Si Rewok

0 0 0
                                    

Guyur salembur. Najan teu ilahar, tapi meh sakur urang lembur ngarasa kahibur. Rupaning pintonan ditanggap: bajidoran, dangdut, kosidahan, wayang golek, tug nepi ka tableg akbar. Olot Ukar, Ulis Kowi jeung Kulisi Ook, katara bangun sugema. Meunang hese cape tatahar teh, dina emprona mah geuning lungsur-langsar.

Peuting eta, malem Jumaah kaliwon, buruan bale desa teh ngadadak ngajanggelek jadi pasar malem.

"Para hadirin anu ku sim kuring dipihormat, teu karasa geuning, peuting ieu teh geus nincak peuting katilu hajat lembur. Enya, dina raraga ngareuah-reuah maotna Si Rewok," kitu cek Olot Ukar, basa keur biantara di luhur panggung. Nu surak mani saheng, matak eundeur salelembur. Malah awahing ku rame, nu keur biantara mah taya nu ngabandungan. Nyaho-nyaho Lurah Ukar geus mungkas biantarana. Tuluy disambung ku Kuwu Amas, minangka tamu istimewa.

"Kuring minangka kuwu, milu bungah nu taya papadana, dumeh Si Rewok geus nemahan pati. Sugan we ari Si Rewok maot mah, lembur urang teh jadi aman tur tingtrim." Teu kebat biantarana, da kasilep ku surak nu lalajo mani ayeuh-ayeuhan. Malah nepi ka rengsena biantara, biheung aya nu nyaho naon nu caritaan ku Kuwu Amas. Komo Hansip Baron mah, ti mimiti prung acara oge, ngan hayoh bae ngalindeukan Neng Lina. Mangpang-meungpeung, sabot Olot Ukar bongoh. Padahal sasarina mah Hansip Baron teh tara kumawani, da puguh ngaragangan Lurah Ukar. Tapi sanggeusna Hansip Baron dileler pangajen minangka pahlawan lembur, Olot Ukar siga nu mere lolongkrang hade. Hartina, tinggal Cep Erik nu kudu disanghareupan teh. Duka ku naon, da Cep Erik mah ti baheula oge memang teu panujueun upama adina kudu rerendengan jeung Hansip Baron.

Tatabeuhan dangdut mimiti ngagembrung. Nu lalajo mimiti motah. Aya awewe make baju merecet naek ka panggung. Nu lalajo beuki moyeg. Hansip Baron mah kalah ka anteng neuteup beungeut Neng Lina.

"Kang Erik nuju ka mana, Neng?" Hansip Baron nanya. Diukna rada ngised, semu nyedekkeun Neng Lina.

"Duka...!" Ukur kitu walon Neng Lina teh. Pangpangna mah geus bisa ngabade yen Hansip Baron teh ukur basa-basi. Da mun seug enya aya Cep Erik, tangtuna oge moal kumawani diuk di gigireunana.

"Si Erik mah keur nganjang ka imah calon pamajikanana di Rancakatel. Geus ampir saminggu, henteu balikna teh." Kalah Olot Ukar nu nembalan teh, bari panonna mah angger manco kana panggung, lir embung kaliwat nuturkeun nuturkeun nu keur ngageol luhur panggung.

-=oOo=-

Tilu poe katukang, Si Rewok geus jadi mayit. Puguh bae langsung ibur salembur, ear sadesa. Malah mimitina mah loba nu cangcaya. Pangna kitu teh, ngaran Si Rewok geus jadi kacapangan balarea, dipikasieun ti bareto. Estuning matak muringkak bulu punduk, mun ngaguar kaganggasan Si Rewok. Lain hiji dua nu nyebut leuwih ganggas alah batan sato teh. Kakara ngadenge ngaranna, nu soak mah tuluy ngoceak.

Sanggeus sumebar beja yen Si Rewok maot, rea nu tumanya, saha nu geus bisa maehanana? Da puguh salila ieu mah can aya nu metu nyangkalalak eta jalma. Dalah aparat kaamanan oge meh beak dengkak. Cek Bah Dinta tea mah, dukun sohor ti urang Ciparabun, majarkeun teh Si Rewok boga ajian meunang ngalap ti Siluman Belut. Leueur, matak hese ditewakna. Ngalawan Si Rewok mah, lain sanghareupaneun jalma bolostrong.

Olot Ukar terus ngayakeun saembara. Sing saha nu bisa nyerek Si Rewok, boh hirupna boh paehna, baris meunang hadiah, duit sapuluh juta. Kawasna mah Olot Ukur geus liwat ti jangar, dumeh kulawargana ge jadi korban kaganggasan Si Rewok.

Hansip Baron ngadadak jadi bahan catur balarea. Cenah manehna pisan nu nyangkalak Si Rewok teh. Samemehna tarung heula di Pasir Haur. Layon Si Rewok terus dibulen ku boeh, henteu kungsi dimandian heula. Satuluyna dipanggul ku ka buruan bale desa. Urang lembur tumplek ka bale desa, hayang ngayakinkeun eta beja.

"Cik singkabkeun boehna, hayang neuleu heula beungeutna! Rek diciduhan sakali mah!" Aya nu nyelengkeung semu nu ngenes.

"Meugeus, teu kudu ditenjo sagala rupa, beungeutna raca pisan!" cek Hansip Baron rada teugeug.

Carpon SundaTahanan ng mga kuwento. Tumuklas ngayon