Kasarung Ka Nagri Demit

0 0 0
                                    

Saawak-awak karasa nyeri. Kaayaan poék meredong. Bray caang. Gebeg. Sakuriling bungking matak hémeng. Selengseng bau teu paruguh, hayang ongkék. Rét ka ditu rét ka dieu, malulu mahluk pikagilaeun. Huluna darugul, mata barolotot, ceuli rarancung, beuteung balucitreuk! Alam naon? Kateuing!

''Mangha Pahuka nyanghakeun!'' aya nu ngomong bari nyurungkeun awak kuring sina ka hareup. Beletuk, kana tonggong aya nu neunggeul.

Dina korsi gading aya mahluk gedé, matana bolotot pisan mencrong siga hurung ka kuring nepi ka kuring teu untup neuteup, sérab!

''Hé, saha nyanéh?'' tanyana handaruan.
Kuring ngabigeu, teu bisa ngomong kapangaruhan ku sora-sora ngaguruh, aya nu tingcakakak, tingcikikik. Malah hawar-hawar sada aya anjing babaung. Sora-sora récét siga cucurut, sakapeung tincariak siga pitik. Punduk beuki muringkak!

''Huahahaaa....saha nyanéh hah?'' mindo tanya ti si gedé nu diuk na korsi gading.

''Abdi, jalmi,'' pok téh saujratna.

''Hohoho.....hihihi....Ari ngangku jalmi ari khalangkuan kawas nyato!'' cenah.

Teuing naon maksudna, teu timu.

''Huahahahaaaa...... huahoho... huahihi.... bisi nininya teu haho nyanéh heus aya di nagri khami, nagri demit. Nyanéh rék ditimanan hukuman alatan heus nyieun kasalahan gedé ka bangsa kami!'' pokna deui, ngomongna sakapeung ngirung, sakapeung béntés.

Ngadéngé kitu kuring kacida reuwasna. Cenah nyieun kasalahan jeung baris ditibanan hukuman.

''Teu rumaos Nun!''

''Huahaha...huahihi...huahoho, teu ruhmasa ngumaha? Sidik bukti, nyata pakta,'' pokna deui.

Beu, na naon atuh dosa kuring? Asa teu nyieun dosa ka mahluk maranéhna. Boro-boro nyieun codeka, wawuh gé henteu.

''Phatiiiiih....!''

''Kaulanun, Gusti!''

''Bhawa khadieuw saksi kolban!'' cenah.

Beu, aya saksi korban sagala. Nya meureun kuring téh jadi pasakitan tina lampah kriminal. Tapi naon?
Kaayaan beuki matak tagiwur. Kuring teu puguh rarasaan da nu daratang mahluk-mahlu teu puguh rupa beuki noyék. Tingaréak tingsaruit, tingarelél, ngaléléwé, ngalélécé.

''Huahahaaa....thong dihantep Husti, sunhatan si éthana atawa sundut ku kunthung tujuh puluh tujuh guruntul......hihhihihi.......!''

''Satujhu....uhu, uhu, thuman, Muruhanheun dunya héh nu mangheluk manhussa hunghul nyah.....héhéd téh!''

''Poharan, poharan, lah thong sina bhalik dai ka dhunya!''

Rupa-rupa nu nyarita matak rancleng tai ceuli. Naon atuh dosa kuring maké kudu disunatan, maké kudu dipaéhan. Iyyy...! Beuki muriding.

Keur kitu torojol aya dua mahluk laleutik. Nu hiji sirahna dugul, nu hiji deui mah susuna rayud. Taksiran mahluk jalu jeung bikang nu keur kacangreud geugeut da katénjona téh mani pagégéyé.
Cedok duanana nyembah ka si jangkung gedé na korsi gading.

''Huahaaaaaa, huahihi, huahoho. Cok Cép donghéngheun, naon nu heus dipihawé ku mangheluk ahah adol téh!''

''Hihohiiiii, hihohi.....cumuun sahumaha nu tos disanghemkeun ti mayun Apa, habdi téh nuhu inehoy sareng si heulis ieu. Nuju yaos-yaos pahéhéyé, anya yer téh aya chai nu mauna hawina-wina, maseuhan hawak putra nalem ........Apa.''
Ih géuning éta téh anak raja demit, pangéran meureun nya.

''Huahaha, huahihi, huahoho, tah hahéngé ku jejewir hah?'' ceuk si raja demit.

''Ih duka atuh,'' jawab téh da jeung saenyana naon patalina jeung nu dicaritakeun ku si anak demit.

Carpon SundaTahanan ng mga kuwento. Tumuklas ngayon