Mangsa

0 0 0
                                    

“Allohu akbar, Allohu akbar,” kadéngé sora takbir indung kuring lirih basa kuring asup ka imah. Pabaur jeung ceurik Si Nénéng nu geus leslesan, sakapeung mah jiga nu humarurung. Ceu Titi kadéngé inghak-inghakanana.

“Kumaha, Jang?” bapa kuring nanya bari neuteup. Kuring ngajawab ku gideug.

“Jadi, dokterna teu bisa kabawa ka dieu?”

Kuring gideug deui.

“Kumaha Pa Mantri atawa Bu Bidan?”

“Atos, Pa, sadayana ogé tos didongkapan,” témbal kuring. “Ngawitan ka bumi dokter, terus ka bumi Pa Mantri, teras ka Bu Bidan. Weléh. Bujeng-bujeng muka panto, gugah gé henteu. Diketrokan mah diketrokan, malah dugi ka digedor jandélana sagala. Asa piraku sugan ari teu kadangueun mah!”

Mani asa hayang ngabudalkeun kabéh kakeuheul nu ngagendok duka sagedé nanahaon dina dada. Cumah di lembur kuring aya dokter, aya mantri, aya bidan nu sok ngubaran budak gé. Ari dina waktuna butuh ku tanagana, ku kaahlianana, teu bisa dipikabutuh. Tadi gé sajajalan kuring kutuk gendeng.

“Rupina mah Jang, kasieunan aranjeunna téh,” ceuk Mang Ujé nu tadi nganteur kuring, kabeneran manéhna téh kabagéan ngaronda peuting ieu.

Bisa jadi kasieunan. Aya béja nu keur jadi sabiwir hiji. Saminggu ka tukang, cenah aya dokter nu dirampog. Tengah peuting aya nu keketrok pajar cenah aya nu gering, tapi barang pantona dibuka dokter téh bet terus ditodong ku péstol. Pangeusi imahna, bangsa barang berharga mah korédas, sabab cenah rampogna gé mawa colt pikeup. Enya, kasieunan jigana mah. Tapi apan kuring mah lain rampog, enya-enya ieu mah Si Nénéng butuh pitulung dokter. Pan écés disebutkeun yén anu datang téh kuring jeung ronda, jeung deuih pan kajadianana ogé di lembur batur saminggu ka tukang téh. Kitu gé karék béja.

“Ah, wajar wé atuh Jang, teu di dokter teu di urang ari kasieun mah sami sugan, da sami-sami sipatning manusa.”

Aya benerna ogé omongan Mang Uyé téh. Dokter gé manusa, bisa jadi deuih leuwih nyaah kana harta jeung jiwana sorangan batan jiwa batur.

“Allohu akbar, Allohu akbar,” masih kénéh kadéngé sora takbir indung kuring dina sela-sela ceurik Si Nénéng nu ngalaunan, napasna jiga nu beurat. Ceu Titi ceurikna narikan. Kuring nyampeurkeun.

Haté téh ngarakacak, teu wasa nempo Si Nénéng teu walakaya. Geus teg wé tinggal ngadagoan mangsa. Asa percaya asa henteu, padahal tadi soré Si Nénéng geus ngahibur kuring sakulawarga. Saleuseurian akey-akeyan nénjo Si Nénéng diajar leumpang. Nangtung, saléngkah dua léngkah, blug labuh. Tuluy nangtung deui, ngaléngkah deui, blug labuh deui. Unggal labuh unggal diseungseurikeun, Si Nénéng kalah ceuceuleukeuteukan. Nu nempo akey-akeyan, lucu tuda. Komo keur indung kuring mah. Tuda teu sirikna kanyaahna kabéh ditamplokkeun ka Si Nénéng. Sagala rupa Si Nénéng. Balik ti kebon atawa ti mana baé, anu mimiti dilakukeun téh mangku Si Nénéng. Kungsi indung kuring sapoé-sapeuting mapag u ti Mekah di Halim, isukna sapopoé Si Nénéng teu lésot tina aisanana.

“Di ditu téh meni inget baé ka budak,” ceuk indung kuring. Budak téh lain kuring, tapi incuna. Enya, Si Nénéng téh lucu jeung pigeuliseun deuih ceuk kuring mah.

Tapi sakapeung mah sok keuheul ka Si Nénéng téh, éta ari geus ceurik tengah peuting. Keur meujeuhna saré tibra, hég kahudangkeun ku nu ceurik. Cara tadi, Si Nénéng ceurikna teu daék répéh, kuring cengkat terus ngadeukeutan kamar Ceu Titi.

“Ceu, Ceu … tah Si Nénéng ceurik baé, hayangeun nyusu meureun!”

“Puguh teu daékeun,” témbal Ceu Titi, “Cep … cep … tuh Emang kagandéngan, “ Nénéng henteu répéh, “Cep Néng cep, tuh cieun éong! Éong, yeuh Néng éong … angis aé.”

Carpon SundaWhere stories live. Discover now