Cimata Indung

0 0 0
                                    

Bari angkaribung ku babawaan, gagancangan kuring leumpang mapay galengan, ninggalkeun lembur. Di hareupeun warung Ceu Enok, kuring eureun bari ngecagkeun dua jingjingan. Gek diuk dina bangku panjang paragi dariuk nu ngaradon ngopi bari nyegat mobil elep atawa beus.

“Na… asa suwung kieu, ieu teh, Ceu?” cekeng bari top nyokot bala-bala haneut hiji, tuluy dihuapkeun. Biasana tabuh sakitu, di warung Ceu Enok sok pinuh ku nu barang beuli utamana nu rek nyaba, sok ngadon ngopi heula cara kuring ayeuna, bari nyegat mobil.

“Tadi… Kang Karna jeung Mang Amud, ngaropi. Rek nyaraba ka Bekasi. Cenah aya pagawean. Dulurna nu ngumbara di ditu, rek ngadegkeun deui imah. Karek bieu pisan naek beus.
“Oooh…! Ceu, nyungkeun cai!”

Ceu Enok ngasongkeun gelas balingbing eusi cienteh panas. Saeutik-saeutik, kuring ngaregot. Tuluy nyokot goreng ketan. Am, disamualkeun. Untung teu meleg, da ketanna leutik. Lapar, atuda ti imah can sempet sasarap. Rurusuhan, bisi tinggaleun beus. Ari tepi ka jalan gede, beuteung karasa lapar. Antukna, ngetem heula di warung ieu. Kabita ningali bala-bala jeung ketan.

“Rek ka mana ari Nyai Ipah?” Ceu Enok nelek-nelek kuring nu dangdan beda ti sasari. Sanajan anyar balik ti Saudi, panampilan kuring teu kawas TKW nu lian. Sakapeung sok marahiwal, sagala dipasangkeun. Make pakean nu moronyoy jeung hurung ku papaesan. Oge wedak jeung lipensetip nu kandel. Kuring mah basajan we da tadina ge ti lembur, teu hayang ningalikeun boga duit, malah kalah ngabibita bangsat.

“Eu… ka… Cianjur, Ceu!”

“Ka saha?” Ceu Enok kerung.

“Ka…” luk, kuring tungkul. Sok sieun pajarkeun rek nepungan popotongan. “Hayang tepung jeung budak, Ceu.”

“Ooooh… enya, kakara inget budak Nyi Ipah teh di Cianjur. Geus badag meureun budak teh?”

“Genep taunan, Ceu.”

“Ari Wawan, geus boga deui pamajikan?”
“Haaar…ari Ceu Enok na teu terang? Pan abdi diserenkeun teh alatan Kang Wawan kawin deui ka nu sejen! Batur sapagaweanna di pabrik sapatu.”

“Ku nurustunjung ari lalaki!”

Kuring nyerengeh, sanajan hate nyeredet. Ras inget, waktu Kang Wawan kawin deui tanpa sakanyaho kuring. Nyeri hate teh lain bobohongan. Kuring menta diserahkeun. Teu sudi didua. Teu suka dipangwayuhkeun. Hate dirarajet matak begang awak. Leuwih hade kuring hirup sorangan tibatan jadi nu kolot bari teu kungsi dicukupan pangabutuh.

Harita Kang Wawan daek nyerenkeun asal make sarat, budak kudu milu ka manehna, dibawa ka Cianjur, lemburna. Tadina kuring teu narima, tapi sanggeus pihak kulawarga kuring jeung Kang Wawan badami, yen budak tetep rek cicing jeung bapana, tapi kuring bebas nepungan ka Cianjur. Jangji kulawargana, budak ge bakal mindeng dianjangkeun ka Panamur, lembur kuring, supaya bisa panggih jeung kuring, tur silaturahmi bisa manjang. Mudah-mudahan. Ku kituna mah kaharti. Leuwih hade budak nu datang ka Panamur, da ari kudu kuring nu ka Cianjur mah, euh…pimanaeun ongkosna. Ongkos ka Cianjur teh pan mahal, kudu buburuh tandur heula sababaraha minggu.

Najan rada medenghel, ahirna kuring ngelehan. Dua bulan ti harita, kuring didaftarkeun ka sponsor nu aya di Malangbong, jadi calon TKW, bari guling diri. Malah mun fit, kolot kuring ditinggalan kana sajutana. Kuring kabita. Sanggeus di Jakarta cicing di PT, kuring dinyatakeun fit. Teu lila, kuring ngapung ka Saudi. Saenyana, kuring bari mapalerkeun kakuciwa, ngubaran kapeurih hate nu geus dirarajet ku Kang Wawan.

Karasa, aya cai dina kongkolak panon kuring.

“Nyi Ipah!” Ceu Enok ngagebah lamunan kuring bari katingali carinakdak. Meureun ngarasakeun kapeurih hate kuring.

“Nyi Ipah ngora keneh. Panjang keneh lalakon. Jaba geulis, tangtuna rea lalaki nu miharep!” Ceu Enok kawas nu ngupahan.

“Saha atuh Ceu, lalaki nu miharep abdi? Abdi saukur rangda ti kampung, anak jalma malarat.”

Carpon SundaOù les histoires vivent. Découvrez maintenant