Mapag Hibar Pangharepan

0 0 0
                                    

Rurusuhan kaluar ti ruang IGD, muru ka ruang perawat. Karék ngudaran hazmat, Kepala Perawat nolol tina lawang panto.

“May, wayahna tong waka mulang. Datang pasien deui.”

Kuduna balik téh tadi tabuh 6 tas shift peuting. Tapi pasien kalah terus murudul. Ngarongkong hapé, ngabejaan ka pengasuh di imah yén can bisa balik. Geuwat kaluar muru ka ruang IGD deui. Enya wé aya dua brankar nu karék diturunkeun tina ambulan. Laju kuring milu pakepuk mariksa pasien nu anyar datang. Merenahkeun dina kasur, ngacék tekanan darahna, detak jantung jeung nu séjénna. Mariksa catetan rujukan tuluy méré tindakan luyu jeung instruksi ti tim monitor.

Liwat asar karék bisa ucul-ucul hazmat. Brus mandi, ngaguyur manéh ku shower. Geus saged salin ku pakéan beresih bekel ti imah, rurusuhan balik. Inget ka budak, karunya ogé ka pengasuhna. Nepi ka jalan hareupeun imah, teu waka asup. Nelepon heula pengasuh, ngabéjaan yén kuring geus anjog. Manéhna kaluar ti imah ngadadahan, tuluy ngaléos balik. Asup ka imah téh ngaliwatan jalan tukang labas ka kamar cai. Gebrus mandi deui, diguyur saawak-awak.

Réngsé beberesih, awak disemprot antiseptik. Ngadagoan heula sababaraha menit. Tuluy asup ka kamar budak. Manéhna keur ngeletek ulin dina kasur, langsung muru bari ranggah barang panto kamar dibukakeun. Paromanna katingali atoh. Pipina diciuman nyacapkeun kasono sabada dua poé dua peuting ditinggalkeun gawé.

“Ibu, hoyong susu.”

Ngaléos ka dapur muka kulkas. Geuning susu budak tinggal sakeprul. Hanjakal tadi teu nyimpang heula ka toko langganan. Rét ka palebah jandéla, di luar geus reup-reupan. Sugan minimarket nu di parapatan muka kénéh.

“Ibu ka minimarket heula. Anit antosan di bumi, ulah kaluar. Calik di kamar!”

Budak unggeuk. Sanggeus saged maké jékét, sarung tangan jeung masker gura-giru indit. Sajajalan kaayaan mungguh sepi, teu katingali jelema nu ngulampreng. Jalan lénglang ngabulungbung euweuh kandaraan nu ngaliwat. Kantor-kantor pamaréntahan nu kaliwatan reuteum ku spanduk ngeunaan informasi sasalad covid. Dina panto gerbangna ditarapelan pengumuman, yén kantorna ditutup.

Untung minimarket téh muka kénéh. Rada loba nu keur balanja. Atuh asup téh bari ati-ati ngarah teu pagiling gisik teuing jeung séjén. Keur néangan merk susu nu biasa, aya sora lalaki batuk kahalangan ku erak display sajajar. Lila-lila sora batukna kadéngéna beuki ngéhkéh. Geus meunang susu gancang nguliwed ka rak tukang, nyokot roti, susu kaléng, biskuit jeung sarupaning cemilan sejenna. Geuwat muru ka kasir. Aya opatanana nu keur antri rék babayar téh, kuring ka limana.

Jegoh … jegoh, lalaki nu nangtung hareupeun batuk. Sigana ieu nu ti tadi kadéngé batukna ngéhkéh téh. Nangtung rada mundur lantaran si lalaki batukna bari ngabalieur ka kénca jaba teu maké masker. Ngantri téh élékésékéng. Inget ka budak nu sorangan di imah. Ditingali téh nu antri kadua jeung nu katilu balanjaanana nepi ka dua karinjang séwang. Jaba ieu lalaki di hareupeun kalah beuki ngohkoh teu eureun-eureun. Sorana geus huk-hek bangun nu eungap. Nu séjén gé geus tinglalieuk duka ngarasa kagandéngan, duka hariwang ku virus.

Ujug-ujug gebru éta lalaki rubuh, ngagolépak dina lanté bari engap-engapan. Babawaanana marurag pabalatak. Kuring refleks ngejat ngajauhan, antrian ogé ngaburiak. Dua urang pelayan lalaki gagancangan muru ka si lalaki rék nulungan. Geuwat dihulag.

“Ké heula, ulah waka dicaketan!” cekéng.

Kuring ngaluarkeun sarung tangan karét. Lalaunan ngadeukeutan si lalaki. Ditingalian, ditaliti. Beungeutna beureum tina bahamna kaluar lendir. Sirahna digilekkeun, dina tukangeun ceulina katingali aya renung, renyek beureum siga endog lauk. Haté teu puguh rarasaan. Hariwang kacida. Tuluy kancing kaméjana dibuka, bréh dina dadana nu renyek bareureum ngagareblég loba. Geus teg wé, gejala varian virus nu panganyarna. Nelepon ka satgas pandemik rumah sakit ngalaporkeun kajadian ieu. Teu poho dibéjakeun tanda-tanda fisik nu aya di si lalaki. Teu lila sora ngahiung, ambulan datang. Si pasien langsung di-evakuasi ku petugas nu saraged dina hazmat.

Carpon SundaKde žijí příběhy. Začni objevovat