Profesor Paséa Jeung Jurig

0 0 0
                                    

Basa peuting keur meujeuh jempling, di hiji imah gedong sigrong anu pernahna di mumunggang pasir nu harieum ku rungkun gombong. Aya awéwé ngora keur humandeuar bangun nu manggih karungsing, pédah ti tadi mépéndé anakna anu sarua awéwé teu kaur reup da kagandéngan ku sora-sora anu arahéng.

Geus sababaraha bulan di imahna lamun nyedek ka peutingnakeun sok ngadadak loba sora-sora anu aranéh, kadang sada aya lalaki keur ngocoblak sosoranganan. Sakapeung aya sora anu keur ngahariring anu tabeuhannana matak hayang nungkup ceuli, ngan rék ditempo téh bisi matak ngaganggu ka anakna anu umurna can sawawa. Bisi sieuneun bakuna mah.

"Ma, atuh éta téh sora naon? Uing mah keueung." Budak anu keur dipépéndé tumanya ka indungna, awakna murungkut bari nyusup kana awak indungna.

"Duka teuing, Nyai. Geus sababaraha bulan di imah urang jadi sok loba dédéngéan." Indungna cumarita bari nangkeup anakna.

"Moal kitu éta téh jurig, Ma?" Anakna tumanya deui, bari awakna gumeleter siga anu muriang teu manasan. Ceuk pikir éta budak, pasti anu garandéng téh jurig. Da sakitu geus lila can kungsi nempo jirimna.

"Ih kapan urang anu sok disarebut jurig mah, anaking." Indungna ngajawab bari ngusapan tonggong anakna, sugan bisaeun saré. Ras kana hirupna anu salila ieu ukur duaan jeung anakna bari can sawawa, salakina indit duka teuing ka mana da geus teu aya béja jeung carita.

Sanggeus anakna tibra, kuniang manéhna hudang terus kaluar ti enggon muru sora-sora anu aranéh. Laju muru panto anu ka tengah imah, da kadéngéna sada ti lebah dinya. Nepi kana panto, ceg kana panyekelan konci. Tapi sababaraha kali digulak-gilek ogé weléh teu daékeun muka. Bakat ku ambek ngan jebrod panto téh ditajong, jep sora-sora nu aranéh téh ngadadak jempling.

Teu pati lila kolotrak sada anu muka konci, bray panto téh muka. Lol aya saurang lalaki gandang masih ngora, ceuk cohagna mah keur meujeuh lumiat. Ngadon luak-lieuk siga aya anu ditéangan, geus kitu asup deui. Jeblug panto nutup deui, ceklék sada dikoncikeun deui.

"Euleuh, geuning aya deui bangsa manusa di imah aing. Paingan anak aing sok bibirigidigan waé, karasaeun sigana mah aya mahluk séjén. Untung can bisaeun awas". Eta awéwé gegerendengan sorangan, haténa asa medenghel ku kakeuheul. Salila ieu manéhna ngarasa jongjon hirup paduduaan jeung anakna, teu aya anu nyiksikudi. Wuri-wuri ayeuna aya deui anu nyicingan imah salian ti manéhna, bangsa manusa anu kabisana ukur ngabaribinan.

Ti saprak kajadian harita di imah éta jadi taya deui sora-sora aranéh anu sok ngabaribinan ka manéhna, disangkana mah éta jalma anu katempo ku manéhna geus pindah. Unggal peuting saré tibra, beurang ngahenang-ngahening taya karingrang. Anakna geus tara bibirigidigan deui, atuh saréna ogé teu weléh tibra.

"Ma, geuning sora-sora nu aranéh téh ngilang nya. Jempling ayeuna mah, jurigna pindah sugan?". Keukeuh éta budak nyebutna téh jurig. Can apaleun yén sabenerna anu disebut jurig téh bangsa manéhna.

"Enya geus diusir ku ema, bongan gandéng waé". Indungna cumarita siga nu enya, ti dituna mah ngabeberah ka anakna. Bari teu apaleun yén anu nyicingan éta imah téh lain kabur pédah sieuneun ku manéhna, tapi keur ka luar nagri nganteur bojona. Sabab bojona téh urang luar nagri.

Dina hiji peuting, maleman Jumaah Kaliwon. Sababaraha minggu sanggeus aya kajadian anu najong panto, di rohang tengah aya dua urang lalaki keur uplek ngawangkong. Mimitina mah sada ngobrolkeun urusan kampus. Nguruskeun paguron luhur. Lila-lila bet malibir kana nyaritakeun kajadian anu geus kaliwat di éta imah.

"Boy, sababaraha minggu ka tukang méméh ngajajapkeun pamajikan. Saya manggih kajadian ahéng di ieu imah". Lalaki nu disebut keur meujeuh lumiat ku jurig awéwé téa, cumarita ka Si Oboy. Kitu nelahna éta jalma anu diajak ngawangkongna téh.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now