Parépéh

0 0 0
                                    

Peuting tambah jempling. Ojég  nu biasa nganteurkeun nu baralik gawé ti pabrik tékstil gé euweuh nu ngaliwat deui. Neni masih kénéh diuk nyanghareupan komputer, inyana keur ngetik carpon “Puriding Puringkak”, kirimkeuneun ka majalah Manglé nu karék tilu alinéa.

Rasa tunduh mimiti karasa, heuay merelek.
“Kudu nginum cikopi,” pikir Néni.
Léos ka dapur. Teu lila gé geus ka patengahan imah nu aya komputer.
Gék, deui nyanghareupan garapanana. Méméh dek ngetik, regot nginum cikopi. Bray, pitunduheunana nyingray. Ragamang leungeunna kana beubeuritan. Barang ramo-ramona rék mencét hurup, Néni ngaranjug ningali tulisanana jadi nambahan.

“Saha nu ngetik? Piraku mamah atanapi bapa mah, pan tos karulem? Jabaning ka dapur gé ngan sakeudeung. Naha saha nu ngetik?” Néni bacéo di jero haténa bari panon tetep mencrong kana tulisan.

Keur ngilo tulisan, gelas cikopi ujug-ujug ngésér.  Siak, puringkak bulu pundul Néni carengkat. Karepna rék ngagorowok, tapi dak dumadak bet hésé engab kalah balabab-belebeb.

“Puuuh…,” sidik aya sora jeung karasa tiis kana punduk Néni aya nu niup.
Néni ngawani-wani manéh nanya bari ngeleper.
“Saha manéh? Naon sabab ngaganggu kuring?” pokna.
“Haha. Kula nu dijieun tokoh carita ku anjeun!” jawabna bari dimimitian ku ngahaha.
“Suganda? Deuk naon ka dieu?” kawani Néni bijil.
“Tadina mah rék nyiar dahareun, ngan kabéngbat ku tulisan anjeun. Aslina mah lain kitu!” jawabna.
“Tingalikeun jirim anjeun!” kituna téh Néni bari luak-lieuk.
“Montong hayang neuleu jirim kula, bisi anjeun soak!” jawabna.

Sakedapan Néni ngahuleng. Haténa mah norowéco. Hayang ningali jirimna tapi mémang sieun pikagilaeun sakumaha nu ditulis ku Néni.
“Kalah ngahuleng. Déngé ku anjeun! Nu dijieun parépéh bendungan lain kula wungkul, dalah budak leutik gé loba. Tuh ka dieu nyarusul!” pokna.
“Mana? Kuring mah teu ningali,” jawab Néni bari luak-lieuk.
“Tuh, na panto!” jawab Suganda nu cicingna téh tétép tukangeun Néni.

Barang rét ningali panto, sangkilang panto téh ditutup malah mah dikonci, tapi sirah budak leutik narolol, rék arasup.
“Astaghfirulloh…!” Néni nungkup beungeut ku dua dampal leungeunna.
Nu katingali ku Néni, sirah barudak téh bolénang, beungeut hideung. Malah di antarana aya nu nyéréngéh némbongkeun huntuna anu rogés.
“Karék ningali bolon geus sieun, komo ningali beungeut kula!” ceuk nu ngaku ngaran Suganda.
“Nyingkah siah, tong ngaganggu kuring!” Rarasaan Néni mah ngomongna téh tarik, miharep kadéngéeun ku indung jeung bapana. Tapi kolotna teu hudang komo deui nyampeurkeun ka Néni mah.
“Heug deuk indit, ngan,” Suganda teu kebat ngomongna.
“Ngan naon?” ceuk Néni.
“Ngan ménta daun kawung, bako molé, ésbonbon wéh keur barudak! Geus heubeul euweuh nu méré ududeun. Tiheula mah keur usum Nalo, Loto, SDSB, Porkas, seubeuh kula jeung barudak téh, da loba nu sok nyuguh. Kiwari mah teu saurang-urang acan nu datang,” jawab Suganda nu tetep teu némbongkeun jirimna.

