Kanyaah Lir Jajaran Raratan

0 0 0
                                    

Teu sangka kuring kudu ngagolér pikeun nu kasakitu-kalina di dieu, di rohang rawat hiji rumah sakit. Gangguan kantung kemih matuh kiwari karasa deui. Tonggong jeung parindikan asa rocop. Beuteung mah geus nyeri jeung bunghak. Ma’lum kuring kudu sakitu lilana nahan bubuang dina karèta ka wétankeun. Nya kasawang kènèh harita kajadianana.

Diuk téh meneran sisi jandéla. Puguh samemena nyèrangkeun pamandangan sapanjang lalampahan ka wétankeun. Jumplukan palemburan, amparan sawah jeung kebon atawa ngembatna wahangan. Komo samangsa karéta api mèngkol, mani kelar nènjo lokomotip nyuruwuk mites. Rus-ras ka baheula jaman kuliah, sok pirajeunan tumpak karéta api abring-abringan jeung para sobat. Ukur resep saba raratan, bari popotoan keur kolèksi dokuménkeuneun. Da puguh kitu jamakna geuning. Sok padahal umur maju ka paro abad kieu mah geus seunggah nataku, jaba teu payaan. Lain genah. Nu puguh mah matak nyeri awak, lalinu satulang-sandi.

Wungkul kanyaah sipating indung, anu méré tanaga ka kuring bisa digjaya sasabaan jauh. Kanyaah ka Si Cikal anu keur kuliah di Purwokerto. Saminggu ka tukang, hapéna kring deui-kring deui, cenah rék ujian hayang ditungguan ku nu jadi kolot. Nya kuring anu kabagéan pancén ngabiur ka tempat kosna. Puguh bapana mah ngan riweuh jeung riweuh ku pagawéanana. Kabeneran dines maneuh kuring keur reus sababaraha poé.

“Bu, Kaka minggu payun ujian sidang skripsi. Ku kituna wayahna Ayah atanapi Ibu kedah ngarèncangan Kaka di dieu. Hoyong disumangetan!” kitu ceuk Si Cikal, eusi WA-na.

Teu bisa majar kumaha kahayang budak kitu mah gancang diturutkeun. Sok ras ka kolot ari kieu téh, barèto mani getén pisan ngejeujeuhkeun kuring sangkan daék kuliah sok sanajan kaburu rarabi. Bro waragadna, kop kandaraanana. Salaki ogé dijeujeuhkeun tepi ka jadi pagawéna. Pokna téh, piraku salaki Tètèh ukur ngadedengkluk jadi pagawé honorér.

“Kudu aya generasi anu nuluykeun hanca kolot dina icikibung ngokolakeun dunya atikan. Ka saha deui indung bapa nyindekelkeun harepan lintang ti ka hidep. Da geuning, adi hidep mah béda pangaresep jeung béda bakat,” kitu ceuk indung asa cikénéh nongtoréng dina ceuli.

Da enya mun teu kitu, meureun kuring moal ngajaran jadi mahasiswa di puseur dayeuh. Meureun indung bapa moal nepi ka calangap mun maot téh. Éta nu sok jadi kacapangan saban waktu téh. Sidik awal-awalna mah seunggah pisan. Pikiran harita mah cukup ku jadi pamajikan pagawé ogé rék naon deui. Gajih salaki cukup pikeun ngabayuan kuring jeung barudak. Harta-banda kolot rék sawahna rék kebonna, encan jugrugan pabrik gilingan paré. Carék paribasana moal carem sabada saharitaeun. Cukup ku ngaborojolkeun barudak, sarta jadi ibu rumah tangga anu tigin. Rék naon deui, leuwih ti cukup asana hirup téh.

Tapi da sétting-an MantenNa mah sanés deui. Keur mah aya gurat yén méh kabéh kulawarga kuring pagawé, ditambah kajurung ku nyampak waragad, dilengkepan jejemna ketak kuring dina patéah ngahontal cita-cita.

Sada karéta ngaguik, ngalilirkeun lilinggeran kuring. Kolébatna tatangkalan sisi jungkrang mungguh matak ketir tapi éndahna kabina-bina. Kusiwel kana hapé, ngécéng sababaraha jongjongan. Klik, bray. Gambar pamandangan luareun jandéla. Dialak-ilik, asa leuwih éndah batan aslina.

“Bu, Kaka mah hoyong neraskeun kuliahna di UNSOED wé nya,” ceuk Si Cikal sababaraha taun ka tukang.

Teu bisa majar kumaha, padahal mah rék sapok-pokeun nitah manéhna nyiar alternatip kuliah téh tong jauh-jauh teuing. Di kota lembur kuring ogé aya sok sanajan swasta.

“Ari Ibu mah ukur sambung dunga bari tangtu sasadiaan sagala rupana. Katambah Emu sareng Engki ogé moal cicingeun bahan ngilu ngurususanan,” kitu pok kuring antukna mah.

Ngupahan kakuciwana sasat kampus anu diangen-angenna di Kota Bandung, teu kabiruyungan ngajodo. Manéhna teu lulus, dalah dikumaha deui, sok sanajan kuring jeung bapana teu petot-petot ngadunga ka MantenNa.

