Rusiah Di Imah Kosong

0 0 0
                                    

Bapa nu kitu téa mah,  nanaonan jeung pindah ka pasisian.  Jaba imah nu kakara dibeuli téh jauh ka tatangga. Katambah tempatna hara-haraeun.  Rék teu kitu kumaha,  di tukang  kebon awi. Di buruan rajeg tangkal galedé. Matak maruringkak.

Tapi Bapa mah sigana téh teu sieun.  Basa kuring nyaritakeun ngeunaan éta,  dua poé ka tukang. 

“Wanto,  ari hidep siga lain lalaki waé.  Yeuh,  éta mah ukur sawangan nu aya dina pikiran hidep. Diwawaas.  Nyipta-nyipta nu pamohalan. Nu sabenerna mah euweuh jurig téh,” saur Bapa harita bari nganggo saragem.

Harita mah Bapa téh dines énjing,  jadi peutingna kuring teu keueung.  Tapi ayeuna, peuting ieu, Bapa dines wengi.  Jeung deui saurna, Bapa badé angkat rada sontenan.  Teu kabayang mun kuring kudu cicing di imah sosoranganan.

Motor beuki deukeut ka imah.  Ti kajauhan, katempo imah téh geus pruy-pray.  Sugan wé Bapa teu acan angkat.

Reg motor eureun,  tuluy diparkirkeun di tempatna. Gandeuang  ngadeukeutan panto, tuluy keketrok.  Ti jero kadéngé sora nu muka tulak.  Bray panto muka. Tapi, geuning nu muka panto téh sanés Bapa.  Ieu mah awéwé kolot.  Kira-kira umur genep puluh taunan.  Buukna méh bodas kabéh.  Nyéh imut. Huntuna kari sababaraha hiji.

“Adén,  wilujeng sumping. Nepangkeun Bibi.  Bi Marsiah, ti yayasan pembantu rumah tangga. Disungkeun kanggo babantos di dieu,” ceuk éta awéwé kolot bari nyolongkrong ngajak sasalaman.  Gap ditampanan.

“Dupi Bapa ka mana,  nya?” kuring garo-garo teu ateul.

“Oh,  juragan mah tos angkat tadi sonten. Mangga ka lebet,  Adén. Tuangeun mah tos sayogi di luhur méja.”

Kuring asup ka jero. Kebat ka kamer nu aya di lanté dua.  Ucul-ucul.  Sanggeus ganti baju, laju turun deui, muru méja makan nu geus pinuh ku kadaharan; hurang,  hayam goréng,  bihun dicabéan,  malah pais lauk ogé aya. Biwir kumétap. Enya tuda éta mah kabéh gé karesep kuring.

Teu talangké,  habek wé dahar.  Ngalimed. Teu lila gé alas téh geus beresih.  Ukur nyésa cucuk lauk. Eureuleu teurab.  Kuring ngalageday kana korsi.  Panon ngadadak tunduh. Padahal tadina mah rék lalajo maénbal MU VS Machester City. 

Jung cengkat.  Léos ka luhur,  muru kamer.  Sanggeus di jero kamer,  kalacat ka luhureun tempat saré.  Awak dibulen ku simbut.  Teu kungsi lila,  kuring peureum, ngambah alam impian.

Teuing sabaraha lila kuring saré. Ngadadak ngoréjat,  basa aya nu ngetrokan panto kamer.

“Saha?” cekéng bari muka simbut, gagancangan muru panto.  Bray dibuka. Tapi euweuh sasaha.

Ngahuleng.  Naha nu bieu téh ukur dédéngéan kitu?  Tapi da atra aya nu ngetrokan panto. Kapan kuring gé hudang téh alatan ngadéngé sora nu keketrok.  Moal kitu Bi Marsiah?

“Bi!  Bibi!” kuring leumpang ka luar kamer. Tapi nu digeroan teu némbalan.  Gancang turun ka patengahan.

Ti lebah kamer tukang, kapireng sora nu ngabangingik.  Reg kuring ngeureunkeun léngkah.  Lalaunan ngadeukeutan ka lebah éta kamer.  Kamer nu can kungsi dibuka ti saprak kuring jeung Bapa nyicingan éta imah. Tapi sigana tadi ku dibuka ku Bapa,  keur kamer Bi Marsiah.

Sanggeus aya di hareupeun panto kamer, ceuli diantelkeun kana panto.  Gap leungeun nyekel gagang panto. Jantung ngadadak ratug.  Naha saha atuh nu ngabangingik di jero kamer?  Bi Marsiah kitu?  Tapi naha maké ceurik?  Jeung deuih sorana matak muringkak bulu punduk. 

Panto dibuka lalaunan.  Jep,  sora nu ngabangingik eureun.  Kaayaan di jero kamer meredong.  Kuring asup. 

“Bi,  Bi Marsiah!  Aya naon,  Bi?” cekéng.

Carpon SundaOnde histórias criam vida. Descubra agora