Daun Puspa di Studio 42

0 0 0
                                    

Bari ngadagoan balad-balad di rohang tunggu, tamba kesel, sok resep niténan poster-poster band indie nu  rapang dina témbok, kungsi diitung teu kurang ti sapuluh frime. Rupa-rupa angle dina potona téh, aya tujuh  keur perform dina panggung  agréng, anu tilu deui mah potona téh keur nampa piala, sigana jadi juara dina perlombaan.

Sok kabita mun nempo kitu téh, iraha atuh band kuring meunang piala? Aéh…Tong boroning jadi juara, apan can kungsi milu perlobaan sakali-kali acan. Jaba deuih, can pati loba job. Kakara meunang  job agustusan jeung  perpisahan sakola gé geus atoh, teu nempo honorna ku sangu kotak cap hatur nuhun, anu penting nambah jam terbang.  Nya, sakitu gé alhamdulillah, apan keur naratas, sugan jeung sugan ka hareupna bisa ténar siga batur.

Teuing pédah grup kuring mah teu parok jeung batur, kitu?  Jadi hésé meunang  job. Band indie anu keukeuh, panceg midangkeun lagu-lagu Sunda.  Ti kawih  jadul nepi ka anu kiwari, diulik, diaransemén ulang ala-ala musik reggae jeung pop modéren, nu teu leupas ti sentuhan étnik Sundana. Anu dipiharep, sugan jeung sugan sanggeus lalajo band kuring, kaom milénial bisa mikawanoh jeung mikareueus basa indung. Éta misi anu diemban Geulis Band téh. Asa pamohalan, nya? Ah, nu penting mah  aya tarékah, ka dituna mah kumaha engké waé.

Rét kana white board  jadwal latihan, nu ngagantung gigireun panto anu asup ka studio. Nengetan jadwal poé éta. Nyaan  Saptu mah pinuh, nu ngaréntal téh. Ti mimiti pukul sapuluh beurang nepi ka tabuh  dalapan peuting taya nu lowong. Kajaba adan lohor jeung magrib anu kosong téh. Aya lolongkrang waktu satengah jam keur solat jeung istirahat.  

Teu rék ngantay kumaha anu latihan  di Studio 42 mah, najan tempatna rada nyingkur, di Jalan Kutamaya  No. 42. Réntal studio musik  ieu kawilang murah. Mun di nu séjén geus tujuh  puluh nepi ka dalapan puluh rébu sajam, di dieu mah masih lima puluh rébu. Bari jeung alat-alatna lengkep: dram, gitar mélodi, gitar ritem, gitar bas, keyboard, cube, épék digital, sarwa bermérek lain nu écék-écék. Geus puguh, mik  jeung audiona empuk  kana ceuli, tara guak-guik. Di Jero full AC, teu matak hareudang. Atuh peredam suarana teu tembus ka luar, moal piomongeun tatangga. Katambah operatorna geus pangalaman, da cenah kungsi jadi kru sound system gedéan.

Saparapat jam deui ka latihan, balad-balad can hol waé. Ditanya dina WA grup mah keur  OTW, cenah. Ngan teuing jauh kénéh henteuna mah. Rada héran biasana sok sarua gasik, tara telat daratang. Ieu gé ari elat teuing mah henteu, ngan nyantek pisan ka jam latihan . Anéh? Jeung opatanana deuih.

"Saatos ieu bagéan Geulis Band, nya, Néng!” Teu kanyahoan Om Malik, admin sakaligus operator studio geus aya gigireun.

“Oh, muhun, Om.” Kuring ngagebeg, kagareuwahkeun.  Rét kana jam tangan, jam dua kurang dalapan menit.

“On time tabuh dua, nya. BTX  Band sakedap deui abis waktuyah.” Manéhna méré isarah, ngangkat leungeun katuhu, tungtung curuk jeung jempolna dibuleudkeun, ngabentuk huruf O.

Teu lila nu digaoan tingkurunyung, turun tina Mobilio warna bodas nu disetiran ku Anya. Bari hahah-héhéh, marénta hampura.

“Sori, sori, Neu. Sayah téh nyampeuran heula pasukan. Jeung ieu kendaranana dipaké heula ku papah,” ceuk Anya, laju cipika-cipiki. Dituturkeun ku Yuceu, Ririn, jeung Salza.

“Iyah, déh. Atuda tara-tara ti sasari mani ngapas waktu kieu,” cekéng, medenghel.

“Sakali deui sori. Keun briping mah  bisa sambil  latihan pan. Okéh?” ceuk Anya deui, teu leupas ti imut kareueutna. Teu ditémbal, ukur dibales ku unggeuk.

Barudak BTX  geus ka luar ti studio. Om Malik ngodeuan ti lawang, ngacungkeun jempol ditunjukkeun ka jero, tanda bagéan grup kuring latihan.

Bring. Sup. Gup-gap kana cekelan sewang-séwangan.

Gék, kuring tukangeun dram, terus memener posisi diuk. Gap, kana setik nu nyampak luhureun snare. Suku katuhu neueul kana pedal dram, dicoba digedug-gedug. Dug-dug-crék, dug-dug-crék, … Suku jeung leungeun maén, nyobaan sora dram. Sanggeus ngarasa cukup, kuring ngacungkeun jempol, ka nu opatan.

