Harga Diri

0 0 0
                                    

Lila Kardi ngajengjen, nungguan kasempetan anu hadé. Najan kudu pasesedek jeung batur, kapaksa nagen. Karasa, hawa di dinya rada nyongkab. Tapi Kardi maphum, lantaran lalaki-lalaki nu ngariung sabudeureun kalang, sumedeng disundutan birahina. Ngentab-ngentab dina dadana, di saawak-awakna.

Tapi tukang kendang, tukang kecrék, jeung tukang goong mah kawas teu kabawakeun. Beungeutna angger carakueum, taya parobahan. Kitu deui sindén-awéwé geus tengah tuwuh-udat-udat péot kulit beungeutna, némbongkeun kawas nu tunduh; kawas bosen ningali adegan hareupeunana.

Sabudeureun kalang, hareupeun lélang, rada paroék. Ukur kacaangan ku patromak nu digantungkeun na tihang awi di tengah kalang, jeung ku lampu-lampu cempor tukang kacang, és, jeung tukang kuclak.

Tatabeuhan geus teu pati motah cara mimiti. Ayeuna mah dirincikkeun, diantarékeun. Kawasna mah tadi téh natalu. Atuh awéwé-awéwé nu karandel ku wedak, geus loba nu larbus kaluar asup kalang. Ditoél ku lalaki, indit, sarta teu lila bus deui ka kalang, bari buuk, wedak, jeung lipen katara kusut jeung daradas. Sok, nyimpen duit kana kotak nu geus dibagi-bagi dinomeran, nu ditungguan ku lalaki tengah tuwuh, sarta dina beuheungna nyampay anduk leutik.

Geus nyimpen duit dina kotak, luyu jeung nomer-nomerna mah, awéwé-awéwé téh nyalisiran deui, dilipen deui, ngarampayak deui, sarta nungguan aya nu noél deui.

Awéwé nu rarampayakan téh, kaitung ngarora kénéh. Malah aya nu budak kénéh pisan, kira umur lima belas taunan. Nu kaitung kolot mah meureun ngan nu itu wungkul, nu dikaos konéng jeung dianderok belang, sarta nu buukna kiriting. Mun diiker-iker, pantes mun geus boga anak opat téh.

"Ikah, Kang Andung hayang deui cenah. Tapi geus teu boga keur bayareun, ngan kari sarung jeung calana!" ceuk salasaurang nu lalajo, disambung ku nu saleuseurian. Nu disebut Ikah, ukur ngadilak bari tuluy ngarampayak.

Kardi wuwuh ngentab dadana, ningal Ikah laris pada noélan ku lalaki, sarta tuluy dibawa nyalingker ka nu poék. Najan enya ku manéhna teu katénjo keur kumaha Ikah jeung lalaki nu mawana, tapi écés kagambar dina wangwanganana.

Mémang, sakuduna manéhna euweuh hak deui keur milu ngurus kalakuan Ikah. Tapi dina hal ieu, dihenteu-henteu ogé, kapan saméméhna boga tatali batin. Jeung nu leuwih penting ti éta, aya urusan nu aya patalina jeung kahormatan, nu kudu diréngsékeun jeung Ikah, popotonganana.

Hiji mangsa, Ikah geus norojol deui ti nu poék. Sakumaha biasa, ledak deui diwedak gigireun tukang kendang. Dilipen jeung nyisiran, jung nangtung, réngkénék ngarampayak deui. Milu ngurilingan kalang jeung batur-baturna, kawas barudak nu keur ulin oray-orayan. Némbongkeun beungeut, nawarkeun kasempetan ka lalaki nu keur ngagimbung ngalalajoan. Keur kitu pisan, Kardi bus ka kalang, tuluy noél Ikah.

Ikah ngalieuk. Katingal pisan parobahan riuk beungeutna, tina imut leutik rey-reyan jadi colohok barung ceuceub. Rék engab pisan pok, kaburu peupeuteuyananana dikenyang ku Kardi kaluar ti kalang.

Teu bisa majar kumaha. Ari kudu ngadon cékcok di kalang mah piraku, meureun pada ngalalajoanan ku nu lian.

Sanggeus anjog ka nu rada singkur jeung poék, "Nanaonan sia téh?" Aing mah embung ngalayanan sia. Leupaskeun! Teu sudi aing mah. Kajeun teuing milih nu bohak batan jeung sia mah!" Ikah kukulutus bari teterejelan.

"Ngajedog, aing rék ngomong!" Témbal Kardi teugeug.

"Urusan naon deui? Kumawani teuing sia mamaksa aing. Manasina aing jadi pamajikan sia kénéh."

"Jempé!'

"Percumah, ngabébéak waktu usaha aing baé! Halik leupaskeun, aing keur néangan duit keur setor ka Si Abang."

"Mun perlu ku aing dibayar," Kardi embung éléh.

"Sabaraha sia rék mayar aing?" Ikah ketus, "Na teu seubeuh sia nyiksa aing ti keur reureujeungan kénéh?"

Carpon SundaWhere stories live. Discover now