Ngingu Tuyul

0 0 0
                                    

Aya tamu tinu jauh, rigigna mah jiga menak, jiga jalma beunghar, tapi bet aya ku aneh, datang-datang ngadon ceurik nepi ka sisimekeun. Sanggeus di tanya, manehna medar lalakon, nyaritakeun kaayaan hirupna anu tigebrus kana kamusyrikan. Ari gawe mah cenah jadi kapala sakola, pagawe nagri, ngan hirupna seuseut seuat teu bisa menyat.

Akibat loba hutang, gajih unggal bulan ukur cukup jang mayar hutang. Jiga anu enya, siga jalama beunghar, ceuk batur mah menak, ku guru-guru dipihormat, tapi hirup pinuh ka ripuh. Era ku batur, jeung ongkoh hayang beunghar, antukna kabawa ku sakaba-kaba, kabaud kana ngingu tuyul.

"Hapunten Kang, tos kumawantun ngadon ngagareuwahkeun. Abdi tos teu kiat, rumaos milampah dosa, musyrik dilakonan, doraka enya, ari beunghar henteu. Kaduhung sagede gunung, bet hirup kabawa mangprung, hoyong ngeureunan lampah nirca, hoyong tobat sim kuring teh."

"Teu saawios Ayi, tong boro semet ceurik sisimekeun, najan nepi ka gogoakan midangdam moal ieuh jadi ewuh, ihlas, balungbang timur caang bulan opat welas. Komo deui tadi nyebat-nyebat hoyong tobat, insya Allah asal kaelmuan, Akang siap ngabantu."

"Hatur nuhun Akang. Jauh dijugjug anggang diteang, sim kuring teh hoyong ngalepaskeun diri tina beungkeutan setan, tapi diri teu gaduh kamampuan, teu sanggem ngalawan, da rumasa tos jadi usung-esangna, rumaos jadi budakna siluman."

"Deudeuh teuing Ayi! Eta kumaha mimitina bet ka sarung kana ngingu tuyul sagala, kapan salira jalmi pinuh ku elmu, ngalaman sakola luhur, sakedahhna mah tiasa ngabedakeun mana pibagjaeun jeung mana anu picilakaeun."

"Rumaos kapoekan pikir, diajak ku rerencangan ka Jawa, teras nyumpingan kuncen. Sabada mayar mahar teras wae dipasihan budak leutik, warugana mah jiga budak saumuran tujuh taun lah kitu. Teras weh di candak ka rorompok."

"Bener tiasaeun ngala artos eta budak leutik teh?"

"Tiasaeun. Unggal dinten oge muhun sok masihan artos."

"Naha atuh make palay eureun sagala, pan meureun seueur artos?"

"Artos anu di pasihkeun ka sim kuring teu sabanding sareng karujit ngurusna."

"Rujit kumaha, piraku ngurus budak hiji wae make rujit sagala. Pedah sok mere duit, jadi budak teh beubeulieun meureun."

"Kieu Akang, mimiti datang ka rorompok, eta budak teh jejeritan matak pihariwangeun, hayuh wae tutunjuk kana luhur lomari, ditanya aya naon, ukur ngucap nyebut sieun. Barang ditingali kana luhureun lomari, aya Qur'an ngagoler, teras wae eta Qur'an teh dipasihkeun ka pun biang, leres wae jempling budak teh."

"Asstagfirrullaahal adziim, nya pasti atuh jurig mah sieuneun Qur'an. Mimitina eta teh sangkan anjeun jauh tina eling ka Allah, ngahaja neangan reka perdaya supaya di bumi ulah aya Qur'an."

"Anu langkung jengkel mah, pami Abdi sareng bojo bade solat, eta budak teh ngadadak motah, jejeritan hayang digandong, teu diwaro kalah lolongseran hareupeun, atuh solat teh batal."

"Beuki jauh, beuki tikerelep, kacida teuing atuh anjeun teh, naon nu rek diteangan dina lampah hirup model kitu? Numpuk-numpuk harta anu can tangtu mawa kasenangan jeung kabagjaan. Tunggul dirarud catang dirumpak, deudeuh teuing."

"Rumaos, Kang! Hirup abdi kalangsu, kabobodo tenjo, pikir mamprung nutur-nutur napsu nu ngaberung. Kabita ku kabagjaan deungeun. Panas hate ku pangjejeleh batur, kalah lat poho ka temah wadi."

"Hirup di alam dunya pasti bakal ngalaman godaan jeung cobaan, mun urang ngangkleung kabawa ku gogoda, buru-buru eling. Eling ka diri, eling ka purwa daksi, sabab godaan jeung cobaan mangrupakeun ujian ti Guti Alloh Swt, sangkan urang bisa leuwih kuat dina kaimanan."

Carpon SundaWhere stories live. Discover now