Anya ngacék setélan épék jeung gitar mélodina: diajaran akorna, dipetik, jeung dimélodikeun. Yuceu geus nyoléndang basna, bari nyetél tone cube. Ririn geus stand by, ramo-ramona mimiti ngulayaban tut-tut keyboard-na. Sedengkeun Salza, sang vokalis, keur ngatés sora mik.

Latihan dimimitian ku instrumén Mojang Priangan, nu diaransemén reggae.  Ngahaja ketukanana rada digancangkeun, ngarah ngahudang sumanget. Ieu instrumén téh ngarupakeun instrumén kojo, sok dipaké opening saban-saban manggung.  

Luyu jeung anu dibadamikeun dina WA grup, latihan  poé ieu rék ngasakkeun pirigan Daun Puspa, kawih lawas anu jadi  sohor, saprak dikawihkeun  ku Euis Sekar Lumigar. Malah dina hiburan organ tunggal jeung dangdut jaipong mah, ieu lagu téh laris pisan.

Okéh, siap, nya. Salza ral heula sapada. Kin, langsung asup musik,” jep sakedapan, “Kasih nada dasar D, Rin!” Anya, sang mélodi  méré arahan.
   
Disawang ti kaanggangan
daun puspa saé pisan
daun nu jadi impian
éndahna aya di taman    

Halimpuna sora Salza minuhan rohang latihan. Maju ka  pada anu kadua dipirig ku musik:

Daun puspa anu kuring
dipiéling beurang peuting
waktu pasini duaan
manéhna milu marengan

“Heup, heup. Ku naon témpona teu angger kalah ngendoran, Naneu?” Anya ngagorowok.

“Enya, jadi kagok kana basna, Neu!”
témpas Yuceu.

“Oké, okéh … Ulangi deui ti awal, nya!”  kuring malik ngagorowok, bari mikir. Rarasaan  mah teu salah, nakol dram setabil.

Salza ngahaleuang deui ti pada kahiji, langsung asup ka pada kadua. Kuring ati-ati pisan bisi salah ketukan.

Jep, nu séjén ngeureunkeun alat musikna.

“Euh… Kumaha témpona teu angger, ngayayay kieu?” Salza nu komén ayeuna mah.

“Konséntrasi atuh, ulah ngalamun, Neu!”  Ririn Maido.

Haté rada medenghel, bari tetep rarasaan mah teu salah. Konséntrasi pisan, teu malaweung, fokus kana dram. Jeung deuih lain kakara mirig lagu éta téh. Naha salah deui-salah deui?

“Coba ulang sakali deui, siap?”  ceuk Anya.

Der, balikan deui ti awal. Ayeuna mah kuring leuwih ati-ati: ketukan dram setabil, témpo dianggerkeun.

“Reun, eureun. Kumaha ngadraman téh teu bener waé atuh?” sora Anya  nyereng, “Geus tong latihan ari teu niat mah,” pokna deui. Bari ngudar soléndang gitarna.

“Naneu, Naneu … Kumaha ieu téh?” Yuceu gé pipilueun  ngécagkeun basna.

Hareugeueun. Basa Anya, Ririn, Yuceu jeung Salza ka luar  ninggalkeun kuring, teu sirikna ngajablogkeun panto.

Tikoro nyelek. Sahing-hingeun  ceurik, tapi ditahan. Pipi mah miheulaan baseuh, kabaseuhan ku nu ngamalir tina juru panon. Ku harianeun, kawas nu anyar wawuh waé. Pan sosobatan téh geus leuwih ti tilu taun, ti keur  masih diuk di kelas VIII SMP. Naha bet kitu peta? Teungteuingeun. Téga milaraan  babaturan. Mun enya mah kuring salah, ulah kitu atuh, pan bisa disawalakeun.

Keur meper kakeuheul. Bray, panto muka. Anya asup, bari nanggeuy bolu hias anu topingna lilin geus hurung. Leupang lalaunan, nyampeurkeun, dituturkeun ku nu tiluan.

“Hépi milad, Naneuku sayang,” pokna.

“Wilujeng sweet seventeen, cintah!” ceuk Yuceu.

“Barokalloh fii umrik, syantik. Moga-moga panjang umur, suksés lahir batin. Jeung geura buru-buru boga kabogoh. Hi-hih ….” omong Ririn, ditungtungan ku ngahihih.

“Selamat anda kena prank, yah. Ahay.” Salza nyelengkeung.

Ukur ngembang kadu. Teu inget saeutik-eutik acan poé ieu kuring ulang taun. Satékah polah ngumpulkeun pangacian, asa teu percaya naon anu aya di hareupeun. Keuheul, bungah, ambek, atoh, campuh jero dada. Can gé sadar, nu opatan geus raéng:

Tiup lilinna tiup lilinna
tiup lilinna ayeuna pisan
ayeuna pisan ....

Siga nu kahipnotis, kuring niup lilin nu diasongkeun ku Anya. Sanggeus neundeun bolu luhureun cube, saurang-saurang nangkeup deudeuh, karasa pisan nyaahna téh.(*)

#Roy Rukmana

Carpon SundaWhere stories live. Discover now