Teu nyalahan tina panyangka kuring, bahan remen kancad-kincid meuntasan Jawa Barat-Jawa Tengah. Coba mun di lembur sorangan, meureun paling méakkeun waktu gé satengah jam indit balik kuliah téh. Atuh keur kuring salaku indungna, tangtu moal méakkeun energi pulang pergi ratusan kilométer sakalieun diperlukeun ku manéhna. Tapi ceuk tadi gé, dasarna kanyaah ka nu jadi anak, kumaha wè baheula nyaah-deudeuhna kolot kuring ka kuring. Kuring moal rék ngarasula, jauh mo burung dijugjug, anggang mo burung ditéang. Ceuk paribasana poék kundang sénter, leueur kundang iteuk, banjir kundang parahu. Tah ayeuna gé bakating ku jauh ceuk kuring mah nya kundang karéta api. Kendaraan ogé aya di imah téh, ngan baé adi-adi Si Kaka ogé keur butuheun kekeleyengan ka sakolana.

Karéta api téh ngaguik deui. Ana bréh hibar layung tina kalangkang kaca jandéla, marengan manting mitesna hulu karéta. Mémang ngahaja mangkat téh muru peuting, saperkara ngarah tiis di jalanna, kadua perkara muru istirahat di kosan Si Cikal saméméh isukna ngalelengkur, tugur manéhna sidang skripsi. Kabayang atuda bahan ngalelentuk mangjam-jam tapi kétang da bakal loba batur.

“Sok jeujeuhkeun sing tepi ka junun Si Kaka téh, Teteh! Sakirana ngahégak di tengah jalan, tangtu nu jadi nini gé moal cicingeun. Keur naon banda, banda mah tatalangraga ari lain keur ngabayuan hirup-hurip haridep mah,” ceuk indung kuring dihaminan ku bapa. Kurang kumaha nu jadi kolot nyumangetanana.

Ti jaman kuring sakola, kuliah, tug tepi ka reuay ku anak, dalah ayeuna gé teu lésot makihikeun ka nu jadi incuna. Remen kajadian keur bekel Si Kaka dipiheulaan ku aranjeunna. Kanyaah anu sigana leuwih panjang batan jajaran raratan rél karèta api ieu.

Anu matak, basa kolot nyogrogkeun pibapaeun Si Cikal saadi-adi teureuh wétaneun Jawa Barat ka hareupeun kuring, teu diengkékeun langsung unggeuk wé. Geus dirésikoan ti saméméhna moal mungpang. Atuh basa megatkeun duriat jeung urang tatangga lembur, Indung tandes mapadonan moal lungsur dunga lantaran geus kabaca aya codéka ti pibésaneunana harita. Kuring teu rumahuh malah sama sakali teu némbongkeun bubudén nguluwut ka aranjeunna. Èstu sumun dawuh sapangersa aranjeunna.

“Kolot lain geusan megatkeun duriat hidep tapi kanyaah kolot moal pati-pati kieu peta saupama lain keur kamaslahatan hidep jagana, Tétéh,” saurna tandes.

Da lain bohong lamun ka kuring teu sirikna loba anu hayang mileuleuheungkeun. Jajaka gandang, popotongan kuring misah kampung tepi ka ayeuna sok nga-WA sakadar nanyakeun cageur teu cageurna kuring. Nu séjénna kitu deui, ngan baé tara pirajeunan dilayanan wé, ukur saperluna.

Basa maksakeun ngémpolkeun bobokong, karasa aya anu ngajeletit dina parinikan. Terus ngageleser kana péngpélangan. Gusti, damangkeun abdi, biwir kuring ngagerendeng sadrah.

Karéta manting ngatuhu, marengan guikna nyalasar rasa. Ana bréh ka luareun jandéla geus marakbak lampu néon sapanjang bantaran rél karéta.

“Bu, Kaka udah di Statsion nih.”

Gebray WA ti Si Cikal.

Alhamdulilah nepi ogè sanggeus sakitu jamna camekblek na kareta. Balukarna nya kieu. Kiwari kuring ngajepat dina risbang sarwa bodas ieu. Lieuk simpé lieuk suwung. Tingtrim nu nungtun keueung.

Keueung, nyaan keueung. Komo mangsa nyawang di sisi di gigir taya sasaha. Ka mana atuh nu narungguan tèh? Naha bet tèga ninggalkeun kuring di rohangan ieu? Sèrèsèt jeroan beuteung karasa asa aya nu nyilèt.

Kuring gura-gero taya nu nèmbal. Nyaan nyorangan kaya kieu mah. Kuring hayang ka cai. Nyoba ngalèngkah sorangan. Na bet asa hampang. Èh kuring asa ngapung. Kukurilingan na rohang kamer. Kuring rèk ngabelesat ka luar kamer.

“Ibuuu…!!” kadèngè sora ngagentraan kuring. Sora si bungsu, si panengah, si cikal. Kuring rèk ngapung.

Maranèhna milu ngapung. Kep kana suku kuring. Kep kana leungeun kuring. Kuring disèrèd ku tiluan sangkan teu hiber ti kamer. Kuring didudut ku tiluan nu antukna ngajepat deui na risbang. Hawar-hawar kadèngè sora nu ngaraji gigireun. Kuring beunta.

“Ibuuu..!!” Si bungsu nangkeup bari ceurik.

“Alhamdulilah ibu tos sadar deui,” Si cikal, si panengah, milu ngagabrug. Gauk paungku-ungku.(*)

#Evi Sulastri (Manglé no. 2764)

Carpon SundaWhere stories live. Discover now