Meuli Sawarga

0 0 0
                                    

Di jero rohangan anu dipulas warna bodas. Dua urang lalaki diuk pahareup-hareup. Roko na biwir hiji lalaki teu eureun ngebul, haseup siga ngalepaskeun lalangse na jero hate manehna. Di luar panto hiji pulisi sayaga nyepeng pentungan bari panonna teu eureun nitenan ketak lalaki nu ngaroko.

Tape leutik paranti ngarekam geus ngagoler luhureun meja handapeun gado lalaki nu ngaroko. Lalaki nu ngaroko siga seunggah nyanghareupan tape, na implenganana eta tape siga ceuli jalma rea, nu hayang ngadenge sarupaning kalimah nu betus na biwirna. Lalaki nu make baju rompi ningali ketak manehna nu katara samar polah.

"Pareuman eta tape lamun maneh hayang nyaho hal nu ku aing dilakonan!" ceuk lalaki nu ngaroko.

"Tapi kuring perelu pikeun bukti. Lian ti eta kuring sieun salah nalika engke nulis!" lalaki nu make rompi ngajawab

"Maneh teu perelu nanaon! Tulis sakahayangna! Berita ti maneh moal mangaruhan jaksa jeung hakim nu geus kabalur duit! Isuk jaganing geto tangtu hirup kuring geus beres!"

Lalaki nu make rompi nyimpen tape na korsi gigireunana. Tuluy manehna ngilu nyunut rokok bodas siga hayang maturan lalaki hareupeunana.

"Sok atuh mimitian! Naon kasang tukangna bet maehan loba ulama jeung ajengan? Cenah nepi kawelasna?" lalaki nu make rompi nanya.

"Aing maehan ulama jeung ajengan, kahayang aing sorangan! Euweuh patula-patalina jeung agama sejen, siga omongan hiji ulama dina koran maneh, nu ngajentrekan cenah aing teh golongan ti masarakat Yahudi!"

"Jadi lamun kitu kunaon atuh?"

"Aing geuleuh ka maranehna nu geus ngajangjikeun kahirupan dunya jeung akherat aing bakal walagri!"

"Ngajangjikeun kumaha?" manehna ngadesek

"Mangkukna keur aing jadi katua partey! Aing mindeng ngajak ulama jeung ajengan nu kawentar ku sakumna masarakat pikeun ngadu’akeun aing jeung anggota sejen pikeun hirup-hurip walagri! Tapi nalika ayeuna reformasi jadi sabiwir hiji. Aing nu jadi katua partey anggursing mindeng diuudag jalma jeung pihak berwajib! Cenah aing ngagelapkeun duit sakitu milyarna! Sababaraha mahasiswa nu sok idealis menta aing digantung pikeun tumbal nagara! Sabaraha ajengan nu mangkukna hirup ku aing. Malah cenah nyieun fatwa yen getih aing teh halal pikeun dikocorkeun! Cik ku maneh pikir kumaha lamun maneh jadi aing bakal kumaha?"

Lalaki nu make rompi ngahuleng.

"Tangtuna teu kudu diparaehan eta jalma teh!" tembal lalaki rompi.

"Pikir ku maneh! Mangkukna nalika aing jeung partey aing masih keneh hirup, maranehna milu hirup ku aing. Sababaraha kali aing meuli du’ana, nu cenah babari dikobul ku Gusti, pikeun nyalametkeun dunya jeung akherat! Tapi mana buktina, di dunya wae kuring diuudag siga maling! Maranehna geus ingkar ka aing! Cenah sakuduna ari jalma-jalma nu deukeut kana agama jeung darigama siga maranehna, kudu nyepeng kana ucapanna! Mana buktina rek nyalametkeun aing dunya jeung akherat! Hanas aing mere duit loba ka maranehna pikeun meuli eta du’a! Nyaho teu aya harga du’a nepi ka sapuluh yutana! Tapi kaampuhanana mana?"

Lalaki nu make rompi ngahuleng.

"Sakuduna maranehna toh pati jiwa raga mentengan aing ku du’ana! Ulah siga kiwari! Nalika aing geus dibui, maranehna kalabur ninggalkeun aing, bari ngadu’a menta aing dipaehan! Daripada aing nu paeh tangtuna meuning maranehna nu paeh!"

"Tapi ngaranna du’a mah lain maranehna nu boga!" ceuk lalaki nu make rompi.

"Aing teu paduli! Nu jelas aing geus meuli sawarga keur aing maot ka hareup! Aing menta hirup walagri pikeun di dunya! Urusan kumaha ka Gusti jeung malaikat eta mah urusan maranehna! Maneh nyaho teu mun diitung mah aing geus meakeun anggaran samilyar pikeun meuli du’a-du’a ka saban kampung nu boga ajengan, ulama, imam nu dareukeut ka Gusti!"

"Kuring rek nanya! Naha baheula percaya ka maranehna?" ceuk lalaki nu make rompi.

"Rek teu percaya kumaha kamaranehna! Saban ngobrol jeung maranehna ayat jeung hadits haliber. Saeutik-saeutik ngomongkeun kawalagrian dunya jeung akherat! Lamun aing mere duit minimal lima ratus rebu, maranehna ngadu’akeun kuring bari sujud nepi ka tarang maranehna darekok jeung harideung."

"Jadi! Nu jadi kasang tukangna didinya maehan ulama jeung ajengan, alatan ngarasa ditipu ku maranehna nu geus ngajual du’a?" ceuk lalaki nu make rompi nanya.

"Heueuh!"

"Kumaha ayeuna ketak didinya? Sababaraha poe ka hareup didinya kudu nyinghareupan pelor nu bakal nyanyaak awak didinya! Terus maot teu dibere sawarga?"

"Hayang nyaho! Aing bakal mawa duit rek nyogok malaikat!"

Lalaki nu make baju rompi indit! Di jalan manehna ngabaledog masigit, nalika nu khotbah ngajangjikeun sawarga pikeun jalma nu shalat. (*)

#Agus Bebeng Hadyana

Carpon SundaOnde histórias criam vida. Descubra agora