Amanat Nu Can Kalaksana

2 0 0
                                    

Haté ngarasa sedih sabot maca status WA nu ngiberan yén Frédi Kusumah téh maot dina kaayaan positif Corona. Jol ngabayangkeun kumaha perasaan kulawarga, dulur-dulur, jeung sobat-sobatna. Dalah kuring waé sasatna saukur marketing, bet sakieu sedihna. Bangun nu geus deukeut baé. Tapi, asa leuwih ti deukeut, da beungeutna téh terus waé kabayang-bayang nepikeun kabawa ngimpi.

Najan wawuh téh sawates hubungan antara nasabah jeung marketing, tapi kuring jeung Frédi sok silih tempo SW. Samalah nepi ka komen sagala, nu satuluyna ngobrol ngalér ngidul. Resep heureuy Frédi téh, jaba sagala nyaho, abong wartawan. Tapi najan sok tuluy seuseurian, aya waé nu ngaganjel. Pasualan nu ampir kapopohokeun alatan gejed di Pa Surya, minijer kuring.

Meureun Frédi gé boga pikiran nu sarua. Tapi bangun nu hamham rék nanyakeun. Kitu sawangan kuring mah. Tapi hiji waktu manéhna ngahajakeun ngadatangan kantor kuring, cenah nyimpang satutas ngaliput kagiatan babagi kanyaah ti pamaréntah keur masarakat nu kakeunaan dampak kawijakan Karantina Wilayah.

“Bu, abdi téh tos lami badé naroskeun perkawis buku asuransi,” pokna téh tatag.

Ti mimiti panggih gé kuring geus ngarasa béda. Éta jajaka biwir ipis téh bisaan ngadalikeun omongan. Satacanna nganteur basa ku tatanya standar gé, keur kuring mah asa teu baleuy.

“Polis asuransi nu Akang mah aya. Mung masih di Pa Surya,” cekéng téh. Teu wani gulak-gileuk ari di hareupeun wartawan mah. Ngomong kitu téh bari asa harampang, kawas aya bangbaluh nu leupas.

“Punten atuh upami tiasa mah, abdi ayeuna badé nepangan Pa Surya,”

Dikersakeun kadatangan Frédi téh dina kaayaan kantor keur salsé. Pa Surya gé daék nepungan. Teuing naon nu diomongkeun ku dua jajaka nu béda wangun waruga, nu hiji mah sembada, hiji deui pendék bucitreuk. Rada reugreug téh basa Frédi amitan, katémbong beungeutna marahmay.

Pasemon éta nu sok kabayang téh. Bangun nu bogoh wé, enya gé apal yén Frédi sarua lalagasan. Tapi mun datang dina impian mah jol robah. Beungeutna pias, kényos, panon beureum bolotot, liang irungna rubak. Sorana gé ngagerem, “Tina… Tina… tulungan kuring…”.

Sora agem kitu téh sok ditungtungan ku ceurik ngabangingik, “Tina… kuring geus balik, tapi beurat ngaléngkah. Tulungan Tina… tulungan.., teu wasa kuring ninggalkeun hutang. Tulungan. Tulungaannn!

Kuring ngoréjat hudang. Ngahégak. Luut-léét késang. Teu sasarina kuring kahudangkeun ku impian Frédi. Leungeun ngaragamang stop kontak. Cetrék dihurungkeun. jrut turun tina ranjang, ngaringkang ka luar kamar deuk nyokot cihérang di dapur.

Geus aya tilu taunna cicing di apartemen, karék ayeuna asa meunang kajadian nu ahéng. Tapi teu ieuh jadi pikiran najan karasana siga nyata. Leungeun mawa gelas, dicician cai dispenser. Citiis, laju pindah kana keran cipanas. Nguyup cihaneut.

“Tina…”

Hek kaselek. Kuring dédéhéman sangkan henteu katutuluyan batuk.

Lain, ieu mah lain ngimpi. Aya sora nembrag kana ceuli.

“Tina… tulungan…”

Ketug jantung narikan. Bijil deui késang. Kuring culang-cileung. Ngaringkang lalaunan nyusud asalna sora.

“Tina… naha téga nyiksa kuring? Eureunan ieu siksaan Tina…”

Duh nya, naon cenah maksudna. Kuring terus nyeukeutan pangdéngé.  Sora téh kawasna asalna di jero kamar.

Rekéét kuring muka panto lalaunan. Barang bray téh nyampak nu ngajelepeng luhur ranjang. Aya selang nu nanceb kana irung jeung pigeulangna.

“Kuring teu kaburu amanat, kaburu dikurebkeun, tulungan Tina… tulungan…” ceuk éta waruga bari rada cengkat. Leungeunna ngangkat kawas nu hayang ngarawél kuring. “Laksanakeun amanat kuring, Tina… tulungaannn…” sorana ditungtungan ngagerem tarik. Kuring reuwas nepi kapiuhan. Sora pamungkas nu kadéngé téh, sada gelas murag. Gepré!

