Punten, Cunihin

0 0 0
                                    

Ngarumas pisan dipindahkeun ka Departemen Manajemen Informasi teh. Karyawanna lalaki wungkul, awewena kuring sosoranganan, mani asa cuang-cieung. Keur di Maintenance mah leuheung keneh, awewena aya tiluan.

Nu ngalantarankeun kuring saparakanca dipindahkeun ka bagian ieu teh, bagian Maintenance ngahaja dileungitkeun, cenah mah dina raraga restrukturisasi pausahaan. Sawareh dipencar, aya nu dioperkeun ka bagian Pabrikasi, aya oge nu ka Enginering.

Teu bisa majar kumaha, kuring kudu siap ditempatkeun di bagian mana wae. Geus untung teu kaasup karyawan anu di-PHK oge. Mun nepi ka kitu teh, duka teuing kumaha, mangkaning budak bangkoreak maju ka garede, keur mareujeuhna biayaaneun. Nu cikal asup ka SMU taun ieu teh, nu ka dua ka SMP, dikersakeunana teh mani mareng deuih.

Salaki ukur supir angkot jurusan Cimahi-Leuwipanjang. Ka dieunakeun manehna sok mindeng luh-lah. Cenah jaman kiwari mah mobil hayang pinuh ku muatan teh estuning hese beleke. Paling dina sapoe teh pinuhna ukur dua balikan, isuk-isuk jeung sore, waktuna arindit atawa barudalan barudak sakola jeung nu digarawe. Mimindengna mah cenah supir teh "angkleung-angkleungan" mawa mobil kosong mapay-mapay ruteu angkot Bandung-Cimahi. Atuda loba saingan, loba angkot anyar. Rajeun aya muatan, kudu bari muruhan calo nu teu weleh rajeg di unggal pengkolan. Acan kapegat ku macet anu sakapeung mah nepi ka jam-jaman. Acan kapegat ku petugas TPR di unggal parapatan. Sedengkeun setor duit ka dunungan mah kudu pol-pol wae sapoe-sapoena teh. Antukna pangala kuring dijadikeun andelan keur nutupan pangabutuh sapopoe, najan sok mindeng tekorna da loba potongan. Tapi ahir-ahir ieu kuring teh aya niat kaluar ti eta pabrik, jeung kawasna kudu gancang kaluar atawa pindah, lantaran teu betah.

Saenyana mun dibandingkeun jeung samemehna, pagawean kuring nu ayeuna mah kaitung enteng. Pira diuk hareupeun komputer sapoe jeput, ngolah data anu asup tuluy dijieun dokumen. Cangkeul tonggong mah jamak we. Sabulan sakali nyieun skedul sarta laporan kagiatan Manajemen Informasi dina per mingguna, sakapeung ngecek email jeung nga-download sakur informasi anu aya patalina jeung widang garapan pausahaan tina internet. Atuh waktuna balik gawe prah jeung pagawe kantoran di instansi pamarentah, paling elat tabuh opat sore. Euweuh sistim shif, kajaba karyawan di bagian produksi. Jaba rohangan tempat gawe ayeuna mah raresik sarta ditata apik, da puguh rohangan supervisor. Ngan nya eta, puguh di dieu, di rohangan ieu pisan sumberna masalah nu ngalantarankeun kuring teu betah teh.

"Teu kenging seueur ngahuleng, bilih aya nu lepat deui sapertos kamari!" Ceuk Supervisor, anu teu kanyahoan geus aya hareupeun. Tah jelema ieu pisan biang masalah teh, atasan kuring pisan, nu sok pangangguran mindeng ngaheureuyan. Sakapeung sok kaleuwihan heureuyna teh. Mimitina mah sok diladenan, panyana teh heureuy biasa we, guyon jeung ocon dunungan ka anak buah. Lila-lila karasana ku hate asa beda, asa lain saheureuy-heureuyna. Rindat katut kekecapanana ceuk pangrasa kuring mah mere sinyal jeung isarah anu ngandung bahaya. Disebut bahaya, lantaran kuring teh jelema, pareng keur hengker iman mah aya bahan kawisaya ku pitapakna. Kudu kumaha nyanghareupanana? Estuning piheseeun ngagiwarna. Hiji-hijina cara saheulaanan, ti mimiti poe ieu moal pati deuheus najan ka atasan, kudu dipiheulaan nyieun jarak sorangan.

"Panginten nuju seueur emutan nya?" Cenah. Saperti biasa gek manehna diuk gigireun. Kuring api-api jongjon mencrong layar monitor, leungeun katuhu anteng nyekel mouse, mindah-mindahkeun kursor mukaan email nu katarima poe ieu. Selengseng seungit parfum anu has, anu ngalantarankeun ieu jajantung degdeganana mimiti ngerepan.

"Ku naon tara kersa diajak tuang di luar?" Tanya manehna. Teu direret ge geus kajudi, pasti manehna keur neuteup beungeut kuring ngadagoan jawaban. Teuing geus sabaraha puluh kali manehna ngajak istirahat di luar teh, ngan hate teu merean. Jeung kawasna mah nepi ka iraha ge hate teh moal merean. Kajaba lamun indit ka luarna ngabring jeung sobat-sobat kuring, Mochtar Abdillah jeung Ridwansyah. Ari indit paduduaan mah, ah...paur aya buntutna, tur bakal gede resikona.

Carpon SundaDonde viven las historias. Descúbrelo ahora