Dulur

0 0 0
                                    

Dianjangan teh kasampak Kang Usep keur sila tutug. Ti kajauhan katenjo nyerengeh. Kumisna nu kandel nyingsat. Sanggeus deukeut ompongna kaciri. Unggal papanggih huntuna beuki ngurangan. Kang Usep ngiap-hiap. Sanggeus sasalaman gek diuk gigireunana. Bangku nu heureut teh ngan cukup dipake diuk duaan, pagegeye kawas keur ocon. Rek diuk di handap asa ngewa kawas keur ngadeuheus ka raja.

“Hayu atauh di jero, aceukna keur di cai… nyeuseuhan…” pokna bari nepak tuur kuring.

“Lah di dieu we hareudang…”

“Tas ti mana atuh, ngahaja bae ka dieu?”

“Ah nuturkeun indung suku we, sukur ari sehat mah Akang.”

“Ih, cageur, pan kamari kakara mulang ti Jakarta…” leungeunna kadak-kodok kana pesak kaos oblong nu warnana kiruh bals dipake ka sawah. Roko nu kari dua batang dipaut.

“Ti Kang Umar?” kuring nanya.

“Enya, ka saha deui,” angger nyerengeh.

“Yeh, bisi perlu ka Akang?!” Kang Usep nanya.

“Ah ngalongok we, eta sakalian tas ti Jang Elan, nempoan tangkal alba, majar rek dijual, butuh keur usuk.”

“Butuh sabaraha tangkal? Atuh itu we nu Akang ge rea nu geus manjing dituar, sagede nu itu tuh!” curukna nunjuk ka palebah tangkal alba nu pernahna teu jauh ti dinya.

“Sabaraha satangkalna?”

“Lah kumaha umumna bae, atuh kamahalan lain jeung sasaha ieuh, kari ilikan ka ditu taneuhna rek dijual, bisi rek dipikiran ku adi?” Leungeunna mautan jangot nu ngan sababaraha lambar. Make ngingu jangot leuheung mun pantes, ceuk hate.

“Duit ti mendi Kang, sakieu keur parait teh.”

“Ih, bisi butuh memeh di ka baturkeun.”

“Paling ge kaina kitu moal loba pira ge saimaheun.”

“Ilikan bae heula.”

“Eh, Kang! Majar Kang Umar ngawayuh ka Ceuk Odah?” Kuring tetelepek.

“Enya. Lah keun bae, malah dirojong ku Akang mah. Kahiji manehna mampuh rek boga panajikan salosin ge moal teu kaparaban. Kaduana, cua akang mah ka ngaran Ceuk Munah teh. Nyeri atuh da ngingetkeun kumaha sikepna ka kulawarga urang mah, ka kabeh oge lain dongeng, nganggap badega. Boh ucap boh sikep geus pada ngarasakeun. Pek tanyakeun ka sakur nu geus nganjang ka ditu, teu cara ka dulur jeung barayana ti pihak manehna. Pagawe hotel jeung rumah sakit sasat dulurna wungkul.”

“Enya bejana mah disakolakeun nepi ka paguron luhur kabeh oge.”

“Bener Adi, Ceuk Munah sorangan anu nyaritakeun eta teh. Sedengkeun Si Dani mah anak akang katut ka sikat gigi oge ti Akang. Di ditu mah saukur milu cicing. Akang oge mimiti mah teu percaya. Basa Dani keur di ditu ari mulang teh reumbay bae, ari sugan pedah pajauh jeung kolot. Balaka soteh sanggeus manehna tamat sakolana sarta geus digawe. Paingan manehna kekepehan embung digawe jeung Uana. Padahal rumah sakit swasta bari mewah, pasilitasna alus. Nyakitu deui hotel kari milih rek di kota mana. Na ari pok  ngawalon, ayeuna mah pangarti boga, digawe mah di mana we dapon ngeunah hate, hoream jadi kekesed saumur-umur mah. Tuluy balaka yen sabot di imah Uana dikekeyek alah batan ka rencang. Tapi ari ka dulur ti pihak Ceuk Munah mah henteu kitu. Maranehna malah sok wani nitah ka Dani teh. Komo mun sagala nurut. Ieu mah kadaharan ti dieu diangkutan, nya beasna nya laukna.”

“Enya nya Kang, apan Kang Umar bisa jadi kitu teh mimitina mah jasa Akang ngorbankeun takajar ti Ua Hasan nya.”

“Lah, heueuh, matak oge mun ngarah ungka-ungkalan mah. Tapi Akang mah teu kitu. Manehna oge manusa tangtu boga rasa rumasa, paling henteu dina hatena.”

Carpon SundaWhere stories live. Discover now