Wanoja Nu Datang Ka Imah

0 0 0
                                    

Éta wanoja datang deui. Saperti tilu poé katukang, ngaronghéap tabuh dua pabeubeurang, basa kuring keur ngalimed dahar. Saperti harita, manéhna gideug diajakan dahar téh. Kadaharan di imah kasebut loba mun dibéakkeun ku kuring sorangan. Salaki keur taya di imah. Leuwih hadé mun babagi rejeki.

Éta wanoja lain budak leutik. Lain rumaja. Tapi kuring can nyaho setatusna. Masih sorangan atawa geus boga salaki. Rupana mah lumayan geulis, asa kungsi nempo dina albeum heubeul salaki. Wanoja nu datang nyorangan téh maké baju basajan najan teu bisa disebut katinggaleun jaman. Taya olésan dina beungeut nu katempo rada pias. Taya aksésori mapaés awakna. Kantong nu disoléndangkeuna gé, kaasup kualitas handap sigana ukur tujuh puluh lima réwu. Kantong kitu pabalatak di trotoar teu jauh ti puseur dayeuh.

Wanoja nu réngkakna pikayungyuneun téh ayeuna keur diuk di rohang sémah. Dina luhur sopa buludru pulas coklat ngora, korsi nu karék dua minggu dibeuli ku salaki ti mébel anyar. Manéhna ukur mulak-malik majalah wanoja nu ngahaja ditunda ku kuring di dinya.

Kuring masih ngalimed, ponyo pisan. Pasakan kuring sorangan. Pasakan nu ti mimiti rumaja pangdipikaresepna nyaéta masakan resép Minang. Bakating cinta kana pasakan Padang ti baheula, nepika kuring kajodokeun jeung lalaki nu ayeuna jadi salaki.

Masih inget, sababaraha bulan katukang, basa kuring keur wegah masak sorangan. Kuring indit ka rumah makan Padang nu teu jauh ti imah kolot. Di dinya amprok jeung Aldi Azwar. Manehna ngawanohkeun diri waktu ngabandungan kuring molohok hareupeun rumah makan basa ngantri ngadago diladénan pelayan.

Manéhna gawé di hiji pamedal buku nu kawéntar, cenah basa jajap kuring kana motorna. Salian jadi éditor, jam terbang nulisna gé geus luhur. Umurna lima taun saluhureun kuring. Nyaho kuring resep maca jeung masakan padang, antukna antara kuring jeung manéhna beuki dalit. Ukur butuh waktu sabulan, manéhna nanyaan. Kuring, wanoja nu notabéné asli Sunda, dikawin lalaki Minang. Tangtu alatan cinta.

Sanggeus ngaleguk cihérang, kuring ngoloyong ka rohang sémah, nepungan. Nanyakeun saha ngaranna sabab waktu patepung munggran, can kaburu nanyakeun, kuring  rusuh rék ka luar imah. Miranti, témbalna.

Kuring ngajéntrékeun can kaburu ngiberan salaki lantaran geus saminggu mudik ka lemburna di Bukittinggi. Sajaba sono jeung kulawargana ogé boga urusan séjén jeung papada pangarang. Sababaraha kali salaki ménta hampura teu bisa ngajak kuring, ceuk kuring teu nanaon. Kuring ngarti najan dina haté leutik saenyana hayang pisan amprok jeung kulawargana pangpangna kadua kolotna. Basa kawin, taya saurang gé nu ngaluuhan. Ukur babaturan jeung rékan gawéna. Mémang, asa rusuh kawin téh tapi salaki jangji hiji waktu ngajak kuring ka Bukittinggi.

“Jadi… Uda Aldi  belum tau kalau saya kemari?” Miranti neuteup. Aya gurat hanjakal dina riuk beungeutna.

“Ya… maafkan saya, saya baru mau telepon dia sore saja, karena kupastikan siang ini dia tengah sibuk dengan teman-teman dan keluarganya. Saya tak mau mengganggunya. Lagi pula suamiku juga tak akan suka diganggu meskipun oleh istrinya sendiri. Maksudku … untuk soal yang dia anggap bukan urusan penting,” kuring ngécéskeun. Manéhna ngarahuh laun.

“Apa saya bisa meminta nomor ponselnya?” Miranti neuteup deui bangun miharep pisan.

Kuring teu poho amanat salaki ulah sagawayah mikeun nomer hapé ka jalma anyar wawuh. Dina rék mikeunna gé, kudu ménta ijin. Kuring kudu tumut aturan sabab éta tindakan rasional. Komo salaki mah kaasup kritikus sastra jeung budayawan kawéntar.

Saulas imut tina biwir kuring. “Miranti… boleh aku tahu, ada urusan apa kau mencari suamiku?”

Miranti tungkul sakedapan tuluy neuteup kuring. Laju ngalalakon manéhna kalahiran Pariaman. Tepung jeung Aldi Azwar basa milu kagiatan kapangarangan di sanggar nu dipupuhuan ku salaki basa masih nganjrék di lemburna. Geus lila manéhna teu aktip nulis, geus lila ogé teu meunang iber neunaan Aldi Awar. Lila leungiteun tapak. Ngan anyar kénéh mireng iber matakna wani nyusul ka dieu.

