RT Idun

0 0 0
                                    

Kang Idun ngalempréh teu walakaya. Beurat awakna tuluy nyirorot. Awakna nu baheula seseg, ayeuna kari tulang jeung kulit. Beungeut haropak, awak begang geus euweuh dagingan.

Béda pisan jeung Kang Idun lima taun ka tukang, nu resep sahaok kadua gaplok ka saha waé. Da ngajago pisan atuh. Euweuh nu teu bireuk ka manéhna mah. Idun Codét, pédah aya codét dina pipi katuhuna, cenah mah baheula kungsi disabet péso seukeut basa manéhna galungan jeung jéger Ujungberung. Ngajagona téh teu euih-euih.       

Komo basa manéhna kapilih jadi Ketua RT mah, asa jadi raja wéh ceuk nu bohong mah. Manéhna bisa kapilih jadi pupuhu di RT éta ku jalan licik. Isuk-isuk saméméh poé pamilihan, ulon-ulonna nu aya genep urangna ngetrokkan panto unggal imah warga, méré amplop maké sarat kudu milih Kang Idun.

Mingpin RT-na kitu wéh Kang Idun mah bari tutunjuk téa, euweuh picontoeun. Mun aya kerja bakti, manéhna mah ngadon ngopi bari ngawaskeun warga nu keur meujeuhna pakepuk ku pagawéan.  Mun aya nu lénglé gawéna, gampleng dampal leungeunna ngagampleng pipi éta warga, bari sungutna teu eureun nyarékan.

Kana duit tipoporoséh. Mun aya warga ménta surat pengantar pikeun naon waé, manéhna mah haget naker. Dina méja di imahna disadiakeun koropak duit, nu ditulisan “Masukan seikhlasnya. Minimal Rp10.000”. Teu bisa majar kumaha warga téh da ku butuh téa.

Meuweuhna pisan mah basa loba bantuan ti mana-mana. Manéhna wani macok éta bantuan. Tina bantuan lima ratus réwu manéhna wani nyokot satengahna. Pokna lamun teu ku aing diurusna, moal meunang bantuan tah kabéh gé.

Nu pangnyeri haténa pisan mah Ma Éméh. Geus kolot Si Ema téh. Hirup nyorangan. Sapopoéna ngala tutut di sawah batur, éta gé mun keur usum. Beubeunanganana dijual ka tatanggana, mun teu payu diasakan keur sorangan.

Mun teu kitu, manéhna aya di kebon batur ngadon ngala pangpung atawa kai nu marurag, keur suluh di imahna. Mun loba meunangna sok dijual ka Haji Undang, tukang gulé nu sok dagang di sisi jalan. Masak guléna make suluh kénéh manéhna mah. Sok mokaha Pa Haji mah mayar suluh téh, tayohna karunyaeun ka Si Ema.

Tah, harita Si Ema meunang bantuan. Genep ratus réwu. Manéhna apaleun jumlahna, da basa nganteurkeun suluh ka Haji Undang, di jongkona panggih jeung Pa Tono pagawé kantor désa. Pa Tono bébéja éta bantuan dicokotna di Ketua RT sewang-sewangan, méh teu riweuh teuing di kantor désana, ongkoh karunya wéh cenah kanu tos sarepuh sina ka kantor désa mah.

Bener geuning, isukna Si Ema diangkir ku anakna RT Idun. Atuh bring Si Ema diiringkeun anak RT. Anjog ka imah RT, sup Si Ema asup.  RT diuk dina korsina.

“Kieu Ema, numawi ku abdi diangkir téh. Ema kenging bantosan tilu ratus réwu. Ku abdi dipotong saratus. Janten ieu dua ratus kanggo Ema,” ceuk RT bari ngasongkeun duit bulao opat lambar.

“Ké RT. Mun teu salah mah bantuan téh genep ratus,” ceuk Si Ema tatag.

“Ceuk saha, Ema?!”  ceuk RT rada nyeuneu.

“Kamari Ema pendak jeung Pa Tono, pejabat désa. Ngabéjaan yén Ema meunang genep ratus réwu ti pamaréntah. Daék medu Ema mah. Saksina gé Pa Haji Undang, para pagawéna jeung nu dalahar didinya!” ceuk Si Ema teu éléh nyeuneu.

“Mun Ema alim nampi, nya atos wéh atuh!” ceuk RT deui bari teu euleum-euleum nyakuan deui duit dua ratus réwu. Ma Éméh olohok.

“Nya mangga, ari RT peryogi mah. Geuning aya kénéh nu leuwih sangsara tibatan Ema?” ceuk Ma Éméh sorana rada ngadégdég bakat ku ambek jeung sedih.

“Ema mah leutik-leutik gé usaha eukeur. Rejeki mah pan datangna ti nu teu disangka-sangka. Mangga badé dirawatan mah éta duit. Ema mah moal nagih. Ngan awal ahir aya mamalana ka RT curaling!” Si Ema nangtung bari indit. Beungeut RT mani euceuy ngembang wéra. Rék ditémbalan ku RT, Si Ema geus kaburu kaluar ti imah.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now