“Isuk dianteurkeun ka bendungan, ayeuna warungna gé tarutup!” jawab Néni.
“Lamun bohong, bakal aya mamalana ka anjeun, atawa kula rék ménta batur saurang!” jawab Suganda.
“Ménta batur? Dijieun wadal?” Néni nanya bari kerung.
“Enya. Pan lamun meunang batur mah, batur nu anyar téh sok dikiriman ku kulawargana. Kalan nepi ka natusna ngirimanana téh,” jawab Suganda.

Sanggeus disanggupan paméntana, hiuk aya angin dibarung ku kalangkang. Rét Néni ningali ka lebah panto.
“Gusti…! Ya Alloh…! Enya kitu nu bieu téh? Atawa jin nu minda rupa? Naha kuring bet poho kana babacaan ménta tulung ka Pangéran? Asa disirep,” Néni norowéco.

Salila-lila Néni mikiran kajadian nu geus karandapan, rék nganggeuskeun tulisanana jadi mandeg. Rék saré sieun Suganda daratang deui jeung budak nu laleutikna. Inggis keur ngagolér ujug-ujug aya gigireun. Keur mikir antara neruskeun karangan jeung saré. Hawar-hawar aya sora, tapi sidik sasora jeung Suganda.

“Montong suudon hirup téh! Sarékeun, néruskeun hanca gé moal balég!”
Tumerapna ka Néni tambah bingung. Ongkoh hayang réngsé peuting ieu, tapi dicaram ku Suganda. Antukna Néni mareuman komputer. Sup ka kamarna. Golédag, ngagolér.  

Waktu beuki nyérélék, sora nu adan tahrim geus ngung-ngong ti unggal masjid. Tapi Néni teu peureum najan sakerejep gé, pikirna nyipta-nyipta beungeut Suganda.
“Untung teu ngajirim pasti beungeutna pikasieuneun, tadi mah ngan katingali tukangna,” pikir Néni nu ngabayang beungeut Suganda téh kawas jurig dina pilem-pilem horor.

Sabot Néni keur ngalamun bari melong lalangit, kapireng panto kamar kolotna ngarekét. Néni ngoréjat.
“Tah, apa sareng mamah pasti badé netepan! Nganggeuskeun tulisan ah,” pikir Néni atoh asa aya nu ngabaturan bari terus leumpang ka rohangan tengah tempat kutak-ketikna téa.

Gék diuk na korsi, terus ngahurungkeun komputer. Klik, bray! Komputer geus hurung, Néni muka pabukonana, terus ngaklik karangan nu anggeuskeuneun.
Barang bray, Néni hélok deui waé.
“Ceuk aing gé, mun peureum téa mah bahaya!” géréntés haté Néni bari ngilo tulisan nu geus nambahan deui.
“Baruk kitu kajadianana? Deudeuh teuing jalma nu teu tuah teu dosa dijieun parépéh. Sugan téh asal jalma wé, ari pék geuning kudu jalma nu keker jeung séhat. Beu, beu! Tapi bisa jadi ogé ambéh kuat bendunganana parépéhna kudu ku nu kaleker, ari ku nu létoy mah wangunanana gé moal kuat!” Néni ngilo tulisanana téh bari jeung kumecrék.

Sabot Néni keur ngilo, indung jeung bapana geus balik ti kamar mandi.
“Sisinarieun hudang wayah kieu,” ceuk bapana.
“Muhun anéh ogé nya, Pa!” indung Néni ngilu ngomong.
“Hoyong atos wengi ieu, mung aya nu anéh ieu téh.” Jawab Néni.
“Anéh naonna?” bapana nyampeurkeun.
Barabat Néni nyaritakeun nu kaalamanana. Nyaritana teu dikurangan, teu dileuwihan.
“Baruk? Ké atuh apa rék solat heula. Engké dibaca ku apa,” ceuk bapana.
“Sareng atuh netepanana, abdi badé abdas heula. Mung ka jambanna hoyong disarengan ku Mamah kalih Apa!” kituna téh Néni bari cengkat tina diukna.
“Leuh ieu mah bet jadi borangan,” jawab bapana. Tapi teu burung wé nganteur nu jadi anakna.

