Langit Beuki Kulawu

0 0 0
                                    

Ayum. Ngaranna direka-reka. Ditulis make cet warna bodas. Ngajeblag dina bilik pipinding kamar. Dipapaesan make gambar eceng warna beureum. Handapeunna aya tekenan leungeun kuring, anu digutretkeun ku getih tina tungtung curuk. Ngarah dijadikeun totonden, ngaran Ayum bakal ngajeblag salawasna. Hamo aya anu bisa mupus. Moal bisa ilang tina kongkolak panon hate. Ayum.

Ngaran Ayum memang teu payus ditulis dina bilik. Papalimpang pisan jeung kanyataannana. Kahirupanna dilingkung ku patingbaranyayna dunya. Pagilinggisik dina hurung-herangna inten permata. Jauhna lir wiati jeung bumi, lamun dibandingkeun jeung kahirupan kuring.

Kuring oge engeuh pisan kana perkara eta. Tapi kuring teu engeuh, kunaon pangna kuring merekedeweng hayang nyandingkeun Ayum. Hiji kembang anu endah di tengah Garahang. Ayum.

"Meureun maneh hayang beunghar, nya?" eces anu nanya teh. Tapi jirimna euweuh. Teuing saha, ngan nu eces mah aya ku gagabah nanya teh. Kawas lain nanya ka kuring bae. Apan pikeun kuring mah, kacida dipahingna hirup nyalindung ka gelung teh. Cadu pisan, lamun kudu beunghar alatan pamerean awewe. Lalaki pangeretan tea atuh nu kitu mah. Ari kuring?

"Sugan?" geus nyeletuk deui bae eta sora teh. Jeung asa semu ngalelece. Tapi da sidik taya sasaha. Najan ukur dicaangan ku lilin anu meh pareum oge, panon kuring awas keneh. Hareupeun kuring ngan aya meja anu geus rada reyod, diluhurna aya mesin ketik geus karahaan. Atuh sakurilingna ukur ngalayah keretas anu geus rarikes. Moal enya anu karitu patut bisa ngomong onaman. Kawas jaman cacing dua saduit bae.

Panasaran. Lilin dicabut tina pisin. Hayang leuwih eces deui kana barang-barang anu aya di kamar kuring. Breh katingali potret ema, anu ditempelkeun dina pipinding kamar. Gebeg, hate ngaranjug. Potret ema bet usik. Panonna jadi beueus ku cipanon. Neuteup kuring mani anteb. Semu anu maksakeun ngajak imut. Padahal kuring mah teu hayang dibeberah. Kuring teu rumasa dinyenyeri ku wanoja anu ngaranana Ayum. Teu. Henteu pisan. Euweuh ti dituna kuring kudu ditampik sapajodogan ku wanoja. Ayum bakal ngahiji jeung kuring. Bakal. Bakal pisan. Ayum.

"Ema nu salah...!" Ema nyarita, make jeung nyalahkeun diri sorangan sagala. Ema mah teu salah. Perkara kuring jeung Ayum mah, urusannana antara bogoh jeung henteu, atawa antara jodo jeung lain.

"Enya. Urusanna antara bogoh jeung henteu atawa jodo jeung lain. Tapi naha Ayum bogoheun ka anjeun?" Ngadenge kitu, lir anu dibentar gelap tengah poe ereng-erengan. Bener. Bener pisan eta teh. Kuring teu apal, naha Ayum bogoheun atawa henteu ka kuring. Keun perkara jodo atawa lain mah, anging Gusti anu ngatur.

"Oh, jadi maneh teh ngarep-ngarep aya bentang rag-rag nya?" Lain sora bogana ema eta mah. Tapi saha atuh, da taya sasaha deui. Jeung nanya teh semu anu sinis. Kawas anu apal bae kana hate kuring. Teu rumasa hayang kitu kuring mah. Malah sing dipaksa oge, ari Ayum teu bogoheun mah, kuring moal daek.

"Nya tangtu da Ayum oge geus sidik teu bogoheun ka maneh." Caritaannana teu sabaraha panjang, tapi temahna matak ngaburak-barik hate kuring. Naha make jeung moal bogoheun sagala. Naha pedah kuring goreng patut?

"Lain!" tembalna. Lamun lain, tangtuna oge pedah kuring jalma balangsak.

"Bisa enya atawa bisa henteu. Tapi anu eces mah potret anu nempel gigireun potret indung maneh." Bluk, potret anu ngagantung gigireun ema murag, padahal dielem rapet pisan, jaba rarasaan mah taya angin anu ngagelebug. Gog nagog, ngarongkong potret anu murag. Breh, potret Niar. Curucud tina panonna aya anu merebey. Niar inghak-inghakan ceurik. Rupa cimatana beureum euceuy.

-=oOo=-

Ti mimitina oge geus loba totonden anu kurang hade basa rek kawin ka Niar teh. Eta weh, boh kolot kuring atawa kolot Niar, saruana pada kurang panuju. Teuing naon anu jadi cukang lantarannana mah. Teu apal jeung teu hayang apal. Nu eces, kuring jeung Niar tetep maksa. Dina prukna kawin oge, teu make jeung raramean atawa tatanggapan sagala rupa. Ceuk batur mah kawas ngawinkeun randa cenah. Ukur siduru isuk. Tapi paduli teuing, anu penting mah kuring jeung Niar bisa ngahontal sagala rupa anu dipikahayang, laksana kapiduriat.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now