Kasurupan Jurig

0 0 0
                                    

Geus rumah tangga mah, gawé téh kudu getol. Keur léléngohan onaman, nyiar duit téh bisa lungla-lenglé kénéh, bangun nu nyalsé. Dalah geus kawin mah, isuk-isuk gé geus dititah mangkat ku pamajikan. Pajar téh rejeki kaburu dikoréh hayam. Tong mumul, tong kedul pokna téh, bisi éléh ajul. Matuh pamajikan mah, mun geus nyindir ku hayam, teu weléh dituluykeun ku ngagul-ngagul Pa Dadang nu isuk-isuk kénéh geus mangkat nyiar duit. Sakapeung mah sok timburu, panas haté mun pareng didagor-dagor jeung kaayaan Kang Dadang. Padahal Kang Dadang mah gawé ngantor di penerbitan, kuring tukang ojég. Béda saeutik meureun.

Cenah gawé ngantor mah kudu disiplin waktu. Isuk-isuk gé kudu daék susuruduk. Lamun elat sapuluh menit gé bakal disetrap ku dunungan, kawas elat abus kelas mangsa kuring ésdé. Tapi ayeuna mah teu jauh béda kuring jeung Kang Dadang, isuk-isuk geus bareng tuturubun. Bédana mah Kang Dadang sieun disetrap dunungan, kuring sieun disetrap pamajikan. Rebun-rebun kénéh wayahna kudu geus mangkal. Geuning bener Nyai, najan tiris gé isuk-isuk mah loba urang lembur nu rék ngadon ka pasar.

Tapi karasa capé mun kudu manteng sapopoé di pangkalan. Sakapeung mah isuk-isuk téh sok tara langsung mangkal. Sok ngahaja muru imah Dasép ngadon ngawangkong ngomongkeun manuk jeung nguseup. Mun teu kitu, kuring sok ngahaja kukurilingan ka pasar néang parab lauk. Eureun-eureun sotéh mun pareng papanggih jeung pamajikan.

Lamun teu paamprok jonghok jeung pamajikan mah biheung teuing rék mangkat ngojég. Matuh, mun pareng kapanggih kedul mangkal, unggal balik ka imah sok nyampak pamajikan murukusunu saré nonggongan. Dalah, ieu nu dipikahariwang ku kuring mah.
Hayangna mah nyirekem sapopoé di enggon. Ngamandian manuk atawa morongkol ngadéngékeun radio. Tapi da ayeuna mah sok daék mikir, kabutuhan sapopoé teu ujug-ujug ragrag ti langit. Ditambah renghik Si Dado budak kuring hayang jajan jiga nu teu nyaho wayah. Mangkaning budak lalaki hiji-hijina téh geus gedé, kahayangna beuki loba. Komo ayeuna mah geus nincak kelas tilu, biaya sakola jeung kabutuhanna beuki merul unggal minggu. Leuwih beurat mun pamajikan pipilueun ngarenghik. Hayang baju mah, hayang sapatu mah.
Leuheung pamajikan onaman, mun pareng teu kacumponan paménta téh sok teu lila renghikna. Teu pira jadi baeud jeung sare nonggongan dua peuting. Lah, itung-itung puasa senén-kemis wé. Kadituna mah sok malik ogo deui. Tapi béda jeung budak. Abong leutik kénéh, paméntana teu kacumponan téh sok ngarengik papanjangan, kokoséhan papanjangan.

Ari sual kahayang mah, teu nerap ka pamajikan jeung budak waé, kuring gé sakapeung mah sok hareudang bayeungyang karasana dipanggang kahayang. Boh nangkarak, boh nangkuban, boh morongkol, teu weléh wé kahayang téh tingarajol narémbongan. Tingbarasat récét ngagalaksak sakujur awak. Tapi kuring sok pangheulana nyadar ku kaayaan.
Sakapeung budak téh kahayangna alah batan budak pajabat. Unggal minggu paméntana sok gunta-ganti. Sok keuheul mun pareng ngarenghik. Mun lain anak sorangan, tibaheula gé geus dikarungan. Manasina kuring téh jalma beunghar nu teu hariwang ngadéngé kahayang budak merul unggal minggu. Tapi kabéh kahayang budak nepi ka ayeuna can aya nu kacumponan, iwal ti sapatu sakola.

Répéh dua minggu mah dipangmeulikeun sapatu téh. Tapi heuleut saminggu tidinya, budak jeung pamajikan ujug-ujug ngarenghik hayang meuli tivi. Gusti, ngadéngéna gé asa kabéntar gelap. Lain saminggu dua minggu, renghik hayang tivi téh kadéngé tuluy mangbulan-bulan. Renghik nu laon, tapi ngahaleuang panjang, matak hareudang.

“Nyai, keur urang mah tivi téh kaasup barang mahal.” Ceuk kuring hiji poé. Pamajikan katempona haré-haré, kalahka jongjon ngakeul.

Kuring ngarénghap panjang. Teu kungsi lila pamajikan cengkat, nyapukeun dapur. Kuring ukur bisa ngahuleung. Tetempoan karasa rinyay. Eunteup pajeujeut jeung imah lancah. Haseup roko ngalangkang muru liang kenténg. Haseup kompor ngulibek teu hurung-hurung.

“Kang, kompor garing…”

***

Sok melang nempo pamajikan mun pareng baeud. Teuteupna teu haneut, tiis tur seukeut alah batan hinis. Sok asa dosa ngajak manéhna hirup sangsara. Tapi mangtaun-taun rumah tangga, kuring can manggihan pamajikan amuk-amukan. Manéhna mah sok milih ngabetem mun aya kaambek téh. Tapi sual tivi mah manéhna gé nyadar. Baeud sotéh cenah hariwang ku budak. Si Dado hayang tivi nepi ka embung dahar. Ngadéngé kitu mah kuring gé ngilu hariwang. Atuh teu loba mikir deui, isuk-isuk kénéh kuring ngawani-wani muru imah Pa Dadang, maksud rék nginjeum duit. Pédah wé ayeuna tanggal ngora.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now