Nguseup

0 0 0
                                    

Kang Sabri ngingkig indit ka kidulkeun. Tuturubun ka handapeun jambatan di sisi walungan. Alak-ilik, neangan tempat nu merenah keur nguseup. Maju ka beulah kulon, neangan tempat nu liuh. Deukeut rungkun sadagori eureun, didinya caina rada ngajumbleng teu nyeot teuing. Siga leuwi. Tuluy bebenah. Tali kenur nu rada kusut dibeberes, dipasangkeun kana jeujeur weregu. Useup dieupanan ku cacing kalung. Lung useup dialungkeun kana cai nu ngajumbleng. Diuk andeprak dina jukut nu semu reumisan. Tabuh salapan isuk-isuk keur meujeuhna haneut moyan. Langit lenglang. Angin ngahiliwir. Nyaksrak haneut matapoe kana tonggong, diusapan ku angin ngahiliwir, genah karasana.

Poe ieu rek nguseup, rek mopohokeun karudet sapopoe. Mata dipake manco kana tungtung jeujeur, mata manco kana kanur, mata manco kana kukumbul. Sakapeung panon lalajo budah cai nu silih udag, sakapeung panon lalajo runtah nu palid, sakapeung panon lalajo tungtung daun nu kaoyagkeun angin. Pikiran museur hayang meunang lauk gede.

Ngalelentuk nyekel jeujeur, karasa cangkeul. Jeujeur digolerkeun dina jukut, didempet ku keuneung, bisi jeujeur kagusur mun aya nu nyanggut. Muka kantong nu disolendangkeun. Ngaluarkeun bebekelan, kulub sampeu jeung cai haneut dina termos leutik. Lemper dua siki jeung leupeut dua siki. Meunang meuli ti warung Ceu Enyi basa rek indit. Karasa ni'mat ngagayem kulub sampeu diguguntur ku cai haneut. Ditambah ku ngagayem leupeut hiji, pedah tadi isuk can sasarap.

Seak jeujeur aya nu metot. Ngajol. Meh-mehan teu karawel. Jeujeur weregu melentung da ditahan terus semu dikenyedkeun, tuluy digolosor bari kenur ditarik, digolongan. Tah didieu ni'matna nguseup teh keur pabetot-betot jeung lauk, mun teu tapis ngulur jeung narik, lauk bisa leupas deui atawa kenur pegat.

Gudibegna lauk kaciri dina cai nu rada ngambul mulek, meunang bibit yeuh.

Lauk beak tanaga, nyanghap kaluhur, biwirna katiir ruruhit useup. Lauk engap-engapan ngahegak cape. Pasrah, kokoleaban dina beungeut cai.

Enyaan bibit, mun ditimbang mah kira-kira aya sakiloeun, kitu gerentes Kang Sabri.

Kang Sabri muru ka sisi walungan, nu dicekel lain jeujeur deui tapi kenurna, dipulut ku leungeun. Lauk ngambang engap-engapan. Barang rek kep dicekel pisan, lauk ngagudibeg, cai muncrat kana beungeut Kang Sabri. Bis bae leupas.

Lauk ngoleab deui. Kek ditewak, beunang. Dibawa ka darat. Lauk teh buncir, siga keur endogan, boa-boa tereh megar.

Kang Sabri neuteup lauk, lauk neuteup Kang Sabri.

Biwir lauk engap-engapan. Kang Sabri ngahuleng, engapna lauk siga nu ngajak ngomong. Lila-lila lauk limpeu, ku Kang Sabri diwadahan kana koja bekelna, tuluy di kana caikeun.

Lauk buncir hayang leupas, koja dicangreudkeun kana sadagori. Lauk buncir ngagudibeg, koja jadi panjara.

Kang Sabri ngalungkeun deui useup ka leuwi, dikenyed-kenyed sangkan kenurna merenah, panon manco ka tungtung kenur, kana jeujeur weregu.

Lauk dina koja ngagudibeg, Kang Sabri ngareret. Enya buncir lauk teh, keur endogan, tereh megar.

Mun ieu lauk diala, digoreng, dicobek make sambel jahe atawa dipesmol, endogna pasti pungkil jeung girinyih. Didahar sosoranganan bari sila andekak, nyetrok cengek, seuhah, ni'mat kabina-bina.

Tapi saha nu rek masakna?, di imah ngan sosoranganan, imah ge ukur kamar kontrakan. Sabenerna gampil nu masak mah, tinggal dibikeun ka ceu Enyi, nu boga warung hareupeun kamar kontrakanana. Moal burung diasakan sapamenta. Bageur Ceu Enyi mah, mindeng ngirim deungeun sangu, mindeng mere nganjuk mun keur teu boga duit keur meuli deungeun sangu.

Kang Sabri, lalagasan keneh, gawe jadi guru Sakola Dasar, kakara dua taun diangkat jadi pagawe nagri. Mun pasosore ka kamar kontrakanana, rajeun sok datang anak Ceu Enyi, nu kakara kelas lima sakola dasar ngadon nanyakeun PR ti sakolana. Wekel budak teh, teu risi tatanya, pinter budak teh da teu weleh rengking di sakolana. Eta meureun pangna Ceu Enyi jadi bageur. Keur Kang Sabri mah resep we ngajar ka barudak teh, da eta mah geus tugasna. Predikat guru teh teu leupas najan teu keur di sakola. Dimana bae ge kudu tetep mere conto ka barudak.

Carpon SundaOnde histórias criam vida. Descubra agora