Peuting Pangerepukan

0 0 0
                                    

Hujan ngageyer ti isuk mula, buhan usumna meureun. Sasarina, taun-taun ka larung, nyanghareupan Poé Nyepi téh Bali sok cangra. Apan boro nyanghareupan upacara gedé, kadar sakalieun aya pintonan seni barudak ngora di puseur dayeuh gé sok pirajeuneun dilaser. Duka kumaha carana. Ngan mun di langit aya cahaya babarasatan, cenah éta téh laser, gunana nyingkahkeun pepedut pihujaneun sina pindah ka wewengkon séjén. Disarang meureun mun di lembur mah. bédana, laser maké cara modérn.

Kaayeunakeun laser arang katingali, sigana dipahing ku pamaréntah propinsi, sabab teu hadé pikeun patani.

Rérés Asar geus dangdan sapuratina. Lenga-lengo nempoan tina jandéla, sugan wé hujan raat. Girimis kénéh. Gap hapé, nelepon ka babaturan, nanyakeun susuganan di wewengkon séjén mah teu hujan. Di Bali hujan téh sok ancal-ancalan. Mindeng, béh dieu hujan, liwat 5 ratus métér halodo.

“Di sini hujannya sedikit, tapi dia bawa temen banyak,” témbal ti peuntas bari nyikikik.

“Dasar…, nékad jalan ndak?” Milu seuri.

“Hayooo, siapa takut?” Asa dihatéan. Atoh aya batur, bari susuganan kapeutingnakeun mah halodo.

Anjeucleu dina motor diboncéng Lasri, babaturan. Jékét anti air ngabaguded awak. Hujan raat nyésakeun hawa seger keur Dénpasar. Motor laju lalaunan. Jalan macét. Rupa-rupa Ogoh ogoh rapang sapanjang jalan, padangagimbung, dilalajoan.

“Nguriling ka Badung, yu…!” Ngaharéwos ka Lastri. Nu diajak unggeuk. Sok panasaran lamun lalajo Ogoh ogoh teu dipapay unggal wewengkon. Ulin pasosoré, dianteur angin laut, pamandangan alam nu eksotik dipapaés rupa-rupa patung sapanjang jalan. Matak nineung.

Isukan Poé Nyepi. Tradisi Bali, malemanana sok diayakeun Upacara Pengerupukan. Nurutkeun kapercayaan masarakat Bali, Upacara Pengerupukan mangrupa tarékah pikeun nyingkahkeun atawa ngamusnahkeun roh jahat nu disebut Buta Kala. Ilahar dilakukeun mangsa wanci Magrib. Baheula mah cukup ku  raraméan masarakat sakampungna-sakampungna, marawa obor ngurilingan lembur bari nakolan kohkol. Sedeng saméméh Upacara Pengerupukan, di unggal imah sacara pribadi dilakukeun heula Upacara Mecaruk, maksudna mah sarua, mersihan imah tina gangguan roh jahat.

Taun 80an, mimiti aya Ogoh ogoh. Mangrupa karya seni patung hasil  karancagéan paranonoman Bali, dijieun tina bubur kertas, elém, jeung awi. Éta patung Ogoh ogoh téh ilaharna dibentuk mangrupakeun Buta Kala, lambang kajahatan, sok diarak ngurilingan lembur, tujuanana sangkan roh jahat nu aya disabudeureun asup kana éta patung, saterusna peuting harita kénéh Ogoh ogoh dibawa ka basisir atawa tegalan pikeun diduruk, dimusnahkeun. Ka dieunakeun, lain deui. Loba Ogoh ogoh nu dijieun mangrupa paradewa, tokoh politik, jeung sajabana.

Wanci rék reup-reupan. Sapanjang jalan, kénca katuhu pinuh ku nu lalajo. Kolot budak pagelek silihséréd. Girimis ngepris. Nu lalajo bruk-brak maruka payung, tayohna ngahaja marekel ti imah, kawantu datang sabondoroyot, anak incu dikerid, papada panasaran mun teu ngalalajoanan. Hujan ngagebrét deui. Buriak lalumpatan muru tempat ngiuhan. Najan dijékét, teu burung ngahodhod. Siga sasari, angin ngagelebug.  Hujan sajerelet, raat deui. Bring deui nu lalajo muru sisi jalan. Teu béda ti batur, kuring milu pasesedek, malah leuwih seseleké, hayang panghareupna. Nangtung, peuntaseun pisan panggung tempat lalinggihna parapajabat. Réngsé nu pidato, saémbara dimimitian.

Nu lalajo surak. Rupa-rupa Ogog ogoh lur-lar hareupeun, digarotong puluhna urang ti tiap Banjar, dipirig Bleganjur, tatabeuhan has Bali pikeun ritualan, adu manis antara, kenong, kecrék, kendang, jeung goong. Ogoh ogoh gulak-gilek, réréngkénékan, diulinkeun pamuda nu kabagéan ngigelkeun. Kitu ogé nu ngagotong, arayeuh-ayeuhan bari réréngkénékan luyu jeung wirahma tatabeuhan. Pareng aya Ogoh ogoh nu ngulahék, ruksak, teuing pérna macét, teuing akibat kahujanan, ger pada ngaheuyah-heuyah, disurakan. Kurunyung Ogoh ogoh mangrupa raja. Gedé pisan, hanjakal teu bisa diuk, Nyangsaya dina korsi singgasana, cenah pér lebah pingpingna macét teu bisa diajegkeun. Lebar temenan ukur jadi bahan geuhgeuykeuneun, sedeng nyarieunna aya kana pidua bulaneun méméh poé Nyepi. “Jangan-jangan pertanda pejabat negara kita,” salah saurang nu lalajo nyelengkeung. Teu dipaliré, kaburu norojol aleutan pamilon dibaraju tari. Duka pamilon ti Banjar mana, kabupatén nanahaon, teu kapireng pangumumanana, sora panata calagara kasilep guruhna surak. Banjar téh wangunan tempat dilakukeunana sagala kagiatan sosial agama masarakat Hindu Bali. Ngawengku hiji wewengkon nu diwatesanan ku wewengkon séjén. Meureun satahap RW di lembur urang mah. Parapecalang nu boga tugas keur kaamananana.

Carpon SundaDove le storie prendono vita. Scoprilo ora