Kageser Geser Imbit Nyi Randa

0 0 0
                                    

Beus teh pajejel. Hese usik. Unggal beus eureun kuring nu teu kabagean tempat diuk, kudu tipepereket pupuntangan. Mun henteu, pasti awak bakal keuna kanu nangtung hareupeun. Bisa barabe. Kapan si geulis teh kakara pisan tas lak-lak dasar nyarekan bapa-bapa, anu dianggapna cunihin pedah terus meped-meped manehna. Tiap mobil direm atawa mengkol si bapa teh langsung ngamangpaatkeun kesempetan.

"Dasar lalaki nurustunjung! Teu boga kaera!" si geulis teh nyeuneu bari tutunjuk. Panumpang kabeh tumplek perhatian. Si bapa teh kaeraan, terus seseleket pindah ka beulah tukang.

Tapi kuring ngarasa beuki kasiksa beuki lila teh. Panumpang terus nambahan. Awak si geulis beuki ngadeukeutan. Sanajan sakumaha tarik pupuntangan mun beus ngaleok atawa eureun teh pasti awak kuring keuna ka manehna.

Beu cilaka, pikir teh. Bisa jadi korban kadua kuring ari keu mah.

"Aduh!" si mojang ngajerit. Kuring langsung kabur pangacian.

"Ati-ati atuh, Ki. Piraku suku kuring ditincak!"

Plong we. Tetela si mojang teh protes ka si aki hareupeunana. Si aki tembong gura-giru menta hampura. Si Mojang camberut bari rada narik awakna. Beu, kuring ayeuna nu jadi korban. Awakna adek pisan kana awak kuring. Waduh, kudu kumaha?

Basa beus mengkol, teu katahan deui awak kuring jeung manehna beuki napel. Manehna ngalieuk nempo ka lebah kuring. Neuteup sakuedeung tapi sama sakali teu ngucap sakemek.

Geulis pisan si mojang teh. Biwirna euceuy, irung mancung, pipi lemes, halis melengkung. Keureut beungeutna pas pisan jeung buukna anu dipotong luhureun taktak. Dangdananana anu sederhana sama sakali teu ngurangan kageulisanana. Malah karasa tambah nyari.

Kalan-kalan buuk manehna katebak angin. Ririapan kana beungeut kuring. Karasa seungit. Ku kuring diingkeun we, malah dinikmati. Diprotes, oge diprotes kumaha. Disinglarkeun oge percuma da terus kabawa angin deui.

Basa mobil rada nanjak, awakna beuki adek. Kuring ngarenghap panjang. Imbitna pas pisan ngagesek-gesek tuntung pingping kuring. "Duh gusti, tulungan abdi," gerentes teh.

Tapi pitulung teu buru-buru datang. Jalan teh terus naek turun. Jadi beuki sering bae kuring kagesek-gesek. Kuring geus coba mundur, tapi teu hasil. Maklum di tukangeun oge geus taya ruang nu nyesa.

Beuki lila kuring asa beuki ripuh. Lantaran kagesek-gesek terus lebah congo pingping teh karasa aya nu kahudang. Duh, kumaha ieu? Manehna oge lila-lila pasti bakal ngarasaeun aya dongkrak nu ngacung teh.

Kuring coba ngabangbalerkeun pikiran ka luar jandela. Tapi teu hasil. Si Joni teh beuki tarik nyuak calana. Tuda ieu mah nu ngageserna ge lain samanea. Kapan imbit badag anu sakitu endahna.

Awak kuring karasa panas. Pakean jibrug ku kesang. Di jero beus teh panas lantaran langka hawa. Tapi di jeroeun awak kuring oge teh eleh panasna. Aya napsu nu kahudang.

Jalan beuki nanjak. Kuring beuki samar polah. Tapi ah antukna kuring teu paduli. Keun bae lah ku manehna karasaeun ge. Da lain salah kuring ieuh.

Manehna oge antukna mah sadar sigana mah. Da sababaraha kali siga narik awakna leuwih kahareup. Tapi kayaanana memang teu ngamungkinkeun, manehna oge antukna siga nu nyerah.

Beuki jauh ninggalkeun kota, beuki goreng jalan nu kaliwatan. Naek turun, luak-leok, tur beuki ruksak. Akibatna bujur manehna beuki sering ngagesek-gesek kuring. Tapi nu rada aneh teh manehna teu pernah sakali oge ngalieuk ka kuring. Anteng we neuteup ka hareup.

Nepi Ka Cijapati, penumpang mimiti ngurangan. Kaayaan di jero beus kakara laluasa. Kurang gura-giru ngajauhan manehna. Nu tadi nyuak teh antukna daekeun istirahat, ngalempreh deui.

Di Cijapati, aya dua penumpang turun. Korsi di tukang kosong. Nu nangtung tinggal kuring jeu si mojang. Kenek ngageron. Kuring gancang diuk. Ari nyi mojang tembong semu asa-asa. Basa gek oge menehna sama sakali teu malire ka kuring.

Ah, keun bae, pikir teh. Leuwih hade kitu. Tibatan pada-pada era.

Tapi lalampahan masih jauh. Antukna kuring teu kawawa.

"Bade kamana neng?" kuring lahlahan nanya.

Manehna tembong kaget. Ngareret sakeudeung terus neuteup ka hareup deui.

"Bade uih, ka Cicadas." Kadenge aya jawaban nu kaluar, laun pisan.

"Oh..." kuring unggeuk.

Terus simpe deui, ukur kadenge gerung mesin beus jeung sora penumpang kerek.

"Punten nya...perkawis nu tadi," kuring nyoba deui muka obrolan.

"Naon tea nya?" pokna. Teuteupna angger ka hareup.

"Bilih aya nu kirang sopan tadi."

Manehna ngareret. Prok teuteupan paamprok.

Belenyeh manehna imut. Dug, jajantung kuring asa didudut.

"Ah teu sawios," pokna halimpu pisan.

Kuring bengong. Na teu salah denge kitu?

"Da abdi oge ngiring salah...," sambungna deui. Paneuteupna ka hareup deui.

"Hah?!" Kuring calangap. "Ari kitu, eneng oge menikmati?" Teuing kunaon sungut teh asa hese direm, langsung nanya kitu.

Manehna ngadilak bari baeud. "Ih, amit-amit...!" pokna. Ukur kitu.

Kuring beuki wani. Sajajalan terus ngajak ngobrol. Manehna bet terus ngalayanan. Tetela manehna teh randa. Karek 6 bulan ditinggal maot salakina.

Basa beus asup ka wewengkon Cicadas, manehna siap-siap rek turun. Kuring gura-giru menta alamat. Teu hese, golosor we. Kuring gancang nyatet alamat manehna dina telepon genggam.

"Kenging nganjang kitu?"

"Mangga!"

"Moal aya nu bendu?"

"Ih saha nu bendu?"

Basa beus eureun di Cicadas manehna siap-siap.

"Upami leres bade sumping, diantosan nya!" pokna bari hudang. Kuring asa ngapung ka awang-awang.

"Memang bade di suguhan naon?"

"Naon bae aya."

"Da hoyong na oge anu siga tadi."

Manehna ngadilak. "Ih, cunihin...," pokna bari gura-giru turun. Tapi aya imut nu ngembang dina biwirna. (*)

#Asmara Sunda

Carpon SundaWhere stories live. Discover now