Tukang Ojeg Kajajaden

1 0 0
                                    

Pukul dua janari pas, Odang turun tina beus di términal. Tapi taya ojég hiji-hiji acan. Ti terminal ka lemburna kurang leuwih 10 km, ngaliwatan jalan pasir nu pungkal-péngkol mipir-mipir gawir. Ukur bisa disorang ku ojég.

"Keur nararik kénéh. Sakeudeung deui gé daratang. Dagoan wé", ceuk hiji pamuda nu keur siduru deukeut tempat tungggu.

Enya wé, can garing biwir nu ngomog, gurudug tukang ojég. Maké hélm buni. Dijékét hideung gombrang.

"Tah muatan ka Pasirhuni," pamuda nu keur siduru nuduhkeun.

Clak Odang numpak. Gurudug ojég maju.

"Lebah mana Pasir Hunina," tukang ojég nanya. Sorana semu ngosom. Kahalangan ku hélm.

"Deukeut masjid jami," Odang némbalan rada ngagorowok. Bisi teu kadéngéeun.

Méméh tanjakan munggaran, kurang leuwih 2 km ti términal, ojég eureun. Tukang ojég muka helmna. Malik ka Odang. Nanya:

"Wawuh ka Bahrum?"

"Bahrum tukang ojég. Salaki Ceu Uka?" Odang malik nanya.

"Heueuh!"

"Geus maot dua taun ka tukang."

"Gering?"

"Gering. Labuh tina ojég. Tuluy gering lila. Nepi ka maotna."

"Naha labuh. Lain manéhna geus tapis kana motor?"

"Cenah mah malaweung. Heug wé tigebrus kana jurang. Awakna pasiksak. Ngan teu tuluy maot saharita."

"Ku naon keur ngojég malaweung?" tukang ojég neuteup seukeut. Odang ngabalieur. Bulu pundukna muringkak.

"Loba pikiran wé meureun," ngajawab sahayuna. Tukang ojég ngagerungkeun motorna. Odang nyekel pageuh kana pundukna, sabab tanjakan netek pisan. Sieun nyorosod.

Geus nyorang tanjakan, dibarung angin ngagelebug jeung sora tatangkalan séah katebak, ojég eureun deui. Heug nanya deui:

"Naon nu jadi pikiran Si Bahrum nepi ka malaweung keur ngojég? Nepi ka ragrag kana jurang? Nepi ka gering ripuh? Nepi ka maotna?"

"Wah teu apal. Ongkoh uing mah sok nyanyabaan. Basa Bahrum maot gé ukur béja ti urang lembur."

"Cenah, Bahrum mikiran pamajikanana nyéléwér ari keur ditinggalkeun ngojég. Heueuh?"

Odang ngarénjag. Bulu pundukna muringkak deui. Enya, apal pisan, Ceu Uka pamajikan Bahrum sok nyéléwér sabot salakina ngojég unggal peuting ti magrib nepi ka janari.

"Ténjo beungeut aing!" tukang ojég nyentak, sanggeus muka hélm. "Apal ka aing?"

Dina reyem-reyem janari, langit meredong jeung tatangkalam harieum, Odang nyidik-nyidik beungeut tukang ojég.

"Bahrum??!"

"Heueuh aing Bahrum... Nu pamajikanana nyéléwér. Di antarana jeung sia..."

Beungeut Bahrum rayrayan. Robah jadi tangkorék. Huntuna rédés. Panonna bolong.

"Aing rék males pati ka nu ngagadabah pamajikan aing! Nu nyababkeun aing malaweung keur ngojég. Nepi ka cilaka. Nepi ka gering terus maot...."

Jajantung ratug. Haté tagiwur. Kasieun mudigdig.

Leuwih ratug batan basa rék kaperego keur aya di enggon Ceu Uka. Leuwih tagiwur ti basa luncat tina jandéla, nyempod dina dapuran awi. Leuwih sieun batan rek dipepeg ku nu manggihan. Harita mah malah tuluy wani, sabab nu ngaganggu téh Si Irod. Ngetrok jandéla sabot Odang ngajéngjéhe dina tangkeupan Ceu Uka. Karék réngsé saronde. Biasana dua tilu ronde sakali tepung.

Isukna bari ngaliwat rék indit ka panyabaan, pangangguran ka Ceu Uka. Di buruan imahna.

"Kang Bahrum saré kénéh?"

"Saré. Biasa nepi ka lohor."

"Ari peuting naha aya nu ganggu? Pan biasana gé tenang," Odang ngangloh. Beungeut Ceu Uka rey beureum.

"Hampura..." ngaharéwos. "Euceu poho. Sugan téh ngajangjian Si Irod peuting isuk. Pék peuting tadi. Da jatah Jang Odang mah isukan..."

"Matak datang peuting tadi gé, pan ayeuna rék indit. Mun henteu meureun leungit jatah bulan ieu."

"Enya hampura Euceu. Untung geus bérés basa Si Irod keketrok téh...."

"Beres kumaha?" Odang ngutruk. "Pan biasana gé dua tilu kali nepi ka tengah peuting. Nepi ka janari malah, méméh Kang Bahrum mulang ngojég."

Ceu Uka ngeluk. Najan ambek, Odang teu burung anteng neuteup beungeutna nu mémang geulis manis. Awakna nu rada gendut, gamuleng. Jeung ngabayangkeun pakupisna ari keur diguley. Padahal ka batur gé meureun sarua wé kitu.

"Aing kudu males pati ka sukur nu geus nirca jeung pamajikan aing... Sia nu katilu, sabada Si Tatang Belang, sabada Si Amad Bala-bala..."

Awak ngadégdég. Sieun pacampur reuwas. Si Tatang Belang maot bulan tukang, kadupak ojég di tanjakan Cisemah. Si Ahmad Bala-Bala maot béh ditu, sabada tahlil tujuhna Bahrum. Sarua kadupak ojég, deukeut kantor désa.

Gerung deui motor. Belenyeng maju. Tarik pisan. Jéket tukang ojég hiber. Kitu deui bajuna, calanana, hélmna. Tinggal rorongkong sabeuleugeunjeur. Mabek bau bangké.

Nyorang pudunaan, lumpat ojég teu ngendoran. Malah beuki tarik. Lebah péngkolan mites, majuna lempeng baé. Nepi ka ngalayang kana jurang. Odang ngagoak. Roroésan néangan pamuntangan. Geus teu awas jeung teu ngadéngé nanaon, iwal ti ringkang rorongkong katut sora handaruan tukang ojég kajajadén

"Ha...ha....ha... rasakeun siah! Ké tepung jeung aing di naraka!"

Angin tarik ngagelebug. Hawa tiris kabina-bina.

Mémeh sirahna ninggang batu badag dina dasar jungkrang, Odang ngadéngé keneh sora Bahrum hawar-hawar di jauhna.(*)

#Ki Emid (Manglé no. 2768)

Carpon SundaTempat cerita menjadi hidup. Temukan sekarang