Éntog Teu Mulang

0 0 0
                                    

Jam tilu sore...

"Si Ahmad geus ngaliwat, manehna?" cek Mang Oji ka pamajikanana.

"Bieu mah mawa carangka ka kidulkeun, tapi can katembong balik deui," walon Bi Rukim.

"Kumaha papakeanana?"

"Dicalana komprang, make dudukuy, ngajingjing arit."

"Henteu make kopeah?"

"Henteu. Ari kitu aya naon, teu karuh-karuh nanyakeun Si Ahmad?"

"Biasana wayah kieu teh geus indit ka masigit. Pohoeun kitu?"

"Atuda kakara oge jam tilu."

"Baruk? Kakara jam tilu?" Mang Oji ngorejat. "Ari sugan teh geus satengah genep. Naha waktu teh, mani asa leuir-leuir teuing?"

"Da Akang mah, puasa teh ngan ngareretan bae jam. Bangbrangkeun ka dituh, ngarah henteu ngabarungsinang!"

"Lain ngabarungsinang. Eta, nanyakeun Si Ahmad soteh, hayang geura-geura ngadenge manehna adan. Mani asa ngeunah kana ceulina teh."

"Puguh bae, da wedalan pasantren Bojong. Ngajina oge alus, kungsi jadi juara kacamatan apan."

Mang Oji ngahuleng, bari ngadayagdag kana korsi. Sukuna nyampay dina meja. Ragamang kana saku, ngusiwel ngaluarkeun bungkusan.

"Siga rek udud, manehna?"

"Gagabah teuing! Rek dipindahkeun kana meja ieu mah, titatadi disakuan bae!"

"Bako timana kitu?"

"Pamere Si Darmita, tadi isuk-isuk. Bako kawak bejana mah, da diasaan teh mani seungit melenghir."

"Baruk diasaan ongkoh?"

"Enya, tadi ti peuting, balik tarawehan!"

"Lain isuk-isuk diberena oge?"

"Na talete teuing atuh!"

Ngahuleng deui. Panonna neuteup ka buruan, ngaliwatan panto nu ngageblang. Katempo budak leutik keur ngadahar cau. Mang Oji neureuy ciduh.

"Gogoda..." gerendengna. Ret deui kana jam. Kakara satengah opat. Dayagdag deui. Huleng deui. Naha atuh, ari korejat teh siga manggih kareuwas. Berengbeng ka dapur, leumpangna mani blag-blig-blug.

"Aya naon?" cek pamajikanana nu keur campego hareupeun hawu bari ngasur-ngasur suluh.

"Ari daging entog geus dijait?"

"Enggeus. Tuh, dina pago, diwadahan ayakan."

"Geus diasakan?"

"Acan, da beurang keneh."

"Kade bisi kapopohokeun."

"Moal, apan kami ge hayang ngasaan."

"Heueuh, sakali-kalieun mah buka puasa teh ku nu ngarareunah, bangsaning dadagingan, ulah asin deui-asin deui. Kumaha ari keur tajil, aya keneh candil, lin?"

Carpon SundaWhere stories live. Discover now