Kembang Harepan

0 0 0
                                    

Wanci rumangsang, kuring ngadaweung di paléstér imah sanggeus rinéh tina pagawéan sapopoé. Imah beresih, istrikaeun réngsé kitu deui masak geus bérés.

Diuk tumaninah dina korsi nyanghareup kekembangan nu keur meujeuhna pikalucueun. Kuping gajah semu hérang ngabuludru balas ditatap diusap,  aglonema warna-warni teu éléh sieup, cahayana mubyar katojo panonpoé.

Rét kana kembang ros nu keur meujeuhna ligar. Beut aya nu nyelek kana tikoro. Inget harita pan kuring nu ngeukeuhan pikeun meuli éta kembang. Padahal mah asa teu butuh. Barina gé pan kuring teu resep kekembangan, ngan ningali nu dagangan aki-aki pikarunyaeun, beut éléh déét.

“Lirén heula, Kang.” Kuring noél cangkéng Kang Nandi nu keur nyemprung dina motor.

“Aya naon?” témbalna.

“Mésér kembang heula. Itu karunya si Aki.” Nuduhkeun lalaki kolot nu ngécagkeun tanggungan, laju ngiuhan.

“Ah, nanaonan lebar. Ké nu ngurus saha? Siga nu resep waé.”

“Lastri, ké ngurusna!”

“Mah ... nyeli ...,” sora budak  ngagebahkeun lamunan.

“Pan saur mamah gé teu kénging nyaketan kembang ros, kasép.” Cekeng, bari jeung ngalamotan curuk budak.

“Embangna ae ....”

“Muhun saé. Ké ku mamah diala. Antosan sakedap nya, urang bétadinan heula.” Kuring gentak asup ka jero imah, mawa bétadin, kapas jeung pléster.

Budak anteng sanggeus kahayangna ditedunan. Hayang kembang ros dua rupa. Katingali mawa momobilan treuk, laju éta kembang diteundeun di luhurna.

Kuring neuteup kembang ros. Nyawang kajadian bieu. Sarua jeung lima taun ka tukang.

“Matakna, Las, tong lalawora atuh, pan apal kembang ros mah seukeut.” Kang Nandi ngalamot leungeun kuring.

“Ih, geuleuh dilamot,”

“Keun, méh apét.” Ti miroséa kuring. “Ké urang betadinan heula.” Kang Nandi ka jero imah, teu lila geus mawa betadin sapuratina. “Ceuk, Akang gé harita pan tong meuli kembang ros. Cucukan.” Cenah bari anteng ngoléskeun betadin kana leungeun.

“Tapi resep kembangna atuh, Kang, Seungit. Sangkan nyeungitan rumah tangga urang. Nu utamana mah jadi ciri.”

“Ciri?’

“Muhun, ciri urang anyar ngadahup. Bumi énggal dieusian, pan supados hégar katawisna. Nambah asri. Ké mun tos aya turunan mugia jadi pangéling, ieu kembang téh kembang pangharepan urang duaan. Dipelak ku urang. Intina mah janten ciri, Lastri resep kana kembang. Héhé.”

Mimitina teu niat meuli kembang ros. Ngan karunya ningali waruga  nu dagangna. Nya kolot jaba ditanggung. Leumpang geus luménghoy. Kembang ros harita kénéh langsung dibeuli, teu adu tawar.

“Sabarahaan, Mang?”

“Dua puluh lima rébuan.” Manéhna ngageberan awak ku topi butut.

Kuring cingogo, milihan kembang ros. Aya nu katingali geus néngtét kembangan, aya ogé nu acan.

“Teu aya deui nu kembangan, nya?”

“Sakedap deui gé kembangan, Néng.”

“Dipésér sadayana ku abi.” Ceuk kuring sanggeus ngitung polybag. Ngaluarkeun duit tina lokét.

“Ieu, angsulna.”

“Teu kedah, Mang, Wios.”

“Alhamdulillah nuhun, Néng,“ cenah bari nyuhun duit.   

Carpon SundaWhere stories live. Discover now