Kalapetong

0 0 0
                                    

Kalapetong

Rupa Sundapura Carita Pondok

"Sok, Beh!" ceuk budak ngora tukang ojeg nitah kuring tumpak motor. Buukna gondrong, dikaos oblong hideung gambar beungeut jelema keur calangap, calana jin nu geus kuleuheu sawarehna saroeh, angot lebah tuurna mah tangka calawak. Dina ceulina anting ngagulawing. Loket dicangcang rante bodas.

Asa-asa rek tumpak teh nenjo papatutan eta budak jeung ngadenge basana nu babatawian. Na teu bisaeun basa Sunda adab kitu? Pantesna teh da di lembur, "Mangga calik, Pa!" Tapi teu burung tumpak da giliran si budak eta nambangan. Ti dituna mah antri meureun. Piraku dibolaykeun, kuriak pada ngerepuk ku balad-baladna.

Cle tumpak. Motor diselah. Kehed, ngagas motor dicentok. Awak tangka ngabangkieung. Mun teu rikat ngeumbing kana jok motor, boa ticengklak.

"Sori, Beh!" cenah, heureut.

"Sori-sori cungur sia, kumaha mun aing labuh?" cekeng jero hate da nu kedal mah panyungkun. "Sok ketang ngebut ngarah tereh tepi. Kade we labuh da labuh mah nu cilakana pasti urang duaan, moal Bapa wungkul. Tos nikah encan? Bapa mah tos bati opat!"

"Baru pacaran, Beh. Anaknya mah cantik banget. Sayang Babehnya galak!" pokna, laju ngabarakatak bari, ngagas motor teu ngingetkeun nu dibonceng sakieu ratug jajantungna da bisi kumaonam. Cekiiit..., motor dierem disakalikeun. Jedak dada neumbrag tonggong si gondrong. Hag siah.

"Sori Beh, ada telepon!" cenah. Kusiwel ngaluarkeun HP. Jrut turun, motor disetandarkeun. Kuring sina anjeucleu dina motor.

"Oke, oke, pokona rebes lah. Munggah? Siapa takut? Iya, iya...!" cenah ngocoblak dina HP, teuing ngomong jeung saha. Eta make nyebut munggah sagala. Piraku koboy inget kana munggah. Teuing naon nu diomongkeun saterusna mah, teu pati jelas da manehna ngajauhan jeung lolobana mah seuseurian. Nu kadenge jentre teh tungtuna we, "Cup sayang lagih!" cenah.

Dius deui motor maju. Teu kungsi lila geus tepi ka nu dituju, lembur kuring. Jauh keneh jugjugeun mah kudu leumpang netek mapay jalan satapak ka tonggoh.

"Sabaraha?"

"Ceban Beh. BBM naek lagih, naek lagih," ceuk si gondrong. Teu kapapanjangan najan ngojeg teh moal kungsi lima kilo meter. Nyodorkeun duit dua puluh rebu.

Manehna kurah-koreh kana dompet nu dicangcang make rante tea, neangan pamulangan. Katenjo ukur tingselepet keretas. Gorehel duit dua rebu perak.

"Wios, candak we, Jang!" pok teh, tuda sidik ngan aya duit dua rebu perak.

"Nyaan, Beh? Makasih!" cenah. Seuri. Ceklak deui kana motorna. Gaur-gaur mesinna disada mani harus. Digas, laju mangprung badis ucing meunang beurit. Kuring laju nikreuh ka tonggoh ngajugjug imah lanceuk.

Geus meh tilu puluh taun kuring ninggalkeun lembur, ngumbara ka kota. Puguh we sarwa pangling. Siga ka budak tukang ojeg tadi teu apal anak saha-sahana. Geuning lembur teh geus loba robahna. Keur araya keneh kolot mah rada mindeng ka lembur teh. Kadieunakeun ukur taun kali bari ukur sakolepat-sakolepat. Sagala rupa masrahkeun ka Ki Lanceuk bae. Antukna ngampleng.

Ayeuna aya kaperluan penting ka Ki Lanceuk pan kuring rek ngawinkeun si bungsu, budak awewe. Kawinna mah engke bulan syawal. Ngabejaan ayeuna teh meungpeung salse bari sakalian aya pangabutuh nu sarupa, bekel hajat. Tadina mah rek minggu itu, ngan pareng raripuh bae, kapaksa poe ayeuna, poean munggah siga ceuk si budak tukang ojeg tadi.

Ras inget can salat, boh lohor boh asar da tadi teh wanci lohor dina beus keneh. Geus kayid lohor teh rek dijama-tahir jeung asar. Nya meureun ayeuna waktuna. Maksud teh rek ngadon salat di tajug Haji Abror nu aya di luhureun kulah. Tajug pangulinan jaman keur budak, paragi ngaji deuih. Rek muru imah Ki Lanceuk bisi kaburitan teuing. Keur mah ditiir, ari heg dingke-engke kuriak kaasup wailul lilmushollin atawa ngamomorekeun salat, saur Ki Abdul mah.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now