Mulang Ti Panyabaan

0 0 0
                                    

Budak téh merod waktu ditungtun naék kana tangga madrosah téh. Ceuk pikir, meureun embungeun sakola. Tapi, naha atuh  ti imah mah, haget naker, ari geus nepi ka buruan madrosah heug diajak hanjat kana tangga, bet ngajeten. Malah ngeyang, kawas nu ngajak balik.

“Hayu buru-buru batur mah geus asup,” cékéng téh.

Budak lalaki nu umurna lima satengah taun téh, nelenyeng ka buruan. Tapi, manéhna téh, henteu terus ka jalan, kalah reg ngajanteng, melong ka lebah tangga nu cikénéh ditinggaleun.

“Badé sakola?” cékéng téh.

Budak unggeuk. Manéhna ngenyang leungeun.

“Hayu atuh!” ceuk kuring.

“Alim ka ditu!” pokna, nuduhkeun kana tangga tadi.

“Naha?”

“Sieun, Mah” pokna.

Eléh déét, teu tulus naék kana tangga anu tadi. Sugan téh enya embung sakola, tapi manéhna ngeyang, ngajak ka kelas ngaliwatan tangga séjénna. Atuh, kapaksa najan kudu nguriling, kuring nuturkeun manéhna. Ari naék kana tangga  séjén  mah, bet daékeun, malah manéhna miheulaan naék kana tangga, terus muru ka kelasna.

Harita mah kuring teu langsung balik kawas biasa, ngahaja cicing di sakola nungguan budak. Kitu téh lantaran panasaran ku kalakuanana tadi. Angkanan téh, engké mun geus bubar ti kelas, rék nepungan guruna, rék ngabéjakeun paripolah budak tadi. Hariwang, bisi aya sababna, da budak téh kawas nu ginggiapeun.

Rohangan TK téh ngaréndéng jeung masjid. Handapeun tangga, nu sok biasa dipaké naék ka lantéy dua,  dipaké paneundeunan pasaran jeung paranti  pasaran. Tah, di lebah tangga nu éta budak téh kawas nu manggih kareuwas.

Waktu budak kaluar ti kelas, kuring nungtun manéhna. Budak téh diajak asup deui ka kelas nepungan guruna nu keur meresan buku dina méja.

“Punten, tadi téh kasiangan. Margi, duka kunaon, waktos naék kana tangga palih ditu kalah merod, ngajak uih deui,” cékéng téh.

“Muhun, Bu. Da, sanés Évan wungkul nu alimeun ngalangkung ka éta tangga téh,  nu sanésna gé sakapeung mah kitu. Upami teu aya nu ngajapkeun mah, aralimeun naék ka lebah dinya, kajeun muter ka tangga palih wétan,” ceuk guruna.

Di imah, budak téh diguliksék. Bisi  wé, pedah kungsi aya nu megat atawa aya nu ngaheureuyan di lebah éta tangga. Ceuk pikir, upama henteu aya pangalaman nu matak singsieuneun mah, moal merod ka was harita.

“Aya nu duduk, Mah. Mukana, tanganna, sukuna berdarah, iyy,” pokna téh ngabirigdig.

Ras inget kana welasan poé ka tukang, tatangga tabrakan, maot di TKP, motorna ringsék.  Sabada disolatan di masjid, layonna digotong kana pasaran nu biasa ditunda handapeun tangga madrosah.

Taksiran, béja budak embungeun ngaliwat kana tangga téh, nyebar ka indung-indung budak babaturan. Atuh, jadi rupa-rupa pamanggihna téh. Majarkeun, nu katingalieun ku barudak téh, ririwa.

Bisi budak téh kumaha onam, bisi kaganggu pikiranana, kuring datang ka nu bisa. Cenah, anak kuring téh indigo, bisa ningali nu ku batur teu katempo.

“Tapi, engké gé tos ageung, tos rumaja mah, moal geura,” pokna téh.

Basa budak geus kelas hiji SD, nu dipikahariwang téh kaalaman deui. Harita mah, waktu kapilanceukna, budak awéwé, nu umurna tujuh taunan,  harééng. Éta budak nu harééng téh dibawa ka ninina. Takisran, lantaranana mah  asup angin, terus panas tiris. Malum, tas dibawa ulin jauh ku indung-bapana. Ti Bandung ka Yogya kana karéta. Sapoé jeput ider-ideran di Yogya, malah ka Borobudur sagala. Méméh balik ka Bandung, lila ulin heula di karaton Yogya.

Waktu budak nu harééng dibawa ka ninina, kuring jeung Evan ngalongok éta budak. Kasampak, budak téh keur saré di tengah imah.

Malum keur gering, budak téh kawas nu teu genah cicing, guling-gasahan. Leungeunna,  kawas nyurung-nyurung nu ngahalangan.

“Béh ditu hareudang, ah!” pokna téh.

Padahal gigireunana téh taya sasaha. Nu kamaphum, meureun gundam, atawa ngalindur, atawa bakating ku awakna panas. Da, ceuk indungna, suhu badana téh, 39 derajat sélsius.

Ningali pepetaan kapilanceukna kitu, anak kuring mah, bangun nu teu kagéteun. Malah, kalah nanya.

“Siapa itu, Mah!”

“Mana. Itu nu tidur deukeut Tétéh,” pokna téh.

“Mana?”

“Itu!”

“Coba atuh, Tanya saha?” cékéng téh

“He, kamu siapa?” ceuk budak téh.

“Kamu orang mana?” pokna deui.

“Ah, omonganana teu kaharti!”

“Ngomong apa kitu?”

“Basa Inggris,” pokna téh.

“Basa Inggris kumaha?”

“Sapertos Si emba jajamu,” pokna.

Maksudna,  nu disebut ngomong basa Inggris ku budak téh, nu teu kahartieun ku manéhna. Da, mun aya tatangga nyarita basa Batak, atawa Si Emba jajamu nyarita ku basa Jawa, ceuk manéhna mah, basa Inggris.

Waktu diguliksék, cenah, nu maturan saré kapilanceukna téh, budak awéwé nu sapantaran jeung Teteh. Bajuna, ceuk budak téh, seperti waktu Tétéh nari jaipongan basa acara ahir taun di TK téa.

“Euh nganggo acuk tari,” cékéng téh.

Budak téh ungggeuk.

“Sina pulang atuh, ulah ngaheurinan Si Tétéh!” cekeng téh.

“Ayo pulang situ!” ceuk budak téh.

Di lembur kuring mah, mun budak harééng, lian ti tatamba ka Puskesmas téh sok dibarung ku ménta cai ka ‘nu bisa’. Atuh, harita gé, néang Pa Ustad sina mangnyampékeun. Sakalian, ménta cai keur nginumna.

Isukna, kuring bari mawa budak nempo deui Si Tétéh. Nu harééng téh, geus mending, suhu awakna geu turun, 37 darajat.

“Tingal, aya kénéh temen Si Tétéh téh?”

“Teu aya,” ceuk budak téh bari gideug.

Dua kajadian nu katempo ku budak, waktu baréto di tangga madrosah, jeung basa Si Tétéh harééng, weléh teu kaharti. Percaya teu percaya, da teu kaharti ku pikir.(*)

#Laila Alina

Carpon SundaTahanan ng mga kuwento. Tumuklas ngayon