Élegi Pandemi

0 0 0
                                    

Kunaon langit daksakala ngungun? Basa kuring nyingraykeun hordéng meueusan. Can burit-burit teuing. Malah karék liwat tunggang gunung. Panon cepel banget ku tunduh, da sapeupeuting kurang saré. Hayang geura langit diringkeb ku poék, sangkan bisa geuwat diharudum simbut dipépéndé di alam pangimpian. Tapi naha ieu haté bet seseblakan waé? Na rék aya naon atuh, Gustiiiii, teu sadar biwir ngagerencem.

Ti hudang saré Subuh, masih maké baju nu sarua. Kahandapanana calana léjing kaos coklat. Atuh kaluhuranana, baju gombrang sipon oranye paselang bodas konéng. Ipis pisan, malah kutang katémbong. Nepi ka anjeun mah tadi nyenghél ngabandungan kuring maké baju carang. Ma’lum salila mangsa pandemi, mimindengna nyangcang diri di imah. Tara pisan ka mamana.

Malah ka dulur ge arang nganjang. Kitu deui ka imah anjeun, da teu matak ngésang mun kudu ngajugjug ka dinya, moal nepi ka tilu puluh léngkah. Tapi bet teu wasa suku rék ngaléngkah. Beurat waé. Sakapeung boga rasa boa ku dulur dianggap jolédar. Nya, anjeun. Lanceuk kuring. Sarua awéwé. Urang téh adi lanceuk. Silipikanyaah salila kumelendeng di alam dunya. Urang geus jangji, baris silipihapékeun. Nya, da karasa kanyaah anjeun.

“Apan amanah Amih, Amoy kudu ngajaga Cucu,” ceuk anjeun hiji waktu. Amoy téh nénéhna. Da ngaranna mah Lina Marlina. Diamoy-amoy téh sabab bihari mangsa rumaja, remen ririwit tur rupa anjeun sarérétan mah siga urang Tionghoa. Anjeun, enya gé lanceuk kuring, tapi sok nga-Amoykeun. Atuh kuring ge sarua sok nyebut Amoy, tara maké ‘Tétéh’. Keur mah meureun ku kolot urang teu ditétéh-tétéh, jadi kabiasaan wé nepi ka reuay budak.

“Nya, Moy… urang téh rék jeung saha deui silipihapékeun ari lain jeung dulur mah,” kitu kuring milu negeskeun. Da jeung enyana. Amih kungsi ngawawadian, di mana kolot maranéh geus taya di alam dunya, wayahna kudu bisa silipikanyaah, silipikahéman, tur silibélaan. Ungkara Amih harita ngejelenging kana puhu ceuli nepika kiwari. Najan Amih geus tiheula ninggalkeun urang, méh salapan welas taun kalarung.

Matak, anjeun sajaba ti hiji lanceuk nu béla, ogé minangka tangtungan nu kudu digugu ku kuring. Dina ngambah rumahtangga, kuring guguru ka anjeun.  Duh, Gustiii, naha bet inget waé ka anjeun? Hayang ka imah anjeun, tapi deui-deui kakurung ku kawegah. Naha kuring bet sono-sono teuing ka anjeun? Apan poé ieu pisan, nepika dua rintakan anjeun nepungan ka dieu.

Ngadon ngawawaas dina korsi beureum. Nyorangan. Barudak tilu aya di kamar. Nu cikal mah milu ka bapana sakalian migawé tugas ti kampusna. Kuring diuk dina korsi nu nyarandé kana témbok. Saprék kakurung mangsa pandemi nu matak ngageunjleungkeun saalam dunya, kuring nyasat ngurung diri di imah.

Teu reureuh warta dina layar kaca ngeunaan nu katerap corona malah nepi ka maraotna, teu ieuh dijadikeun pikir. Éstuning bamblas. Tara hayang mirengna.  Nepika tadi isuk-isuk. Aéh, teu isuk-isuk pisan kétang. Kira mangsa rumangsang, anjeun norojol. Laju diuk dina ubin sarua jeung kuring nu keur ngaréngsékeun pakéan licineun nu saméméhna ngahunyud. Anjeun muka guneman, ngawawadian sangkan kuring sakulawarga ngajaga kaséhatan nyieuhkeun virus nu ngabahlakeun saréréa.

Basa urang ngawangkong, aya salaki, aya sakabéh budak milu ngabandungan da anjeun mah ari ngawangkong téh sok aléwoh dibarung ku pepeta. Pangawakan anjeun nu jangkung gedé, nu teu weléh payus maké pakéan kukumaha gé, awak sampayeun téa, kaluhuranana kelir konéng enay, kahandapanana calana hideung. Ari buuk diantep ngarumbay teu ditiyung saperti sasari. Pameunteu anjeun aya ku nyari. Asa béda tetempoan. Ari geulis mah, nya anjeun geulis bawaning ngajadi. Pakulitan bodas beresih, anak Amih mah anjeun nu kulitna pangbodas tur beresihna.

Basa salaki amitan rék ngajugjug tempat gawéna, anjeun gé amitan bareng jeung kuring nu cengkat tina pangdiukan ngararasakeun kacapé. Laju kuring solat lohor. Rék masak banget ku wegah. Sangu mah gedé. Atuh deungeunna, barudak bisa nyeplok endog ku sorangan. Da ceuk anjeun gé, amun horéam mah, ulah kudu maksakeun. Saaya-aya.

Carpon SundaWhere stories live. Discover now