Nu Galecok Di Jero Gowok

0 0 0
                                    

"Aduh nyeri, Ma, nyeri!" Si Ton ngawiwiw ceurik bari nyampeurkeun indungna.

"Nyeri ku naon ari maneh?" Indungna hariweusweus, bari pok deui ngomong, "Ceuk Ema ge kudu ati-ati!"

"Dibabuk!"

"Ceuk Ema ge kumaha? Kudu iatna. Pan nyaho urang teh disatru pisan!"

"Enya, ku naon atuh nya jelema teh mani ngamusuh pisan ka urang? Teu pira Ton teh ngadodoho hulu peda nu gular-goler sisi kompor, lain kurutuk-karatak jero wadah, mani dipalengpeng!"

"Ceuk Ema ge kudu ati-ati da jelema mah teu kaop nenjo bangsa urang, pasti hayang ngagunasika!"

"Enya Ma tadi ge kadenge ku Ton indung jelema ngomong mani gegerewekan, etah beurit, etah beurit buru paehan, cenah ka anakna! Ceg anakna kana peso terus dibaledogkeun ka Ton, keuna kana buntut tuh mani boleksek, peurih, Ma!" Si Ton mindo ceurik, bari pok deui ngomong, "Awas siah engke mun keur hees rek digegel curukna, buntung-buntung. Geuleuh tuda teu pira hayang ngasaan hulu peda mani ulah. Dihakan ku sorangan henteu, ku batur ulah!"

"Jelema tea atuh Ton, moal aya mahluk nu nandingan kakoretanana. Sangkilang sagala rupa nu aya di dunya ieu lolobana mah dihanca ku manusa. Tong boro dahareun ngeunah, inuman nu beresih, cikolomberan ge sigana diuyup jeung didagangkeun mun teu matak mah!"

"Da jeung saenyana," torojol beurit jalu, Bapa Si Ton, haruhah-harehoh bari burial buncelik siga tas meunang kareuwas. Kitu biasana, unggal balik ka gowok, kudu bae mawa kasieun.

"Yeuh Ton, hirup jadi beurit mah beurat. Karek nolol babangus saeutik heug katenjoeun ku manusa, langsung rek dibinasa. Bapa ge bieu dibabuk mutu. Watir puguh oge," ceuk bapa Si Ton. Regot nginum cikolomberan nu nyalangkrung sisi gowok, mani ngalekik, hanaang taksiran.

"Watir kumaha Pa? Angot Ton mah dibabuk peso."

"Bapa teh ngelol gigireun TV. Maksud mah rek nyewol goreng ulen nu diteundeun deukeut TV tea. Katenjoeun ku nu bogana, mimitina mah ukur dihushus-hushus. Tapi ku Bapa dieleg. Cle kana piring, cle kana cangkir, gajleng kana luhureun TV bari rerenyohan. Keuheuleun meureun, jol ceg we kana mutu ana belewer dibaledogkeun. Gebro, meneran kana TV da Bapa mah kaburu nyingcet. Edel, dibaledog mutu mah. Teu manggapulia, layar TV teh peupeus mangkaning cenah can lunas!"

"Satuju, satuju pisan. Manehna mah ukur beunang TV, Ton mah buntut," ceuk Si Ton bari nyengir deui. Baluas taksiran da mun beunang kana awakna mah geus moal boa bohak, boa nepi ka hanteuna. "Tuda Bapa jeung Ema mah mani teu karunya ka Ton teh."

"Teu karunya kumaha ari Ton?" Indungna nyengor.

"Enya atuh ari budak mah tong sina neangan hakaneun, geus we Bapa jeung Ema. Pan jelema ge kitu, nu ngala duit teh kolotna," tembal Si Ton.

"Kitu kahayang mah Ton. Tapi pan urang mah beda jeung batur. Mun hayang baranghakan teh urang mah kudu kasab sorangan, kitu ge kudu susulumputan da teu weleh diancam bahaya, boh ku manusa boh ku papada urang siga si ucing. Teu cara hayam, domba, munding, jeung sapi, diaringu. Parab nu ngarareunah disadiakeun!" ceuk bapa Si Ton.

"Muhun nya Pa? Ke, Pa naha ari hayam, domba, munding, jeung sapi diaringu, ari urang-urang henteu?"

"Apan daging maranehna mah kabeuki jelema, payu ka duit. Tah basa Lebaran kamari, daging maranehna mah haregana mani ngajaul. Daging hayam tangka salawe rebu sakilo, daging sapi mah angot genep puluh rebuan punjul."

Carpon SundaWo Geschichten leben. Entdecke jetzt