Nyekar

0 0 0
                                    

Nyekar téh bada asar. Itung-itung ngabuburit. Ngahaja leumpang, sakalian nyoba kakuatan. Mobil mah dititipkeun di buruan imah Bi Karti. Baheula mah keur umur 10 taunan ka lapang méngbal téh lumpat da sieun teu diajakan sésépakan. Ari astana lembur pan perenahna tukangeun lapang.

Tapi mangsa mah teu bisa dinaha-naha. Umur 10 taun ngabecir nanjak saeutik teu karasa nanaon. Ayeuna mangsa umur 65 taun leumpang sakitu téh loba karasana. Nanjak saeutik nyareri bitis, jauh saeutik ngahégak. Apan ceuk Si Dokter mah basa dipariksa suku alatan asam urat, “Makanan tidak bisa dijaga, olahraga malasnya minta ampun, mau cepet game over, ya?” Dasar, dokter pikasebeleun.

Nepi téh ka astana, pisaminggueun deui ka lebaran mah loba kuburan anu bararesih. Jujukutanana dikoréd. Padungna diberesihan. Malah aya anu dikapur sagala. Bakat ku hayang ngahormat, ngéstokeun, mikanyaah, ka waruga anu kungsi dikubur di dinya. Panyangkana meureun anu aya di kalanggengan téh masih butuheun kabagjaan cara di dunya. Barina ogé kétang, keun baé da anu penting mah rasa nyaah jeung hormat anu nganteng ka anu geus teu aya di kieuna.

Apan sorangan ogé bet ngahuleng sanggeus aya di hareupeun makam Euis mah. Jauh-jauh ti Jakarta ka Leuweung Tiis, lembur singkur sisi gunung Bésér, Sumedang, taya lian hayang nyekar ka Euis. Acan sataun ditinggalkeun ku Euis téh. Ayeuna téh lebaran munggaran. Biasana mah mudik téh angkaribung babawaan da kitu Euis mah sagala ditataan. Kanggo ené ieu mah mukena, kanggo engki itu mah acuk sareng sarung, haturan uwa ieu mah sajadah anu paragi nyarandé téa, kuah-kuéh kaléng mah puguh deui. Kamari mah kuring rasjig téh henteu bohong, teu balanja nanaon keur sorangan gé. Ngamplop wé ka ené-engki, uwa-uwa, amang-bibi, anu marasih jumeneng mah.

“Keur naon sih nyekar? Tapi mun hayang-hayang teuing mah mending ayeuna, sugan can pati macét. Ngarah gancang ka dieu deui, apan hayang nyaho suasana lebaran di Jakarta téa,” ceuk Ridwan, sobat sapagawéan. Atuh ayeuna, sabada pangsiun, jadi rékanan bisnis anu sumanget pisan. Nyieun perusahaan, ngolo jeung nyogok urut anak buah anu masih ngajabat, ngarah meunang pruyak-proyék ti instansina. Lumayan, aya kagiatan, henteu post power sindrome, jeung pangasilanana apan bisa gunta-ganti mobil atawa nambahan surat-surat berharga.

Kitu, ngarah salsé, mudik masih anggang ka lebaran téh. Maksud anu utama mah da enya hayang nyekar ka makam Euis, itung-itung ningalikeun rasa nyaah téh teu bisa pegat najan geus dipisahkeun alam ogé. Tapi abong jelema saumur-umur tara pirajeunan nengetan prak-prakanana anu ngadu’a atawa anu nyekar, di hareupeun makam Euis mah ngadon ngahuleng. Naon atuh anu kudu didu’akeun téh?

Kuring cingogo, bari nyabutan jukut bari ngagerendeng, “Euis, Akang datang ayeuna nyekar. Ngawurkeun kembang jeung cai hérang. Saukur pananda jodo urang henteu pegat najan dipisahkeun ku alam. Urang mah dijodokeun ku Pangeran. Enya, hiji waktu urang bakal ngahiji deui. Enya, Akang bakal nyusul ka alam padang poé panjang, da saha atuh anu bisa meruhkeun mangsa.”

Aya anu nyéak dina punduk basa ngagerendengkeun anu panungtung mah. Enya, saha atuh anu bisa meruhkeun mangsa? Ceuk dongéng, aya raja anu bakat ku hayang ngabuktikeun kajayaanana, moal keuna ku pati, manéhna asup ka jero peti beusi, dielas rékép pisan, ngarah teu kadatangan malakal maot. Meureun raja téh mikirna kawas urang, dunya anu saukur bisa asup lamun aya lolongkrang, da apan malaikat maut mah henteu dibeungbeuratan ku wujud.

Kitu minangka ngadu’a téh. Terusna mah ngahuleng di hareupeun makam Euis. Hampura, Euis, Akang mah angger cara baheula, teu terang kumaha carana ngadu’a. Nyekar ogé apan anu enya-enya kahayang tina kereteg ati mah kakara ayeuna. Ka makam kolot ogé apan tara pirajeunan nyekar. Lamun kaparengan mudik terus nyekar téh apan bané waé diajak ku engki ieu atawa uwa itu. Ari teu aya anu ngajak mah geuning mending kénéh leuleumpangan ngalanglang pamandangan lembur.

Bet pirajeunan macaan tulisan dina padung. Icoh binti Ijo, lahir 15-4-1943 wafat 12-5-2011. Genep puluh dalapan taun leuwih, ceuk haté. Irnasan bin Marta’i, lahir 18-12-1940 wafat 21-9-2013. Tujuh puluh tilu taun kurang, ceuk haté deui. Riki, lahir 19-9-1989 wafat 11-1-2019. Ngan tilu puluh taun, gerendeng téh. Beuki manjang utang-itung beuki rupa-rupa ari umur. Aya anu salapan puluh taun aya anu salapan taun.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now