Dehem

0 0 0
                                    

Dua pasir deui leuweung awi nu kudu disorang ku manehna. Di langit, bulan teuing di mana, sarta bentang-bentang nyarusup kana mega kulawu. Gaang geus areureun ngeangna ditema ku sora caricangkas jeung bueuk kukueukan kawas nu mere wirahma kana lengkahna. Oborna geus beak minyak, tapi hatena - aneh - bet teu ngarasa salempang atawa hariwang.

Kawas aya gaganti obor nu leuwih ti obor. Nu bisa tetep ngareugreugkeun hatena. Ninggang kana sisindiran "Gorek-gorek manuk tuweuw, disada dina taweuran."

Tapi ngan sakeudeung manehna boga pikiran kitu teh, gancang disalingkerkeun dina kelir lelembutanana. Tuluy nginget-nginget pamajikanana nu harita tangtu keur ngadagoan. Geus sabroleun.

Manehna keur meujeuhna gede duriat ka pamajikanana teh, bisa jadi ku perbawana rek boga anak. Apan cenah, anak teh talining duriat sosoca rumah tangga. Ieu deui mani dagdag-degdeg pisan waktu pamajikanana nyarita yen beuteungna geus karasa teh. Gancang sadia obor da harita geus reupreupan, kencling neang paraji mani satengah lumpat.

Ari imah Nyi Paraji, jauh. Kahalangan ku tilu pasir ti imahna. Pasir nu pinuh ku leuweung awi tea.

Harita, tinggal dua pasir deui nu kudu disorang ku manehna. Oborna geus kakalincesan. Bet jeung ngaruy deuih. Tapi hatena tetep reugreug. Jalan nu rek disorang, asa leuwih caang batan mawa obor nu ngabebela. Langit kulawu asa cangra.

Da enya, dina hatena teh karasa lir aya cahaya enyay-enyayan. Beuki lila beuki ngagedean. Cahaya nu bareto sababaraha taun nu geus kaliwat kungsi nyaangan hatena, waktu manehna nyorang leuweung awi eta, bareng jeung hiji jelema nu jadi mutiarana jelema waktu harita.

Bet terus ngagudag-gudag eta cahaya teh. Cahaya batin nu leuwih caang tibatan cahaya obor, da diminyakanana ku minyak batin nu pabrikna oge ngan aya dina batin. Sihoreng sakur nu clikna tina batin atawa nyayna tina rasa, aya kalana ngelehkeun kakuatan lahiriah.

Cara harita, atawa cara bareto sababaraha taun nu geus kaliwat, pikeun manehna. Paduduaan di tengah leuweung awi, jauh ka ditu ka dieu, peuting keur poek bulan. Da keur pada suka, teu ieuh sieun teu ieuh honcewang. Nu puguh resep nu aya.

Kagebah ku seorna daun awi ku anginna, ras manehna inget tina lamunanana. Gancang maca istigfar dina hatena.

"Bet pangbibita setan wungkul," cek hatena. "Apan pamajikan aing mah lain ieu, tapi itu, ieu mah nu deukeut, lain-lain daun awi."

Tapi da bongan padeukeut. Bisa kadeuleu kaambeu. Treupna paneuteup ka nu leumpang hareupeunana, bet parat kana lelembutanana, srek...ser. Dina keur kitu da puguh manehna lalaki, angen-angen kalalakianana mah angger cunggelik, teu kalis dilain-lain bet terus ngaenya-enya. Tuluy manehna balaka ka sadirieunana, yen hatena nitipkeun keneh birahi, nyangsangkeun keneh duriat, ka urut kabogohna bareto.

Ku kituna, da bongan duriat pegat kapaksa, dina hatena mah angger teu suka. Jeung ku kituna deui munasabah mun harita waktu keur paduduaan di tengah leuweung awi nu jauh ka mana mendi hatena ngaituh-ituh, ngahucuh-hucuh, nitah nembongkeun kalalakianana ka nu leumpang hareupeunana.

Keun ku urut kabogoh, kumaha da ieu mah nya urut kabogoh nya keur rarandaan. Sesebutan randa ieu meureun nu nimbulkeun tambah bedana rarasaan teh. Mun dina kadaharan tea mah tayohna kawas neuleu bacreuk, pikabitaeun. Sualna harita, kumaha supaya eta bacreuk bisa pindah kana piring alasna. Da ari geus dina piring alas mah..., ah!

Ari nu leumpang hareupeunana, teuing ku jejem kana lengkahna. Carekna leumpang teh leumpang bae. Teu luak-lieuk atawa ngajak ngobrol. Nyaritana ge saperluna pisan, mun ditanya. Leumpangna gagancangan bangun nu hayang waluh tepi.

Nenjo kaayaan kieu, lalaki mana nu kabeneran boga kahayang nu teu garasa beuki geregeten? Da boga rasa teu dibaturan lalajo. Lalajo lalakon nu engeus-enggeus. Manehna wungkul boa nu ingeteun teh. Inget sapihak, inget nogencang. Ari nu dipikainget sanajan aya di hareupeun bet bangun teu inget-inget.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now