Tarung Di Alam Gaib

0 0 0
                                    

Awak teuing ku leuleus taya tangan pangawasa. Diuk dina jok mobil teu nangreu, golosor deui golosor deui ngagolosor. Mobil ngadius ka Ciater, muru penginapan Villa Sari Alam. Lain arek mondok, ieu mah rek ngadon refreshing ceuk barudak ayeuna tea mah bari sakalian marandi di kolam renangna anu caina panas. Kitu soteh bubuhan dibawa ku minantu nu ngadunungan ka nu kagungan Villa Sari Alam, bageur pisan aranjeunna teh. Tara ngoretkeun, ulah boro ngojay, najan mondok oge sok ditawaran, ngan kuringna we ngarumasakeun maneh.

Sadatangna ka villa, barudak mah teu reureuh heula, langsung bubulucun, gebrus marandi siga nu barungah pisan, silih simbeuh kokojayan bari garogonjakan. Sabalikna kuring, bororaah hayang ngojay atawa ngeueum, awak teu puguh rasakeuneun. Leuleus teh teuing ku leuleus.

Nungguan waktu nepi ka sore asa kacida lilana. Sajam jadi karasa sababaraha jam, panonpoe siga nu hoream ngagilir ngolesed ka beulah kulon, kalah pepedut we mimiti rabul minuhan wewengkon villa.

Waktu sore teu burung datang, barudak ngaruniang haranjat tina pangojayan. Sanggeus diaranduk terus digaranti baju teu poho marake jeket, nyingkahan awak tina katiris hawa gunung. Sanggeus pamitan sarta nganuhunkeun kanu jaga, da nu kagunganana aya di Bandung, terus mulang. Mobil ngoloyong ngaliwatan panto gerbang ninggalkeun villa. Sajajalan awak mingkin teu puguh rasakeunana. Hayang buru-buru geura tepi ka imah, barudak mah sarare bakat ku cape meureun.

Sadatangna ka imah teu sirikna meubeutkeun maneh, guprak kana risbang. Meunang saminggu diopname di rumah sakit. Sanajan boga kartu Asuransi Kesehatan teu buru kapake, da asupna ka rumah sakit swasta. Lain gujih, ieu mah panyakit nu miheulaan datang, memeh daptar pingsan heula.

Aya di imah acan cageur bener, awak masih keneh karasa lungse, gawe ukur nyangkere di bale. Ubar mah aya sababaraha rupa nalambru di juru kamar dina meja diwadahan piring alas.

Keur ngararasakeun kalungse, diburuan aya nu nyalukan. Budak lalaki nu nyalukan teh, sorana mah sora tatangga nu aya tukangeun imah. Sababaraha kali nyalukan, tapi teu terus ditembalan. Didedengekeun bisi salah, tetela sora budak pamuda, Si Yayat tatangga tukangeun imah.

"Pa ...pa ...aya nu nyaur!"ceuk Si Yayat.

"Saha...?"

"Itu Pa, saurna urang tarung paduduaan ayeuna!"

Leng mikir, naha make aya nu ngajak tarung sagala? Pipikiran kulincas-kalinces, lir ibarat lampu cempor leutik katebak angin. Lalaunan, pes seuneuna pareum. Liwat ngaliwatan alam sampeureun, poek mongkleng buta rata, ceuk nu bohong mah teu katempo tungtung curuk-curuk acan. Poek-poek pisan, meredong taya cahaya sakolenyay.

Di buruan, bener aya hiji lalaki make sorban, awakna pendek purekel ngajega pasang kuda-kuda. Kuring turun ka buruan, nyampeurkeun lalaunan, song sasalaman. Nu ngajega teu malesan, malah kadon mundur bari ngepeskeun leungeun kuring.

Panasaran disidik-sidik, tetela manehna teh lain sasaha. Nyata-nyata tatangga imah eces pisan aya tanda dina dirina, panonna pecak. Kunaon manehna ngajakan tarung, padahal asa teu boga musuh hirup teh? Tapi ras inget kana kajadian katukang samemeh kuring gering. Kungsi pembantu manehna ngomong, dititah ku dununganana meuleum menyan jeung ngawurkeun kembang di hareupeun warung kuring. Teu diwaro, inget teh bisi jadi ngipiskeun iman.

Teu kanyahoan manehna luncat bari nyepak satakerna, helob kuring ngahelob. Mun eta sepakan keuna ka kuring, piraku kuring teu ngabeng. Sepakan disusul ku peureup nu buleud, hiuk-hiuk ngaliwatan puhu ceuli, bangbaraan. Sababaraha kali kuring ngagiwarkeun peureup manehna, manehna mingkin nafsu sabab tonjokanana teu keuna-keuna ka kuring. Sakalina kuring malikan nonjok, ceplos deuih teu keuna, kalah angin we ngahiuk kasurungkeun peureup. Tetela, manehna lain lawan-lawaneun memeh mumuluk, pangabisana teu bisa disebut lumayan.

