Mim Pitu

0 0 0
                                    

Rongkah pisan kariaan Haji Gojali téh. Mupugkeun tai kanjut cenah, pakaulan si bungsu tepung jodo jeung nu sawaja, papada anak nu jegud. Teu kapalang balandonganana ogé, cék nu rahul mah sawidak kali sawidak deupa cenah awahing ku gedé-gedéna.

Dina babadamian mimiti jeung kulawarga, kungsi aya nu usul supaya nanggap wayang, ngangkir dalang Cigebar nu kamashur, sakalian itung-itung ngaruat lembur cenah. Tapi cék Kuwu, nu ngahaja diangkir nungkulan, teu pantes Haji kariaan nanggap wayang. Mending ngondang ajengan sina tablig, aya-aya pulunganeunana pibekeleun ka ahérat. Mun rék aya kasenianana matak naon ngangkir tagoni ti Awipari. Tengah peuting, terus tablig, der waéh cenah.

"Leres kairing," cék Haji Gojali, "cop pisan kana émutan téh. Perlu kasambut sunat kalampah, sapusan-sapisan kariaan bari ibadah."

"Pan muhun kitu,” cék Kuwu, "najan betah gé di dunya, urang téh kudu geus mikir-mikir bawaeun balik."

"Bongbong panuju Emang téh... Teu panasaran ngarubuhkeun sapi dua-tilu gé keur nyuguhan nu ngaraji mah sasatna," cék pribumi.

Putus waéh rék ngangkir ajengan ti dayeuh, ngahaja kiai petingan, nu baréto kungsi tablig di Kacamatan. Matak kataji, da selang-selang tina ngadalil téh maké sok ngabojég sagala. Sapusan-sapisan cék barudak ngora mah, ngaji ongkoh, itung-itung lalajo bobodoran ongkoh, ngadagoan réog mah arang langka.

Dina waktuna, jelema tumplek ka lembur Girang. Balandongan nu sakitu mayakpakna téh nepi ka mudal ka buruan-buruan tatangga jeung ka jalan. Kabeneran ongkoh tas ngecrek waé manggih halodo. Harayang nyenghap urut ngahékok waé di imah turug-turug aya béja sakur nu datang rék disuguhan najan teu diondang ogé.

Nu daragang maréma, nu jarajan kawas nu mamayu, mangpang-meungpeung hayang ganti parab, ngaruah bébécék, nu jeung pamajikan nu jeung bébéné. Tukang bandrek kakurangan batok. Cindekna jelema téh marijah asa dikariaankeun.

Jam dalapan bada Isa acara dibuka.

"Para sadérék," cék protokol, "Kersa Ajengan nu ku urang diantos-antos parantos rawuh. Sakedap deui baris miwejang, pioboreun urang di dunya sareng aherat ... Alhamdulillah, nu sasari saban wengi ngecrek baé téh, wengi ieu halodo lénglang. Hiji tawis, yén pasamoan wengi ieu kenging rido ti Gusti Nu Maha Suci. Sateuacanna Kersa Ajengan miwejang, Bapa Kuwu disuhunkeun sambutanana, étang-étang dawuh restu ti nu kagungan wewenang di désa ieu ... Sumangga dihaturanan."

Keprok ngageder. Bapa Kuwu hanjat ka panggung. Kuwu ngora, dedeg sampe rupa hadé, meumeujeuhna buta tulang buta daging, nya gagah nya boga pamor. Urut tadi ngaguruh gandeng téh ngadak-ngadak jempé lir gaang katincak.

"Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh ... Hatur nuhun sim kuring dipaparin kasempetan cumarios, étang-étang ngabagéakeun ka Kersa Ajengan nu parantos luntur galih kersa sumping kanggo miwejang urang sadaya ... Rumaos ditakdirkeun jadi kokolot di désa ieu, jadi bapa rahayat sadésa ieu, sim kuring hoyong ngiring jabung tumalapung nyelapkeun kecap kanyaah, manawi aya mangpaatna kanggo para sadérék nu sasat jadi asuhan sim kuring. Tugas Kuwu téh sanés abot meueus-meueus, kapancénan ngasuh rahayat sangkan lembur jadi aman, sepi tingtrim gemah ripah loh jinawi. Cék paripaos téa mah, sepi paling towong rampog, nu tani saruka-seuri, anu dagang barungah ... Nanging mungguhing di dunya téa teu luput tina cocobi, kanggo nguji iman manusa ... Ahir-ahir ieu sering kawartoskeun timbul rupi-rupi kajahatan nu jadi gangguan kana katengtreman hirup kumbuh. Kituna nonggong kana paréntah Pangéran ... Mun sadaya jelema leres-leres iman jeung takwa, sim kuring yakin, alam dunya baris aman répéh-rapih ... Dibantun cindekna baé, sadaya jelema kedah tumut tuhu kana paréntah Pangéran bari nyingkahan sagala laranganana ... Ku para sepuh baheula, larangan Pangéran téh dikumkeun dina mim pitu ... Naon nu disebat mim pitu téh ...? Hiji minum, nya éta ngaleueut sabangsa arak, temahna matak mabok, leungit sa­gala wiwaha, poho kana bebeneran, tunggul dirarud catang dirumpak, loklok dilebok heulang dihakan ... Dua madat nya éta mirucaan sabangsa candu, ganja, narkotik jeung sabangsana. Ahir-ahir ieu remen kabéjakeun réa barudak nu keur mareumeujeuhna tigebrus kana jurang ganja nepi ka ruksak jiwana ruksak cita-citana tinggal bangkarak manusa nu taya gunana pikeun bangsa, nagara katut agama ... Katiluna maén alias rupa-rupa adu-aduan. Réa nu nepi ka bébéakan dipaké pawit   ngadu nepi ka baruntak rumahtanggana ... Kaopatna madon, nya éta jinah cék agama hukumanana kudu dirajam ... Kumaha ari dirajam téh ...? Dibalédogan ku batu nepi ka paéh. A'uzubillahi min zalik ... jinah ... rajam ... kecapna gé matak kukurayeun ... Kalimana mateni nya éta maéhan jelema ... Kagenepna maling, babadog rarampog, korupsi jeung sajabana, para sadérék moal aya anu bireuk ... Katujuhna mangani, barang-dahar nu dilarang ku agama ..."

Carpon SundaWhere stories live. Discover now