Lalakon Sobat

0 0 0
                                    

Imah agréng téh karasa geueumanana. Témbok jangkung jeung perhiasan antik ngadadak lir dieunteupan mahluk teu pararuguh. Jam kai klasik tik-tek jarumna atra. Asa beuki simpé. Hiuk angin di luar kadangu beuki tarik. Anjing babaung siga anu ngadeukeutan.

Kuring peureum hayam bari terus dikir. Sabisa-bisa henteu ébat. Mang Asip kapireng tenang, semu peureum bari biwirna gegereyeman. Kang Odob beuki guligah. Katingalina kitu salah kieu salah. Késang renung dina tarangna.

Dikir téh asa pabeulit. Ngagebeg basa hawar-hawar sora kuda ngahiem. Tuluy kotoplak-kotoplak talapokna. Rey bulu punduk. Listrik reup-bray terusna meredong. Héos sora angin asa nebak kana beungeut. Sora anjing babaung sada di hareupeun imah. Rey sabulu-bulu. Hayang mah ngagajleng, nyumput tukangeun Mang Asip. Tapi teu wasa ku kakolotan.

Ampir waé ngagorowok basa panto sada muka. Angin beuki tarik jeung bau teu pararuguh. Ngong sora handaruan tapi ngirung, “Ngaing nagih jangji…!”

Kieu mimitina mah:

Keur ngayuman areuy hui jeung Mang Asip basa budak datang téh. Aya tamu cenah. Ti kota. Maké mobil alus.

“Mang, kumaha, nya?” ceuk kuring.

“Jig wé rék balik heula mah. Bisi penting deui ari ti kota mah,” témbal Mang Asip.

“Siap, Mang. Tamuna balik mah kuring ogé ka dieu deui.”

Kitu biasana ogé. Ari aya perlu téh, gawé bisa silihselangan. Pa Haji Adung, bandar hui tempat kuring jeung Mang Asip gawé, tara nanaon mun aya pagawéna aya perlu téh. Asal kebon kaperhatikeun, gudang kagawéan, warung kaeusian. Atuh pagawéna,welasan urang anu matuh maksud téh, tara aya anu kulir.

Reuwas mah puguh. Henteu nyangka sacongo buuk. Henteu nyangka tamu téh Kang Odob. Da puguh rarasaan téh geus moal panggih deui. Geus béda kelas, béda babad, béda tahapan. Dina kaparengkeun panggih ogé biheung nanya. Ari kuring, geus pasti rengkag-rengkog réa kasieun. Sieun ituna lingsemeun, sieun henteu suka, jeung sieun séjénna.

Puguh geus aya kana sapuluh taunna atuh henteu panggih. Baheula mah, enya baheula mangsa kuli di peternakan hayam di Cianjur, Kang Odob téh henteu saukur tatangga jeung batur sapakulian. Tapi raket, midulur jeung misobat. Dapur kuring dapur Kang Odob, rejeki kuring rejeki Kang Odob, kitu ogé sabalikna; lain saukur babasan.

Kuli di peternakan hayam téh henteu laluasa. Gajihna nahap-nahapkeun manéh ngarah cukup sabulaneun téh. Kitu ogé kabantuan ku pepelakan di sakuriling kandang. Pamajikan jeung barudak katingali kurang kaurus téh, boh dahareunna boh pakéna. Puguh lain peternakan gedé tempat gawé téh. Harita kuring geus boga dua budak, ari Kang Odob kakara saurang. Kuring nyebut akang téh pedah saluhureun, enya ogé ukur géséh dua taun.

Maksakeun gawé di peternakan téh bané waé teu kudu mikiran kontrakan imah. Aya bangunan manjang anu terusna diréhab jadi siga imah. Tengahna disekat, dieusian ku kuring jeung Kang Odob. Basa peternakan téa bangkrut pisah téh. Pa Karna, anu gaduh peternakan, karunyaeun ogé ka kuring jeung Kang Odob. Tapi kumaha deui, anjeunna ogé cenah keur kariripuhan lantaran sababaraha kali panén rugi.

Kuring mah terus kuli sagawé-gawé di pasar Caringin, Bandung. Panggih jeung Mang Asip anu mindeng nganteurkeun hui ka bandar Caringin. Basa ngajak kuli di Pa Haji Adung téh kuring giak naker ngaenyakeun. Ari ku Pa Haji, sabada terangeun kuring geus kulawargaan, diperenahkeun di saung salah sahiji kebonna. Saung téh dibebenah nepi ka jadi imah anu ceuk kuring alus jeung weweg. Alhamdulillah, ampir dalapan taun kuring kuli di Pa Haji Adung di kampung Cilembu, Sumedang, téh.

Ari Kang Odob ti pisah ogé henteu panggih deui. Nyaho béjana téh basa maca dina koran urut keur bungkus hui, aya potrét Kang Odob di hareupeun warung basona. Jadi pengusaha suksés Kang Odob téh. Warung basona ogé ngawelas. Kuring kungsi mapay ka bumina di Ciwastra, Bandung. Tapi matak éra anu namu. Imah anu alamatna ditulis pagawé warung baso téh agréng alahbatan imah dines gubernur anu aya kolam renangan.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now