Si Gatot

0 0 0
                                    

Ngaranna Sanusi, nenehna Usi. Ngaran basajan, lain ngaran extra-ordinary. Umurna kakara opat taun. Sapopoe sok buligir, tara dicalana-calana acan. Awakna seseg rada bucitreuk. Dahar rewog. Sagala bres. Komo mun dibere sampeu manehot, sampeu nu semu koneng, mun diseupan semu beukah, matak uruy. Dahar sampeu manehot bari sila andekak, buligir, nyocolan sambel goang, seuhah, kesang renung dina tarang.

Usi tara kacaturkeun kungsi gering, paling ukur ngingsreuk kitu ge tara lila. Mun hujan, boh hujan leutik boh hujan gede kudu we huhujanan di buruan bari nyoo leutak. Sare dimana dugna. Tetep buligir. Teu betah pisan disimbutan. Kulit sukuna, palebah bitis luarna, mani kandel. Kandel nanding kulit sapi, bakating mindeng digembrong dicoco reungit. Dicoco reungit mah sigana geus teu karasa, komo bangsa bentol ku hileud mah tara kacaturkeun pisan.

Ulin idek liher di buruan. Keur mah ongkoh imahna Usi teh aya di sisi kebon, jeung deuih ari di pasisian mah, di Cibogo Tonggoh, imah teh ancal-ancalan. Anggang jeung tatangga.

Lanceuk-lanceukna geus rada gede, Usi mah tara dibabawa ulin, da dianggapna leutik keneh.

Bapana Usi, sapopoena tatanen. Boga sawah jeung kebon. Nu di sawahan mah teu pati lega, asal hasilna cukup keur dahar sapopoe. Panghasilan nu rada munel tina kebon. Di kebon melak sampeu, hui, taleus jeung sayuran. Bubuahan ge loba, sabangsaning jambu batu, nangka, alpuket, nu kawilang loba teh salak. Salakna sok disebut masir, cenah mah mun didahar karasa siga keusik jaba amis deuih, haseum saeutik, matak seger karasana. Siga salak Bali.

Usi sapopoena sok diasuh ku ninina, komo mun emana Usi keur ka sawah.

Hiji waktu Usi dicalukan ku ninina

"Ujang kadieu, ieu nini mere anak hayam. Diurus nya sing hade nya," kitu cek ninina bari mikeun anak hayam sagede peureup kolot.

Usi atoheunana dibere anak hayam teh, ajrag-ajragan jeung emprak.

"Ieu mah bakal jadi hayam jago," cek ninina. "Geura tingali!" Anak hayam dicekel, tuluy sela pingpingna digesek ku dampal leungeun. Enya we hulu hayam teh ujug-ujug ngeluk siga rek kongkorongok.

Usi resepeun, seuri nyeuleukeuteuk ningali hayam ngeluk siga rek kongkorongok teh.

"Ari indungna kamana, nini?" cek Usi.

"Duka teuing ku careuh duka teuing ku heulang, ieu anakna nu salamet, ngan hiji".

Usi ngahuleng. Tuluy Usi mawa anak hayam ka kebon, dipangorehkeun kahakanan tina runtah.

Usi geten ngurus anak hayam. Unggal poe dibawa ulin ka kebon atawa ka sawah, dipangorehkeun rinyuh, cacing jeung kadaharan sesa. Ari sare kudu bareng jeung anak hayam, puguh we indungna ngambek, Usi keukeuh, tungtungna ku bapana Usi, anak hayam teh diwadahan kana tingkem, diteundeun gigireun Usi. Hayam morontod tereh ngagedean, lantaran alus parab.

-=oOo=-

"Ujang urang bere ngaran hayam teh nya" cek ninina.

"Naon nini ngaranna?"

"Si Gatot we nya".

"Naha dibere ngaran Si Gatot, nini?" cek Usi bari neuteup mureleng ka ninina.

"Engke ku nini dipangdongengkeun pangna hayam dibere ngaran Si Gatot. Ayeuna mah urang mandi heula, bisi kaburu sore".

Usi jigrah. Usi ngingkig leumpang ka pancuran, rek mandi. Dituturkeun ku ninina.

Pasosore, di tepas, bari ngadagoan magrib, ninina Usi ngadongeng pangna hayam dibere ngaran Si Gatot.

Paralak ninina Usi ngadongengkeun carita wayang, kulawarga Pandawa jeung anak-anakna. Dongengna dijojoan. Salah saurang anakna Bima nyaeta Gatotkaca.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now