Di Tampian

0 0 0
                                    

Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek keneh bae. Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gegeroh, nu ngarala cai mani ngantay. Leos saurang, torojol saurang, teu kaur lowong. Cacakan pancuran aya limana. Sora turaes seah dina tangkal mindri ti mumunggang tonggoheunana. Angin mangkat katiga nebak ti kidul-wetan, angin garing ngandung kasakit, matak keusrak kana kulit.

Mu'in cinutrung keneh dina batu gede tonggoheun tampian, ngadago lowong. Panon melong kosong semu jauh panineungan. Lemburna nu bareto mah tara kurang cai, ayeuna mah katiga karek sabulan ge, cai geus susah. Balong gararing, sumur taluhur, susukan ngoletrak, sawah bareulah tarelaan.

Puncengis Samsu. Dikokolor, dikakaos sangsang, dikongkoyang anduk, ngajingjing ember leutik wadah sabun-odol. Nenjo jelema rea keneh, koloyong nyampeurkeun nu keur cinutrung.

"Ngagelek keneh bae wayah kieu," pokna bari ngalieuk ka lebak.

"Heueuh, emang ge geus lila," walon Mu'in. "Keur gawe di mana Cu?"

"Di Mantri Ojon, nyieun dapur. Beuki rea wae nu ngaradon ngala cai teh," ceuk Samsu.

"Cikeneh ge Haji Dadi, sakol buntung, dreum pelastik galede wungkul."

"Sakitu boga sumur kompa, eta Haji Dadi?" ceuk Samsu.

"Yeh, teu jero-jero pisan mah sumur kompa ge ayaan ti mana, da puguh jero taneuhna geus taya cai."

"Padahal can babangetna katiga teh, nya?"

"Babangetna naon, dang-dang-rat keneh sasatna, karek Juli lin ayeuna teh?"

"Enya, tanggal dua."

"Beak ku sumur taresis meureun cai di jero taneuh teh."

"Artesis meureun Mang, lain taresis," tempas Samsu bari nyerengeh.

"Heueuh meureun, mangkaning lain hiji-dua pabrik nu nyieun sumur kitu teh. Jaba mani patinggelenggeng cenah, sagede-gede bedug kaluarna teh."

"Wah sagede bedug onam piraku Mang, kaeleb meureun pabrikna ge!"

"Heueuh ceuk nu nyararita! Jaba cenah sapabrik teh teu ngan hiji sewang."

"Acan golf, acan perguruan tinggi, hotel, pangindekosan, supermarket..." Samsu ngahaminan.

"Tuh, cekeng ge! Mana lapur balarea mah kabagean sarakahna we! Tuh sumur Pa Bahim. Apal maneh Acu, sumur Pa Bahim? Iraha teuing saat baheula mah, kapan ayeuna mah..."

"Naon, da geus disaeur!"

"Hah, disaeur...?"

"Abdi, duaan jeung Si Dasmo nu nyaeurna ge, minggu itu. Barangkal, keusik pangayakan, bangsa belang-beling, bres-bres we ka dinya. Geus kari dua meter, rup weh ku beton, dijieun cubluk ngarah teu mubah teuing."

Carpon SundaWhere stories live. Discover now