Kuring unggeuk. Réngsé ngalalakon, ditawaran nginum jus jeruk. Manéhna unggeuk tuluy nyuruput. Karérét bangun tenangeun.

“Miranti… kapan terakhir kau bertemu suamiku?” kuring nyelok.

“Dua tahun lalu,” témbalna.

Di mana manéhna dumuk, tanya téh.

Di Bandung Barat, cenah geus tilu taun bubuara.

“Aldi  Azwar begitu berartikah buatmu?” kuring nyelok deui bari ngatur napas basa neken kecap ‘berarti’. Kuring jadi hayang apal leuwih jauh, modus naon nu dipikahayang ku ieu wanoja basajan nepungan salaki? Maranéhna taya hubungan darah saukur sobat heubeul.

Nginget-nginget deui. Salaki can kungsi ngobrol boga sobat ngaranna Miranti. Iwal Miranti, kuring kungsi mireng malah sababaraha kali ngaran-ngaran sobat salaki. Malah aya nu mantan bébénéna. Tapi saurang gé taya ngaran Miranti.

Kuring ngoloyong ka jero, asup ka kamar. Gap kana hapé mencét nomer salaki. Mudah-mudahan teu keur  riweuh. Manéhna ngangkat hapé. Tapi bangun teu panuju ditelepon. Langsung nutup. Teu lila, aya WhatsApp nu unina yén manéhna mulang saminggu deui. Boa leuwih.

Balik deui ka rohang sémah. Dijéntrékeun. Miranti bangun handeueul. Jadi bangbaluh ka kuringna. Ogé dibalur ku rasa karunya nu dumadakan ngaganggu.

“Gini saja, Miranti… gimana kalo malam ini kau menginap di sini?” cékéng. Poho amanah salaki nu remen ngingetan sangkan ulah aya jalma saliwat nu wani nganjang komo dititah ngéndong mah. “Dengan begitu kita bisa leluasa mengobrol dan mungkin saja, Uda Aldi nanti malam meneleponku. Saat ini dia sepertinya benar-benar sibuk.”

Miranti ngahuhuleng heula nepika antukna sirahna unggeuk. Teuing kunaon, saméméhna kuring curiga, tapi dumadakan simpati. Taya salahna percaya ka jalma anyar wanoh. Éta wanoja bangunna lain jalma jahat. Kuring yakin manéhna boga alesan kuat néangan lalaki nu geus lima bulan jadi salaki kuring.

Tabuh tilu burit. Miranti gégéléhéan di kamar kahiji.

Di kamar kuring, Gap kana hapé. Nelepon salaki. Biasana jam sakieu manéhna keur nyalsé bari nyuruput kopi hideung kasedepna. Sababaraha detik ngadago, taya tanda-tanda bakal diangkat. Diajaran sakali deui. Ayeuna kuring kudu suksés nyaritakeun yén aya wanoja ngaran Miranti nu keur ngadago-dago. Katilu kalina mencét nomerna. Tétéla diangkat.Tapi teu atra. Bangun aya acara keluarga besar keur riungan. Ah, kuring teu bisa neguh. Hapé salaki aya nu ngangkat tapi lain sora salaki. Kuring yakin, kuring wanoh sora salaki najan dina jarak jauh réwuan juta kilometer gé. Naha keur jadi panumbnu catur laju nitah sobat di gigireun ngangkat? Tiheula kungsi saperti kitu. Nya, bisa jadi. Bangunna nu narima telepon kaluar ti rohangan nyingkah ti nu gandéng. Kasawang geus jauh ti ruangan tiheula.

“Maaf… ini dengan siapa ya?” tanya lalaki ku logat Minang. Ayeuna mah sorana atra kana ceuli. Manéhna pasti nanyakeun saha, sabab dina hapé salaki teu ditulis kuring pamajikanana. Semet Ren wé. Henteu Réna. Komo Réna my wife mah.         

“Aku Réna dari Bandung. Apa Uda Aldi Azwarnya masih sibuk?” tanya téh kana sasaran, méh teu bulat-beulit.

“Ya… pasti,  karena tamu masih banyak dan pesta baru berakhir dua jam lagi,” pokna.

“Pesta apa kalau boleh saya tau?” Dada dumadakan oyag-oyagan tarik.

“Pesta pernikahan dia dengan perempuan pilihan orang tuanya.”

Hapé langsung pareum bareng jeung dunya nu karasana eureun muihna. Kuring teu inget naon-naon deui.

Teuing tabuh sabaraha inget. Mémori dipuihkeun deui. Caritaan jalma di telepon tadi ngabalukarkeun jiwa kuring eundeur lain meumeueusan. Tapi kuring kudu kuat.

Laju cengkat. Kuring kudu ngawangkong jeung Miranti tur nyarita nu saenyana. Tapi manéhna geus teu nyampak di kamar hareup. Ukur salambar keretas potokopian.

Gumuruh dada nu rongkah, panon seukeut neuteup tulisan dina keretas. Tilu taun katukang, akad nikah Miranti jeung lalaki nu ngaran Aldi Azwar.(*)

#Komala Sutha

Carpon SundaHikayelerin yaşadığı yer. Şimdi keşfedin