Ngusir Jurig

0 0 0
                                    

Keur jaman aya Abah Dukun Juhadma, sakur urusan goib nu kajadian di lembur Pasir Bulistir, pasti jadi bageanana. Nu gering, nu cilaka, nu kabadi, nu kasurupan, jeung sajabana, nu dipatula-patalikeun kana kahirupan alam jurig, jin, onom, setan, siluman sileman saparakanca, Abah Dukun Juhadma bageanana.

Bakat ku geus legok tapak genteng kadek, Abah Dukun Juhadma mah, tara kudu nenjo heula jalma nu kasibat. Karek dibejaan Si Anu ngagerebeg kasurupan, langsung we Abah Juhadma nyarita :
“Lah paling dideukeutan ku balad-balad Si Zalitun eta mah. Lain tadi subuh ka pasar ?”cek Abah Dukun yakin pisan.

“Enya, Abah. Pan unggal janari ge si eta mah matuh ka pasar,”tembal nu ngabejaan.

“Keun bagean Abah…sayagikeun bae lalawuh matuh keur ngusir nu teu pararuguh. Heueuh, duwegan ngora, surutu, patukuyan, nu pokona heula. Keun kabutuh sejenna mah engke, geus puguh adu hareupan...”

Duwegan ngora, surutu, parukuyan, memang senjata andelan Abah Dukun keur ngusir jurig nu datang ngusik-ngusik kahirupan manusa. Nu gering kumaha bae, asal panyakit holna ti jurig, sok diasongan parukuyan ngebul ku puruluk menyan. Dibura ku cai duwegan. Diserebung haseup surutu. Malah lamun jurig mantangul, jalma nu kakeunanana, kudu diulasan getih hayam rengge, adonan surabi, atawa naon bae nu ceuk Abah Dukun dikudukeun. Hasilna, sakapeung jurig teh gancang nyingkah. Sakapeung hese beleke.

Kungsi Mang Sarkon ngagerebeg. Ukur satengah jam geus eling deui. Terus ngalempreh. Gering biasa. Panas tiris meunang saminggu.

Tapi Nyi Murniah mah, nepi ka tilu jam adug lajer. Kasarumahan jurig rupa-rupa. Jurig ti kidul, ti kaler, ti kulon, ti wetan. Malah ti sesela bumi jeug sisi langit sagala rupa. Ceuk nu nyaksian, lamun lain Abah Dukun Juhadma nu ngayonanana, teuing kumaha nasib Nyi Murniah. Meureun eta randa geulis ngora keneh teh pasti diboyong ka mana boa. Dijadikeun prameswari mahluk nyiliwuri.

“Untung Abah Juhadma tagen jeung tapis. Ku nu kumaha wae oge moal bobor karahayuan,” ceuk Omon nu mindeng nandean surut urut atawa sesa cai duwegan sanggeus meunang paidin ti Abah Dukun.

Duka sabaraha puluh taun Abah Dukun Jumad jadi tunggul lembur dina nyanghareupan sinuku siwulu-wulu ti alam beh ditu. Boa moal kurang ti genep puluh taun. Apan Komar nu ayeuna nincak umur 40 taun, keur umur lima taun, disunatan ku Abah Dukun Jumad. Da sajaba ti ngadukun teh, Abah Dukun Jumad ge ngarangkep jadi bengkok. Tukang nyunatan.

“Ayeuna Abah Dukun Jumad hirup keneh. Wanian keneh ngalawan jurig. Hanjakal teu nurun ka anak-anakna,” Komar cacarita ka batur-baturna sabot ngaronda di garduh.

“Mun basa ilaing disunatan umur tilu taun, Abah Dukun harita umur 40 taun, meureun ayeuna umurna geus 77taun nya,” Ganda, guru honorer di SD nu ngan hiji-hijina di wewengkon eta, nembrong.

“Moal kurang ti sakitu… malah leuwih ge teu mustahil saratus taun upamana,” cek Komar deui.

“Paingan atuh, beuki sakti tambah gagah, da bejana nu ngulik elmu pahodaman mah, beuki kolot beuki kebel elmuna,” Mansur, tukang domba, ngengklokan.

“Ngan ku nanahaon anak-anakna, komo incuna, euweuh nu hayang nuturkeun nya.”

“Teuing atuh. Bejana beurat sarat-saratna hayang jadi dukun lepus teh. Kudu ngisat awak, nyengker hawa napsu, katut rea-rea deui, sangkan martabatna leuwih hebat ti batan jin setan nu are dilawan,” Komar nerangkeun.

“Heueuh, komo cenah kudu dimimitian ku puasa mutih. Opat puluh poe opat puluh peuting teu kararaban nanaon. Mati geni bari ngadaplok di para hawu. Tempo buka, heueuh geus opat puluh poe opat puluh peuting puasa, ukur ngaregot cai hérang...” Mansur nerangkeun.
“Saha nu daek jaman kiwari kikituan, saincak-incak dahareun wungkul. Geura we ari uing nyiar domba ka pilemburan, teu weleh ngangseu seungit pasakan ti unggal imah. Bangsaning gurang-goreng, ungan-angeun…”

Carpon SundaDonde viven las historias. Descúbrelo ahora