Abah Palay Qurban

4 0 0
                                    

Teu téga sabenerna mah rék ninggalkeun téh. Dalah di kumaha puguh kabeungkeut ku kawajiban. Sakieu ogé geus dibéré ombér, diidinan teu asup gawé nepi ka bérés tujuhna. Paroman Abah masih katingali alum. Tangtu hésé mapalérkeun kasedih alatan dikantun ku Ambu. Istri nu tos puluhan taun nyarengan Abah. Dikolongan sugan kersaeun diajak ka kota, titirah bari ngabeberah manahna ngarah teu émut waé ka nu ngantun. Abah kalah gigideug. Keun waé cenah, di dieu ogé loba nu maturan.

Kuring geus saged, budak nu dua geus ngadagoan di buruan. Teu lila salaki kaluar ti kamar dituturkeun ku Abah. Geuwat nyampeurkeun ka Abah nyolongkrong kana pananganana.

“Abah, dikantun wangsul heula. Abah kedah damang teu kénging seueur émutan.” Leungeun kuring diranggeum ku Abah.

“Enya, jung Néng. Didu’akeun ku Abah sing salamet nepi ka imah. Kadé barudak di jalan. Keun Abah mah da jagjag. Nuhun, Enéng geus diririweuh di dieu.” Soanten Abah anca sapertos biasana.

“Enéng, Ujang…! Rék marulang ayeuna? Mani teu amitan ka Bi Bédah!” Ujug-ujug kadéngé sora nu ngagéréwék bari nikukur ti gigireun imah. Torojol awéwé rurusuhan nyampeurkeun.

“Sumuhun, Bibi. Hapuntenna teu nepangan heula.” Kuring sasadu. Salaki mah cicing wé, ukur ngasongkeun leungeunna sasalaman.

“Keun Enéng, Ujang, tong melang ka Abah. Da loba nu ngurus ieuh, apan Bibi ogé nyalsé teu boga kaulaaneun.” Kituna téh bari aluman-alimen jeung semu ngarindat ka Abah. Karérét salaki ngabalieur api-api ngageroan barudak di buruan sina munjungan heula ka akina.

Clak, kuring jeung barudak ogé bapana kana taksi online nu geus dipesen saméméhna. Barudak gugupay ka akina. Abah jeung si Bibi nu ngajanteng di gigireunana ogé gugupay. Salaki terus wé ngalieukan ka tukang bangun nu teu wasa ninggalkeun.

Ampir unggal minggu salaki neleponan Abah. Ngontrol kaayanana bisi nguluwut atawa teu damang. Lain teu percaya ka nu di lembur, da lanceuk salaki nu panggedéna ogé apan matuh di lembur imahna caket Abah. Putra Abah nu kadua sarua sok ngariksakeun. Atuh nu bungsu imahna ukur béda lembur, mindeng ngalongokan, cenah. Reugreug kana kituna mah. Putra-putra Abah sauyunan silih talingakeun, silih rojong. Ka kolot pada getén. Komo ayeuna Abah kantun nyalira.

Sabada natus, palaputra Abah ngariung. Badami ngeunaan Abah nu katingalna angger nguyung. Teu bérag deui cara sasari. Kang Rijal, putra nu panggedéna méré kamandang.

“Kumaha lamun sina nikah deui wé Abah téh? Sanajan pada ngariung-riung ku incu ogé tangtu béda jeung ku pamajikan mah.”

Kabéh ngahuleng. Ngimpleng saha kira-kirana nu bakal cocok janten piistrieun Abah. Ujug-ujug kadéngé nu nginghak. Horéng si bungsu, awéwé hiji-hijina di antara nu opat.

“Teu satuju Euis mah. Kalah kumaha ogé moal aya nu bisa ngaganti Ambu.”

Genep bulan sabada dikantun ku Ambu Abah tos katawis biasa deui. Angkat ka masjid ngawuruk barudak. Ngaroris sawah atanapi ngalayung di kebon pengkereun bumi. Kitu laporan nu katarima ti lembur. Sadidintenna di bumi Abah direncangan ku Zaki, putu pangageungna ti nu cikal. Ari kanggo tuang mah sok dipangmasakkeun ku indungna Zaki. Kalan-kalan sok aya Bi Bédah ngirim tuangeun. Malah sok werat nepi ka mangnyeuseuhkeun sagala. Ari ayeuna Zaki geus tamat SMA, rék nuluykeun kuliah ka Bandung. Salaki geuwat nelepon ka Kang Rijal, bapana Zaki.

“Enya kitu, matak bingung. Saha nu bisa nyarengan Abah? Adi-adina si Zaki laleutik kénéh. Ari ukur maturan ngéndong sapeuting dua peuting mah bisaeun éta ogé,” ceuk lanceukna dina telepon.

Keur saheulaanan mah Abah sok pada nyambat. Saminggu di kuring, saminggu deui di putrana nu nomer tilu, dituluykeun ka imah Euis. Teras engké mulih deui ka lembur. Lami-lami mah Abah sigana capéeun nguriling.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now