Mangandeuh

0 0 0
                                    

Ki Somad geus saged, dicalana pangsi, baju kamprét, sirahna dibakutet iket. Gap kana kanéron terus disoléndangkeun. Rét ka Ma Irah nu camberut, biwirna badis tutut.

"Sugan téh geus dangdan! Deuk milu satéh?" cék Ki Somad.

"Lain teu hayang milu kami mah, deuk naon ulin ka dayeuh, cumah lah. Ngahahambur waktu jeung ongkos!" témbal Ma Irah nu keur ngécosan kutang.

"Aw...! Jadi katojos!" pokna deui bari ngalamot curuk nu aya getihan.

"Deuk milu, moal? Lamun moal, kami rék indit jeung si Icah!" Ki Somad ngaléos.

Jung, Ma Irah nangtung, leungeunna ngabetot baju Ki Somad, "tuh nya! Icah deui, icah deui! Pasti jeung si Icah mah balanja ka Dezon, ari jeung kami mah ning tara meuli nanaon? Ukur ngadon diuk di Alun-alun! Kuring hayang cingcaw gé tara digugu. Deukeun siah kanjut-kundang téh! Ngeunah samah mamaké duit kuring!"

Ki Somad olohok, tara-tara pamajikanana ngawakwak kawas kitu.

"Deukeun siah!" Ma Irah ngagorowok deui.

"Tah! Kop téh teuing, si Icah gé loba duitna, malahan leuwih ti manéh!" Belewer kanjut-kundang dialungkeun méh waé keuna kana beungeut Ma Irah.
Ki Somad ngaléos rék nyampeur Nyi Icah pamajikanana anu ngora.

Di jalan pasangrok jeung Jang Aman, reg Ki Somad ngarandeg. "Rék ka mana eung, meni saged kitu?" ceuk Jang Aman.

"Rék ka dayeuh jeung Nyi Icah. Ari silaing rék ka mana? Ki Somad malik nanya.

"Rék ka girang, ngalongok sawah bisi ayeuh!" jawab Jang Aman.

"Hayu atuh Jang, bisi beurang teuing!" cék Ki Somad.

"Mangga Ki! Aéh..., pangnalangkeun jeruk Garut sakilo mah, nya! Pamajikan kuring nyiram, hayang nu seger cenah!" cék Jang Aman bari terus indit.

Anjog di imah Nyi Icah, nyampak keur ngagusrek nyeuseuh di kamar mandina. Teu tata pasini, "Nyi, menggeus nyeuseuh téh! Hayu urang ulin ka dayeuh!" pokna.

"Asik. Aceuk Irah tos panén nya? Ké atuh badé ngebak heula!" Haté Nyi Icah bungangang. Cul seuseuhaneun, baragadal muka pakéan di hareupeun Ki Somad. "Antosan di payun atuh Kang!" cék Nyi Icah bari nyanghareup ka Ki Somad. Lat, Ki Somad poho kana tujuanana. Panonna neuteup kana awak Nyi Icah nu sampulur.

"Beurang mah asa leuwih cékas ningali awak Nyai téh!" sora Ki Somad semu haroshos.

"Wéw ah! Bongan Akang, ngiliran abdina sok wengi waé!" témbal Nyi Icah bari uman-imen.

"Hayu atuh, ayeuna!" Ki Somad ngadeukeutan. Gep kana cangkéng Nyi Icah nu lengik lir papanting. Terus dipangku dibawa ka kamar hareup.

Selang limalas menit duaanana kaluar ti kamar, sup ka kamar mandi. Bari mandi suka-seuri, silihruruan. Barang Nyi Icah ningali bujur Ki Somad, "ih, geuningan kawas maung tutul!" bari nyeukeukeuk.

"Eh, totol-totol gé pamuntangan Nyai. Ningan bieu gé muntang meni tipepereket!" témbal Ki Somad nu bujurna pinuh ku tapak budug.

"Akang mah ni kitu," ceuk Nyi Icah.
Gewur, gewur sora cai ngabanjur nu suka-ati.

Réngsé mandi, Nyi Icah mah terus dangdan, ari Ki Somad sanggeus dibaju téh terus diuk dina korsi.

"Nyi, aya kopi?" ceuk Ki Somad, dayagdag nyarandékeun awakna.

"Teu aya, urang mésér heula nya!" témbal Nyi icah gura-giru dibaju.

"Sakalian jeung rokona!" ceuk Ki Somad bari neuteup ka nu kaluar ti imah.

Anjog ka warung Bi Enok, nu keur balanja méh kabéh panénjona museur ka Nyi Icah nu buukna baseuh. "Adus nih yéh!" ceuk Bu Hasnah.
Nyi Icah aluman-alimen.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now