Réngsé solat, bapana Néni nyokot korsi dua, ditunda gigireun korsi paragi diuk Néni ari kutak-ketik.
“Mah, ninyuh kopi!” bapana Néni ngajurungkeun pamajikanana. Nu dijurungkeunana teu kalékéd, léos ka dapur.

Sajeroning indungna Néni nyieun cikopi, bapana ngilo tulisan.
“Jadi ieu téh lain meunang Néni?” sanggeus réngsé maca bapana nanya ka Néni.
“Kéngéng abdi sakieu! Kanggé énjing kumaha, Pa? Abdi mah sieun masihkeunana gé. Heug wé dibenyéng ku budak laleutik baladna Suganda. Hiy…!” Néni nunjuk bari terus ngabirigidig.
“Keun isuk-isuk apa rék Pa Ustad Hamli, urang ngumahakeun ka anjeunna,” walon bapana Néni.
“Saé, Pa. Abdi janten reugreug!” jawab Néni, ngarasa bungah bapana rék ménta tulung ka ustad nu geus kakoncara tukang ngarapihkeun nu maot marakayangan.

Isuk-isukna Bapana Néni geus indit nepungan ustad dibarengan ku Néni. Sanggeus dibéjér-béaskeun, ustad nyarita:
“Urang ayeuna wé ka ditu, meungpeung teu acan siang!”
“Ngabantun naon atuh? Pan aya panyungkeunna,” ceuk Néni méméh cengkat tina diukna.
“Teu kedah nyandak nanaon,” walon ustad dibarung mésem.

Teu sawatara lila, geus narepi ka bendungan. Pa Ustad Hamli kunyam-kunyem bari panonna melong kana ulekan cai. Can gé Pa Ustad Hamli tamat ngadu’a, ari punyunghul téh oray sanca batik sagedé pingping kolot. Néni molotot bakating ku sieun ningali oray bangun rék naék kana témbok bendungan. Sedengkeun Pa Ustad Hamli terus mapatkeun élmuna, dampal leungeun duanana namprak ka luhur. Teu sawatara lila. “Allohu Akbar…!” Pa Ustad Hamli ngagorowok bareng jeung dampal leungeunna diheumbatkeun ka handap pas lebah oray pisan. Burial cai nu dina bendungan tingburial, oray nambahan aya puluhna. Teu kungsi lila cai ujug-ujug tenang deui.

“Sing ditarima iman jeung Islam, dihampura dosa-dosa maranéh. Alfatihah…!” sora Pa Ustad Hamli ditarikkeun. Bapana Néni jeung Néni langsung maca fatihah.

“Alhamdulillah, mugia teu aya nu nyiliwuri ngaku-ngaku nu dijieun parépéh. Ieu sadayana kalakuan jin nu sok diogan ku jalmi nu sasar!” ceuk Pa Ustad Hamli waktu réngsé ngadu’a.

“Baruk, atuh abdi katipu nya, Pa?” ceuk Néni bari ngajak balik.
“Numawi ulah percanten teuing ka nu mistis, éta sadayana jijieunan jin!” jawab Pa Ustad bari baralik.
Bapana Néni ogé Néni teu langsung balik ka imahna, maréhna ka teun Pa Ustad Hamli, deuk nganuhunkeun bari sakalian nanyakeun perkara carpon.

Haté Néni reugreug, carpon téh meunang dikirimkeun.*** Gunung Leutik Ciparay

#Mbi Eni Setiani (Mangle no. 2758)

Carpon SundaWhere stories live. Discover now