Tarung lain sakeudeung-sakeudeung, geus karasa lilana. Buruan urut tarung ledug tapak suku, tatangkalan nu aya di sakuriling buruan tumpur katincakan. Panyaweran sawareh kentengna pru-pre pareupeus jeung saremplek urut katejeh.

Hiuk peureup manehna ngahiuk. Kuring ngahelob, suku direngkaskeun ka manehna bari dibarengan ku peureup nu buleud, hiuk jebrod. Peureup kuring keuna kana mamarasna, soloyong manehna ngagoloyong, bru nambru sisi kamalir.

Engapan ngahegak naek turun, peureup masih keneh buleud. Panon muncereng nyidik- nyidik nu nambru. Kolesed manehna hudang lalaunan. Kuring mundur saeutik, sayaga bisi manehna narajang teu kanyahoan.

Teu salah tina panyangka, manehna nguniang hudang. Jleg nangtung deui sabihara- sabihari jiga nu teu aya kanyeri. Kuring mundur bari metakeun kuda-kuda bisi manehna narajang. Hiuk-hiuk aya nu ngahiuk hareupeun beungeut. Lob kuring ngelob, sababaraha kali, hiuk ka handapeun suku, gajleng kuring ngajleng, cle dina suhunan. Nu diheumbatkeun singhoreng bedog. Teu sabaraha rupana mah, ngan kaciri seukeutna, sababaraha kali diheumbatkeun sababaraha tangkal jeruk di buruan nu sakitu gedena alambruk.

Hiuk deui manehna ngaheumbatkeun bedogna. Ku kuring digiwarkeun kabeulah kenca, disusul ku peureup katuhu nu ngeplos teu katahan kana palebah angenna. Hek cenah, koloyong manehna ngagoloyong teu tahan nahan tonjokan. Manehna mundur nahan kanyeri tapi bari taki-taki, masang kuda-kuda. Belesat manehna ngabelesat, hiuk-hiuk jebrod, peurerupna ninggang kana dada. Bru kuring nambru kasurungkeun, katambah-tambah bakat ku tarik hembosna angin nu marengan peureup, sabab kuda-kuda kuring teu teu ajeg. Kuring nyangsaya ampir teu walakaya, untung masih dibere eling, gep kana parabot nu nyangklek dina cangkeng.

Biur, biur siga seuneu cahayaan, narajang kuring nu nyangsaya. Kuring sababaraha kali ngagiwarkeun nahan gempuran manehna, ku cara ngagilirkeun parabot nu dicekel.

Tayohna manehna mingkin napsu, terus nyerang sabulang-bentor. Sababaraha kali nyerang sababaraha kali katahan. Tungtuna nu kateter manehna, eleh najan teu nepi ka paragat. Biur manehna ngapung ka awang-awang jauh ka tungtung langit, mingkin jauh-mingkin jauh les duka kamana.

Bray, kuring beunta lalaunan. Kesang karasa ngorolok maseuhan saluar awak. Tikoro karasa garingeun, halabhab hayang nginum. Awak ngalempreh, teu kuat malik-malik acan.

Ngahuleng mikiran nu geus kajadian. Nu disebutkeun tarung diburuan teh nyatana aya di kamar ditempat sare. Saha atuh ari nu bieu tarung jeung kuring? Ari ka lalaki batur tarung mah apal, enya tatangga, ngan pedah bajuna wungkul diganti make sorban. Ret kana bilik, aya keris nyelap, panjangna kira-kira sajeungkal satengah. Ras inget kanu merena, bakat ku haat cenah mere kanyaah bawana ti Cirebon. Naha eta kitu pakarang nu dipake gelut teh? Lain percaya kanu kararitu, sanajan meunang teu ngabibisani, aya kalana jelema loba nu salah, malah muhit ka nu kararitu. Nu jelas tadi katembong lamun enya eta, geus ngilu bebela, mudah-mudahan we lain pikeun ngipisan iman, tapi keur ngandelan iman. Teu aya deui nu langkung kawasa iwal ti Gusti Nu Maha Maha Suci, Nu ngajaring urang beurang jeung peuting.

Waktu geus ngagayuh ka waktuna Magrib. Awak beberesih sanajan ngan ukur ku elap baseuh. Kodomang ngadongkang ubar nu nyampak dina meja. Lep-lep sababaraha hiji, dituturkeun ku cai herang. Barangdahar mah acan sabaraha, matak awak karasa leuleus keneh. Jeung apan deuih ku doktor rada dicegah, barangdahar teh hususna nu ngandung sabangsa tipung kudu rada dikurangan.

Kakara ge rek goledag ngagoledag deui, aya nu ngaharewos kana ceuli duanana.

"Ulah sare wae kudu taki-taki!" ceuk nu ngaharewos kana ceuli beulah kenca.

"Lah bae, aluk mah sampeurkeun jelema tadi tea, tangtang sakalian!" ceuk nu ngaharewos beulah katuhu.

Astaghfirullaaharazhim, alladzi laa ilaaha ilia huwal hayyul qayyuum, wa atuubu ilaih. (*)

#Maman Rachman

Carpon SundaDonde viven las historias. Descúbrelo ahora