Kang Sabri Leungiteun Kalangkang

0 0 0
                                    

Poe Saptu isuk-isuk Kang Sabri geus saged, ti mimiti meresihan motor, meresihan jeket, jeung bebekelan, enya mawa timbel. Poe ieu poe Saptu, biasana sok marema, da pagawe pabrik sok loba nu baralik ka lemburna.

"Akang kahade anteurkeun heula Si Sujang ka sakola!"

"Heug! Geus mandi encan Si Sujangna?"

"Enggeus, keur dibaju heula!"

Satengah tujuh, Kang Sabri geus ngadius bari ngabonceng anakna, rek dianteur heula ka sakola.

"Balikna mah leumpang we Sujang, tong hayang dijemput sagala, pan ieu teh pos Saptu sok marema ojeg teh."

Si Sujang unggeuk.

Enyaan we marema ojeg teh. Nepi ka jam 10 teh Kang Sabri geus narik opat balikan, malah aya nu rada onjoy sagala da menta di tarik ka Sawah Gede, teu wudu mayarna rada gede.

Kira-kira keur poe manceran, aya budak awewe nu menta dianteurkeun. Teu loba tatanya deui Kang Sabri langsung nyanggupan. Motor dihirupan, budak awewe diuk di tukang, geuleuyeung motor indit.

Palebah jalan anu lenglang, budak awewe ngagerewek, hayang eureun.

"Eureun Kang, kuring mah rek turun didieu we."

Puguh we Kang Sabri kaget, motor dierem disakalikeun, motor mehmehan ngagaleong.

"Kunaon Nyai, kapan jauh keneh."

"Embung! Kuring mah kajeun leumpang we."

"Naha, Nyai?"

Si Nyai bibirigidigan, bari nunjuk kana motor.

"Eta motor jeung awak akang euweuh kalangkangan."

Astagfirullah...! Kang Sabri sababaraha kali istigfar bari jeung rurat-reret kana motor jeung awakna. Enya geuning dirina teh euweuh kalangkangan, padahal harita panas poe ereng-erengan.

Sajongjongan Kang Sabri ukur ngahuleng, bareuheudeun, teu ucap salemek-lemek acan.

Si Nyai anu tadi di bonceng geus leumpang miheulaan, malah siga nu lumpat duka teuing sieuneun duka teuing kumaha pikiranana.

Awak Kang Sabri asa leuleus lir di pupul bayu, teu kuat nangtung. Manehna ngalungsar sisi jalan, atuh motor tetep ngabagug. Pikiran baluweng, naha bet kieu.

Geus rada leler tina kareuwasna, jung nangtung, bari tetep alak-ilik kana dirina, teu poho nyabakan motor, enya euweuh kalangkangan.

Lahlahan motor dihirupkeun deui. Hirup saperti biasa, euweuh kakuranganana. Terus ditumpakan, ngadius balik deui. Bari nyemprung tumpak motor pikiran uleng, naha...kunaon ieu teh? Leong motor dipengkolkeun ka sakola Si Sujang, sugan geus bubar sakolana, sakalian rek dijemput.

Enya barang nepi ka buruan sakola Si Sujang keur leumpang, bari cacamuilan ngadahar cilok.

"Sujang buru-buru naek, urang balik!"

Si Sujang atoheun nu aya, atuh buru buru ngajleng kana pangboncengan. Motor ngadius balik ka imah. Sajajalan Kang Sabri teu weleh rurat-reret ka jalan ningalian kalangkang. Heueuh nu kaciri teh ngan kalangkang awak Si Sujang siga nu ngadaplok teu puguh. Dina hatena Kang Sabri sababaraha kali istigfar. Paingan Si Nyai nu tadi dianteurkeun ngajleng embung dibonceng, da enya ningali kitu mah bet asa ningnang.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now