Ngadagoan Ema

0 0 0
                                    

Umurna kira-kira lima atawa genep taun. Mindeng uulutudan keneh mun ulin di buruan atawa di pipir imah. Karesepna ngala undur-undur atawa nalian lege, anteng ari geus kitu teh.

Sapopoe ngiclik nuturkeun emana, euweuh batur ulin nu sejen, ma’lum jaman harita, imah di pilemburan ancal-ancalan keneh. Demi kasab emana, dagang kukuluban, kayaning kulub hui, kulub cau, kulub suuk jeung kulub sampeu. Dibawana, diais dina boboko jeung disuhun dina nyiru, dituruban ku daun cau. Dagangna tara matuh, kitu we sapanjang Dagoweg, pangjauhna dagangna di Rembrandt plain hareupeun Gedong Hebe. Bubuhan didinya sok loba nu arulin, atuh ka beh kalerna aya lapangan bisbol, urang dayeuh ge bareukieun kana kulub hui jeung kulub suuk.

Ari balikna, mun dagangan geus meh beak, leumpang ka tonggohkeun, nyacat sapanjang Dagoweg, teuing lebah mana lemburna mah, teu apal.

Teu cape, najan kakara umur lima atawa genep taun, leumpang jeung emana mah da loba eureun, loba nyimpang. Nyimpang soteh nawarkeun kulub hui atawa kulub suuk ka imah gedongan nu aya di Dagoweg, ambeh isukan tinggal nganteurkeun.

Jaman keur werit atuh, sagala ge hese, peperangan dor dar keneh ngalawan soldadu Walanda nu hayang ngawasa deui. Nu usaha kana dagang teh beunang diitung ku ramo leungeun, komo mun dagangna ka dayeuh.

Leuheung emana mah gede kawani, meureun bakating ku butuh keur pangupa jiwa jeung ongkoh boa teu nyaho kaayaan jaman nu geus mimiti robah . Ari bapana mah teuing kamana, da asana can kungsi panggih. Kungsi ngadenge cenah bapana teh diirid ku Jepang, kudu milu romusa.

Di hareupeun Gedong Hebe, jalma pagaliwota, bangsa Walanda, cenah jeung bangsa Inggris, teu bisa ngabedakeun da sarua bulena, sarua harelung jangkungna. Lolobana make saragem soldadu, aya deuih soldadu nu semu hideung, sok disebut Gurka. Jol deui sababaraha treuk, tarurun di Wilhelmina Boulevard. Emana mah paciweuh ngaladangan nu meuli, aya Walanda, aya Gurka, nu siga bangsa urang ge aya. Paciweuh, dagangan laris. Paciweuh, sakeak dagangan geus beak.

Emana beberes, ngeprukeun boboko jeung nyiru, samping kebat paranti ngais boboko dikebutkeun, rek balik.

"Ujang, tong kamamana, dagoan sakeudeung, ema rek ka cai heula."

Sakitu nu kadengena teh. Boboko, nyiru jeung samping kebat ditinggalkeun.

Diuk bari nungguan boboko jeung nyiru nu eusina geus ledis. Pleng emana teu embol-embol. Kamana ema, kunaon ema. Euweuh beja. Teu nyaho ema ka mana, teu nyaho ema ku naon.

Ngadagoan ema ti beurang nepi ka peuting, ti peuting nepi ka beurang deui.

Diuk, cingogo, nyempod, peureum, beunta. Sare didinya, kaibunan, kahujanan, kapanasan. Isukna, pagetona, emana euweuh beja.

Kedepruk sora sapatu, aya Walanda nanya.

Jawabna ngadagoan ema. Ditanya saha ngaran, jawabna Ujang. Ditanya padumukan, jawabna gideug, ukur nunjuk ka beulah kaler. Ditanya ngaran ema, jawabna gideug, ukur nyebut ema. Ditanya ngaran bapa, jawabna gideug, ukur nyebut bapa.

Kusiwel Walanda ngaluarkeun keretas, ditulis wachten op moeder, di handapna aya tulisan ngadagoan ema.

Dititah supaya asup ka gedong Hebe, ngahunted bari nyebut ngadagoan ema. Dibawa kana mobil soldadu, embung kalah ceurik gogorentelan bari ngomong ngadagoan ema.

Saminggu euweuh beja, sabulan euweuh beja, sataun euweuh beja. Mangtaun-taun euweuh beja, kamana ema.

Boboko, nyiru jeung samping kebat paranti ngais geus leungit teuing ka mana. Barang dahar sakapanggihna, nginum sakapanggihna, baju rawek, beungeut lodro.

Diuk cameot ngadagoan ema. Mun aya nu nanya ukur nembongkeun tulisan urang Walanda, tulisan ngadagoan ema. Dahar cukup sangu sabungkus deungeunna saaya-aya, mimindengna ukur jeung uyah, manggih lauk asin teh kaitung mayor, teurabna ge dua kali. Dahareun teh pamere ti nu haat. Emana euweuh beja.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now