyieun talajak nu lain-lain, anu matak mawa balangsak anu lian.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now