* * *

Palayanan bank mah masih muka najan diwatesanan jam operasionalna. Kaasup marketing asuransi. Kudu jaga jarak, enya, méja minijer gé jadi ditumbu.

“Kunaon Bu Tina bangun nu lungsé? Teu raraos mah wios teu kedah sumping ka kantor,” ceuk Pa Surya bari panonna nilik-nilik.

“Naon nu didugikeun ku Bapa ka almarhum Frédi?” kuring asa teu perelu mairan pananyana.

Pa Surya semu héran. Tapi kacirina embung papanjangan.

“Almarhum kantos ka dieu naroskeun polis asuransi, ayeuna kumaha klaim premi asuransina?” kuring terus neken.

“Oh éta, nya ngantosan ti pihak ahli waris. Bu Tina tiasa ngabantos nguruskeun berkasna?”

“Ieu berkasna tos lengkep.” Kuring nunda map. Panon neuteup seukeut ka Pa Surya. “Tina gé tos ngobrol sareng sababara pihak, almarhum téh gaduh sametan ka online shop, sareng fintech. Urang papada uninga kumaha upami telat bayar sanaos sadinten. Tah énjing jatuh tempona téh. Kulawargana nuju ngoréhan harta almarhum. Panginten urang tiasa ngabantos, diénggalkeun prosésna!”

Dina rindatna kasawang Pa Surya teu suka kana omongan kuring. Éta lalaki kumis baplang téh geus rék nempas, tapi katahan ku nu ngetrokan panto. OB asup mawa baki. Leungeun OB nu maké glove téh nundaan mangkok eusi sop buntut, sangu, sambel, jeung séndok nu masih dibungkus tisu. Sanggeus manéhna indit, Pa Surya prak deui nyarita.

“Bu Tina, sadayana gé kedah luyu sareng mekanisme,”

“Muhun tapi ieu pan atos lengkep!” cekéng téh semu nyeuneu.

“Punten, Bu Tina, kanggo medalkeun polis asuransina waé, kedah aya hasil medical check up, maluruh riwayat panyakit dalam. Komo ayeuna dina klaim. Jaba pan kredit téh aya relaksasi, aya penjaminan ti pamaréntah, kantun diuruskeun. Anjeunna tacan sataun ngiringan asuransi, sesah cairna gé.”

“Tapi dasarna kemanusiaan…”

“Heup! Bu Tina tos tuang? Tuang heula yu, engké dicarioskeun deui.”

Kuring ngabalieur kaluar. Ruangan Pa Surya aya di lanté tilu. Bisa ningali kaayaan di luar. Simpé. Karantina masih saminggu deui. Éta gé can pasti alatan terus nambahan pasén Covid-19.  Taya nu wani ngulampreng. Iwal ti patugas nu patroli, jeung jajaka nu maké jakét jeans.

“Asa wawuh?” kereteg haté. Nelek-nelek. Jajaka nu diluar téh ngalieuk. Neuteup kuring. Beungeutna, Gusti.. persis nu ngadatangan tadi peuting.

“Duh abong OB anyar. Mawa téh jeung nginumna. Kumaha sih?!” sora Pa Surya mapalérkeun panénjo. Anjeunna mencét telepon. “Punten ka Gunawan, kakantun cihérang kituh! Anteurkeun ka ruangan abdi, nuhun.”

Telepon ditutup. Pa Surya neruskeun ngahuap.

“Bu Tina, badé?” cenah marukana kuring neuteup manéhna. Padahal mah ngagebeg sabot aya nu ngajanteng gigireun Pa Surya. Jajaka nu cikénéh aya di luar, manéhna nu remen ngadatangan dina impian, nu ngarenghik tulung-tulungan.

“Tina… tulungan…”

Poho kana tata titi, kuring satengah lumpat ningalkeun korsi. Rurusuhan muka panto, ampir nubruk OB nu nanggeuy baki mawa cihérang.

“Frédi…, Gusti Nu Agung,”

Kuring ngatur napas. Nyarandé dina témbok gigireun panto ruangan Pa Surya.

Brak! Panto muka. OB kaluar, beungeutna geumpeur. “Pa Surya pingsan! Salirana paranas, paur gejala corona, corona,” sorana ngageter bangun nu kasieunan. Lumpat ménta tulung.

Najan kuring gé sieun, tapi ngawani-wani nempo. Horéng… ampun, Gusti. Kalangkang nu ngabayang jeung kaimpikeun téh beurang ayeuna mah meulitkeun selang infus kana beuheung Pa Surya.(*)

#Ardi Sulaksana (Manglé nomer 2782)

Carpon SundaWhere stories live. Discover now