Dasmin

0 0 0
                                    

Hanjakal pisan teu ti mimiti nyaho saha saenyana Dasmin téh. Kitu tah sipat manusa mah: hanjakal téh sok pandeuri.
Dasmin téh tangtu lain jelema samanéa. Moal salah deui, manéhna tangtu jelema suci, sabangsaning wali, nu ngahaja dilungsurkeun ku Gusti Nu Maha Suci ka ieu dunya. Hususna ka lembur kuring. Mun lain jelema suci, jang naon manéhna bisa aya di ieu lembur kalawan teu percumah?

Sakabéh urang lembur pada nyaho saha Dasmin téh: lalaki ngora nu boga kabiasaan leumpang ngagedig bulak-balik ti tung­tung kulon tepi ka tungtung wétan lembur. Sapoéna teuing bisa sabaraha kali pulang-anting téh. Méh sapanjang jalan leungeun kéncana nulak cangkéng, leungeun katuhuna diayun-ayunkeun ka tukang ka hareup, bari sungutna nurutan sora kendang.

“Jing tang tong! Jing tang tong!” cenah.

Ceuk béja mah, Dasmin téh pada ngusir ku urang lemburna, kira-kira lima kilométer ti lembur kuring mah, ka beulah kidul. Kitu meureun nya sipat urang mah, nu sok ngarasa pangberesih­na. Asa aing uyah kidul. Naon waé nu bakal ngotoran diri urang kudu geuwat dipiceun. Jelema modél Dasmin gé meureun pada nganggap bakal jadi kokotor lembur, nu matak kudu buru-buru diusir. Ngan teu kacaritakeun naha manéhna boga kénéh dulur di lemburna.

Anéhna, urang lembur kuring mah bet raresepeun ka Dasmin téh, najan teu leuwih pikeun hiburan. Pabeubeurang usum halodo téh panas éréng-éréngan, atuh lumayan bisa seuri ningali kalakuan Dasmin.

Ku barudak mah sakapeung pada malédogan ku karikil bari nurutan sora kendang téa. Ma’lum, apan di mana-mana gé nu ngaran barudak mah tara ngarasa salah, najan malédogan jele­ma téh kawas malédogan hayam.

“Seuah, seuah, ka ditu!” ce­nah ceuk barudak téh. Dasmin ukur ngahéhéh pada malédogan téh. Katingali gugusina nu beureum kawas tomat asak. Paling gé manéhna api-api nyokot batu jiga nu rék malédog.

Atuh teu antaparah deui barudak téh paburiak lalumpatan. Ngan tara enyaan malédog Dasmin mah.
Sot deui batu téh, tuluy leungeun kéncana kana cangkéng, leungeun katuhu diayun-ayunkeun ka tukang ka hareup, bari sungutna nurutan sora kendang, “Jing tang tong! Jing tang tong!”

“Gatotgaca gélo!” ceuk barudak.

Dasmin ukur ngagerem dikitukeun téh.
“Mmm… jék nong!” cenah, minangka sora kecrék jeung kenong.
Enya, nurutan ngageremna Gatotgaca téa.

Teuing kumaha mimitina, kuring bet resep ka Dasmin. Pédah éta meureun, da Dasmin mah tara malédogan ka barudak. Bisa jadi pédah manéhna mah ukur seuri mun pada ngahina ku batur téh. Atawa ieu meureun: Dasmin téh saenyana lalaki ka­sép tur tara poho meresihan awakna di kamar mandi masigit. Mun seuri gé katénjo huntuna beresih tur bodas. Kitu deui ba­juna, sok katingali beresih. Teuing saha nu sok méré baju ka manéhna.

Atawa pédah kaayaan ékonomi kitu? Kieu maksudna. Ka­ayaan ékonomi téh bet asa beuki matak nyekék. Harga béas, mi­nyak goréng, minyak tanah, listrik, naon ku hanteu, beuki ngajul waé. Teu kahontal ku gajih nu tara pipilueun naék.
Kuring ukur setap di kantor kacamatan. Boga budak dua, nu hiji rék asup SMP, nu hiji deui rék asup SD. Geus papada nyaho apan, anggaran nu kudu disadiakeun pikeun asup sakola naon waé gé di urang mah beuki ngaratus rébu, malah mah ngajuta. Leuwih nyekék batan anggaran lebaran. Baju saragam, kaos olahraga, buku-buku, tas, sapatu, naon ku hanteu, can ditambah uang gedung nanahaon. Wajib kabéh éta téh. Geus kitu, pamajikan bet hayoh wé kukulutus ngomentaran harga nu naék téa. Atuh kudu kumaha deui? Da urang mah teu bisa na­naon. “Nya atuh néangan panghasilan tambahan tina naon waé. Tingali batur mah bisa,” kitu pokna téh.

Tah, dina kahirupan modél kitu, teuing ku naon, karasa Dasmin téh jadi salah sahiji hiburan pikeun kuring. Sok resep ningali beungeutna nu teu weléh seuri najan pada ngaheu­reuyan kaleuleuwihi ku barudak. Leungeun kénca dina cang­kéng, leungeun katuhu diayun-ayunkeun, bari sungutna nurut­an sora kendang, “Jing tang tong! Jing tang tong!” kitu sapan­jang jalan, bulak-balik ti tungtung kulon tepi ka tungtung wétan lembur. Bangun euweuh kacapé.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now