Béntang Panggung

2 0 0
                                    

Rombongan pamaen sandiwara Miss Kayah keur rareureuh, sabada peuting maraen nepi ka tabuh dua welas peuting. Dua kali manggung, pertunjukan kahiji ti tabuh tujuh nepi ka tabuh salapan, pertunjukan kadua ti tabuh sapuluh nepi ka tabuh dua welas. Nya sarare teh kana tabuh satuan we meureun, da bareberes heula. Masalah duit mah, sok engke dibaragina teh lamun geus rek baralik. Lumayan geus sabaraha desa nguriling, mucekil-mucekil wae. Geuning loba keneh nu resep lalajo sandiwara. Sugan teh kiwari mah moal aya nu resepeun, da loba lalajoaneun nu leuwih canggih.

Yuyu, Si Bentang Panggung, karek nguniang ti bedengna. Buukna anu nengahan cangkeng katembong kusut. Terus ku manehna digelungkeun. Bari heuay manehna kaluar ti lawang kamar anu ukur ditutupan ku reregan.

"Ieu putri nembe lugay ti pajuaran..." ceuk Jaja bari serengeh seuri. Jaja teh lawan maenna, sabab remen jadi raja atawa anak raja. Malah peuting oge apan nu jadi rajana teh Jaja sorangan. Pantes tuda Jaja mah! Rupana tegep, aya opat lima setripna tina beungeut jajar pasar. Awakna dedeg, leungeunna aya sepiran da sok remen nimba. Di unggal tempat anu didatangan, Jaja mah pasti kabagean jadi tukang nimba. Keur meujeuhna belekesenteng buta tulang buta daging.

"Asa cape pisan peuting mah maen dua kali teh!" tembal Yuyu bari gek diuk ngarendeng jeung Jaja. Sukuna dirumbaykeun ka handap, ucang angge.

"Keur teu sehat we meureun awakna, Yu. Da ari keur sehat mah geuning tara naon-naon..." jawab Jaja.

"Meureun! Da memang aya nu karasa, Kang! Dada beulah kenca sok jejeletitan nyeri," tembal Yuyu daria.

"Uubar atuh ka mantri! Tanyakeun ka urang dieu, dimana kirana mantri suntik!"

"Keun we, asup angin meureun, pedah sok ngabuliklak wae ari keur maen..." tempas Yuyu bari ngaragapan hariguna. Nya asup angin meujeuh, da ari maen teh apan hariguna ukur ditutup ku kemben, teu buni nepi kana beuheung.

"Kerokan atuh ku Eteh, Yu!" Nenah mairan bari jongjon sisiaran, nyiaran Dedeh, pamajikan pingpinan sandiwara Miss Kayah.

"Hih, deuk kumaha engke peuting maen? Meureun reuteum bareureum, tapak ngerokan ..." tempas Dedeh daria. Nenah ukur seuri koneng. Yuyu oge seuri. Kacipta, aya putri tonggongna bareureum, tapak ngerok.

"Keun we Ceu Dedeh, dek ku jajamu. Sugan aya si Ayu ngaliwat..." tempas Yuyu bari ngarenghap. Jaja nyerengeh bari ngareret.

"Rebun keneh si Ayu mah, Aceuk!"

"Hih, na ieu teh tabuh sabaraha kitu, Ja?" Yuyu malik nanya.

"Pukul sapuluh..." tembalna heureut.

"Ya Alloh...! Na mana tibra-tibra teuing sare teh..." omong Yuyu daria.

"Kebluk we! Da Euceu mah kajeun sare wanci janari, angger ngadenge anu adan Subuh mah panon teh beunta..." tembal Nenah bari jetrek, nindes kuar na sirah Dedeh.

"Mani ngeunah, Nen!" ceuk Dedeh bari peureum beunta.

Yuyu, Si Bentang panggung, jung nangtung. Babatek, mani tingderekdek.

"Ka mana?" tanya Dedeh.

"Hayang cikopi, Ceu! Aya kitu cai panasna?" Yuyu malik nanya.

"Aya keneh meureun dina termos. Batur mah da geus narinyuh tadi." Tembal Dedeh. Manehna ngaleos ka tungtung bedeng anu dijieun dapur umum. Unggal sandiwara Miss Kayah maen ge, pasti nyieun wangunan darurat saperti bedeng. Nyieun lima bedeng, kagenep dapur umum. Basajan naker, ukur dipipindingan ku bilik, tamba kaanginan. Ke dimana geus rengse maen, bedeng teh dibalongkar deui, dibawa pindah kana treuk. Kitu jeung kitu we salila welasan taun teh, da tacan boga wangunan anu permanen. Wah, ngajul bulan ku asiwung hayang boga gedong sandiwara mah. Jeungna deui, naha moal baroseneun kitu anu ngalalajoannana? Apan ari kieu mah ti desa ka desa maen nguriling, sok aya malah sok loba we ning nu lalajo.

Si Bentang panggung ninyuh kopi. Gulana ukur satengah sendok, da karesepna kopi pait. Karek oge deuk cur ninyuh kopi, kolebat beungeut anakna nu karek di SD kelas tilu. Anakna anu ti barang gubrag ka dunya geus ditinggal-tinggalkeun manggung. Budak teh estu gede ku nini.

Sakapeung manehna sok ngarasa dosa. Dosa teu pisan ngurus anak. Sok sanajan manehna anu ngabiayaan, tapi tetep leungeun nini anu ngagedekeun budak mah. Dosa ka popotonganana, ka bapana budak. Apan tepi ka pipisahan teh alatan manehna bedegong hayang wae maen sandiwara. Hese meureun deuk ninggalkeun pangaresep teh. Ti bubudak cita-citana hayang jadi pamaen sandiwara. Tinekanan. Jaba bisa ngala duit sorangan, najan leuleutikan ge. Mana kajeun papisah jeung salaki, batan daek dicarek. Manehna ngahuleng. Panonna bareubeu deuk ceurik. Kasono ka nu jadi anak, ampir bedah. Sakapeung datang rasa kaduhung. Mun ngagugu mah ka salaki, meureun moal ider-ideran bari sare dina samak saheulay di jero bedeng. Meureun moal kudu beunta nepi ka peuting. Meureun bakal disenangkeun, diimahan, diparaban, diurus, direunceuman ku emas-emasan. Da cenah geuning popotonganana teh maju usahana. Milik we eta mah pamajikanana anu ayeuna.

Gelas anu dieusi gula kopi ku manehna ditinyuh. Mani ngebul cai tina termos teh. Terus dikocekeun. Gek, manehna diuk dina jojodog, dijuru dapur darurat. Deukeut kompor nu hurung, ditagenan langseng.

Sakeclak, sakeclak cipanonna nyakclakan. Yuyu, Si Bentang Panggung ceurik. Na rek kieu wae nepi ka kolot? Da meureun lamun geus kolot mah moal meunang peran jadi putri. Jadi emban oge boa teuing. Malah saha nu nyaho kalah didupak ku pingpinan sandiwara. Ayeuna, keur geulis keneh, cangker keneh, ngora keneh, dijieun primadona. Teuing isuk jaganing geto mah. Kumaha nasibna.

Cipanonna beuki nyurulung. Putri anu peuting suka bungah, ngumbar imut, ayeuna ceurik dijuru dapur, nyeungceurikan poe isuk anu tacan karuhan. (*)

#Holisoh M.E

Carpon SundaWhere stories live. Discover now